WSAB: August 2005

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, August 23, 2005

Odading

Abdi resep pisan odading. Panginten, seueur oge urang Sunda anu resep tuang odading. Basa di SD, odading teh jajanan karesep abdi. Ayeuna oge, resep keneh ngaraosan odading.

Pun Nini kantos ngadongeng ka abdi, asal usulna kueh eta disebat odading.
Saurna teh kieu.

Kapungkur, basa VOC masih ngajajah urang… seueur urang Belanda anu netep di Bandung.
Kasebat aya nu ngicalan kueh…
“Kueh… kueh…”

Hiji Noni Belanda nyauran si emang nu ngicalan kueh.
“Naon ieu teh, Mang?” si Noni naros.
“Hmm…” si Mang bingungeun, da teu kapikiran naon nami kueh anu didamelna.
“Ooo… Dat ding*…” saur si Noni sabari nunjuk ka kueh.
“Oh! Muhun… ieu teh odading!”
*Ooo… dat ding = Oh! That thing

Janten eta asalna timana nami odading teh.

--
regards/ Ninit www.istribawel.com www.kamarcewek.com

Friday, August 19, 2005

Dilema (non)-TKW

Ieu teh pangalaman pribados, Upami aya nu sami nami sareng alamat, eta mah sanes dihaja, punten wee nya. Heuheuy!

Geuning pindah ka Singapura teh teu sapertos nu dibayangkeun. Sarwa hebat, sarwa ginding, sarwa sagalana lah. Ih ceuk saha? *kiceup-kiceup* Aya hiji dilema abdi di dieu, sering disangki TKW....aduuh Gusti, sanes kukumaha, tapi di dieu teh TKW sok diremehkeun ku warga asli. Komo barudak abdi teh bararodas siga bapana, benten sareng emakna. Hehehe.

Di Jakarta oge abdi sok disangki nikah ka Chinese, kumaha di dieu. Hahaha... Komo deui abdi ngangge jilbab, ah tos lah, kumplit we eta mah. TKW mode on! Padahal di dieu eta para TKW nganggo acuk oge teu pararuguh, eta calana sanes calana pondok deui, saking pondokna.. meuni geuleuh ningali na oge!

Puncakna dina minggon kapengker, haritana teh abdi ka dokter gigi, pas di payun dina meja susterna, abdi dipiwarang nyerat appointment hoyong kaping sabaraha tiasa balik ka ditu deui. Abdi teh bingung, nu kapikir teh kumaha budak di bumi nya, teu aya nu ngajaga. Teras abdi teh sasauran ka manehna:
"I have two children at home, so I'll contact you later to make this appointment."

Eh geuning ari pok teh manehna sasauran kieu:
"OK, You better talk to your majikan first.."

Hah? Naon? Dunungan? Dunungan saha? Gustiii... Jadi abdi teh disangka TKW deui? Ieu teh kedahna marah atawa seuri nya? Teras abdi sasauran,
"No, i'll talk to my husband first."
"Oooh.. you're husband here also? Work here?"
"Yes, of course.."
"Oooh, sorry.. so the children...?"
"Yeah, they are my children!!"
"Ooppss.. sorry!"

Manehna balem. Isin.

Uggggh... teu acan ngaraosan ditabok jelma sakampung meureun nya? Hahaha. Teras abdi nyarios ka caroge. Ih anjeuna keuheuleun pisan,
"Mestinya Bunda protes biar mereka tahu diri dan tidak membeda-bedakan orang dari predikat dan statusnya.."

Ah, enya ah.. Abdi bade protes engke mun balik deui kaditu. Tapi kumaha mulai na nya? Teu puguh atuh lamun ujug-ujug abdi protes.

Nah, pastina sanes abdi wungkul nu gaduh cerita kieu, seputar TKW, kumargi seueur rerencangan abdi anu sanes nu sami nasibna. Aya nu leuwih parah. Pang seueur na di imigrasi cenah. Mun teu katingali ginding sareng eta panangan teu katutup sareng emas sagede-gede baliung, tah pasti disangka TKW! Saha anu gaduh tips and tricks supados abdi teu disangka TKW deui, mangga diantosan ku abdi.. *kiceup-kiceup atoheun*

by Inong

Monday, August 15, 2005

Jodo Mah Jorok

Ibu-ibu,

Kamari, artikel ngeunaan emameun khas sunda, undak usuk basa sareng artikel ngeunaan ikon wanita sunda nu matre tea, atos disayagikeun nya di blog WSAB ieu.

Tah ayeuna mah, sok ah geura ngararacung, saha nu pernah nguping paribasa “JODO MAH JOROK”?

Ah, sigana mah saha wae nu ngangken urang sunda asli mah pastina uninga nya kana paribasa nu hiji eta teh. Jodo mah jorok. Hiiyy asana teh kumahaa kitu nya? Hihi.. Padahal mah asa tara ameng kana leutak tah si jodo teh? Hehehe naha bet disebat jorok atuh nya.. karunya teuing si jodo teh.

Janten emut kana pangalaman pribados yeuh upami nyarioskeun ngeunaan si jodo ieu teh.

Mangkukna mah, asa teu kabayang sakedik-kedik acan bade gaduh caroge urang Jawa.. :P Asa teu hoyong pisan, kitu tah! Hihihi maap, Mas! :P

Asa emut keneh waktos harita teteh abdi nikah sareng urang jawa.. hahaha ngan dipoyokan we eta dahuan teh ku abdi! Hihi bari jeung nyebat kieu ka si teteh teh, “Teh, uyuhan ih nikah jeung urang jawa! Teu hayang teuing ade mah!”

Da baheula mah asana teh kumaha kitu nya mun berhubungan (bobogohan-red) henteu sareng urang sunda deui teh (hihi maap, rasis! :P). Maklum, popotongan abdi mah ampir sadayana oge urang sunda.. hihihi. Mung ieu we yeuh nu misleuk hiji teh.. janten caroge, deuih!

Atos mah kenalanna teu kahaja liwat internet(bobogohan antar benua tea geuningan..hihi), eehhh sareng urang jawa deuih?! Hahaha leres pisan eta paribasa “jodo mah jorok” teh! :D

Asa teu kabayang we bakal ngalaman hirup babarengan sareng caroge nu beda budaya. Ngalaman lah rada reuwas sakedik mah basa dilamar ku si Mas harita teh. Hihi.. kabayang keneh, kulawargi irma nu biasana hareureuy gelo teh ujug-ujug pada diam terpaku tea waktos kulawargi na mas yoga darongkap ka bumi kanggo ngalamar. Huehuehehehe.. aneh we lah pokona mah ningalina. Pembawa Acarana oge heraneun.

Da biasana mah kulawargi Bapak Endang Rahmat teh asa pangramena, ceunah!? Hehehe.. Atuh MC-na teh naroskeun ka rama abdi, kunaon jempe, pa Endang? Jawabanna teh, hihihi.. sieun lepat, ceunah.. bilih bahasa Indonesia nu kaluarna campur sareng basa sunda ceunah! Hahaha dasar si Abah! :P

Tapi.. alhamdulillah 'nya, nu karaos ku abdi mah, dugi ka dinten ieu teh (mugia salawasna) salamet, teu aya halangan nu berarti dina hubungan beda budaya antawis abdi sareng caroge abdi teh. Sanajan sok aya lah sakedik-kedikeun mah nu menyulut perang mulut ngeunaan beda budaya ieu teh.

Hihihi ma’lum, caroge abdi mah sanajan ngangkenna urang jawa oge, da saumur hirupna teh (ti borojol dugi ka ageungna) linggih di bogor.. janten teu tiasaeun pisan kana basa jawa teh.

Jadi yaaa jangan salahkan diriku kalau dirinya selalu terpengaruh dengan bahasa sunda dalam keseharian kami sekeluarga. Apalagi kalo si mamanya Syifa ini udah ngomong sama Assyifa. Hahaha protes keras tah caroge abdi teh! Hihihi.. alesanna teh saurna, kita kan idup di Indonesia atuh Ma.. jadi ngomongnya pake bahasa Indonesia aja! hahaha sok kitu ‘nya ai teu bisaeun basa jawa teh. :P

Percanten lah, pasti aya diantawis ibu-ibu WSAB ieu nu gaduh pangalaman nu langkung heboh ngeunaan si jodo nu jorok ieu teh (teh Roro, teh Ophi, kita senasib ya? hihi). Komo deui jiga Nia atanapi Deasy, nu ngalaman gaduh caroge beda bangsa beda budaya. Hehe.. seru pisan tah jigana mah!

Tos pasti mah urang-urang teh satuju pisan lah nya kana Bhineka Tunggal Ika! :D


=Irma tea=

Monday, August 08, 2005

Ikon Wanita Sunda

Ikon wanita sunda saurna mah nu someah,
kulit hade (bodas), meles, tapina matre...hmmm

kumaha pendapat parawargi, berikut beberapa wawancara :

******
Enda Nasution, ayah Batak, ibu sunda, yuswa nembe atos 30, blogger sejati, gaduh istri sunda hebring (hai Nita..hihihi), putra meuni lucu, lokasi Thailand Benua Asia

Ophi: Enda, mau diwawancara sama WSAB yah siap2..ini...dia... Ikon wanita sunda saurna mah nu someah, kulit hade (bodas), meles, tapina matre...bagaimana pendapat anda...atau punya pendapat lain? sunda yah kasar ge teu nanaon

enda_001: hehe

Ophi: tong hehe buru jawab hihihi

enda_001: dina pendapat abdi mah teu uninga abdi teh kana ciri spesipik dina wanita sunda, ku kitu jeung ku kieuna, leres?

Ophi: yeyyyyy, btw bhs sunda nya keren pisaaaannnnnnnnnn

Ophi: tambihan atuh kang saeutik weh lah...pan ibu sareng istrina sunda..nu ttg matrena tea..nya

enda_001: tah jigana nuju hoki weh abdi teh, da teu karasa soal matrena teh
enda_001: ganti

Ophi: oke dehhh makasih yahhh

enda_001: sawangsulna hehe

******
Arif Perdana, ayah sunda ibu jawa, yuswa bade 30 taun, sepupu abi
hihi KKN, sobatna Irma, lokasi Bandung Benua Asia

Ophi: Awis, bade diwawancaranya ku WSAB (blogna wanita sunda) sakeudik da..ieu tah..Ikon wanita sunda saurna mah nu someah, kulit hade (bodas), meles, tapina matre..kumaha ceuk awis?

aperda: keheula teh
aperda: memang ada beberapa yg matre
aperda: dlm artian memilih lelaki yg jls sumber keuangannya

Ophi: lajengkeun..wis...bahasa sunda atuhh....

aperda: duh abdi teh bade neda siang teh
aperda: tos diajakan ku rerencangan

Ophi: ya udah atuhhh..daaadaah salam ka rerencangan hihihi

aperda: ngke dilajeng deui

aperda: hatur nuhun

aperda has signed out. (09.08.2005 07:08)

******
Moh. Bayu Nurwicaksono, Jawa abis, yuswa 30 taun, sayang istri, suami sayah (euh KKN deui), lokasi Bonn, Benua Eropa

Abdi: Paaah..(eudeeuh meuni mesra) , wanita sunda katanya kulit bodas mulus, someah tapina matre..bener ngga pah?

MB : Ngga bisa disamain, susah, yang pasti istri saya tidak matre, tidak putih dan cerewet

Abdi:Ih geuleuh..(perasaan teu aya pertanyaan cerewet deeeeh)

******
Hardian, yuswa 29 taun, lokasi Jakarta, Benua Asia, via Nurul...

Ophi: wawwww udah mulai cuti hamli?

nuruldi: heiy neng
nuruldi: ah henteu ateuh..cuti nganter suami, dia ada seminar di bali, yaaa sebagai istri ngiringan ngingintil lah kaditu, tumben ol jam segini

Ophi: hebadddd, ini di rumah, hr ini ga ada kerja, mau jalan2 bareng temen kampus, hihihi
Ophi : nurul ada teman lelaki bukan orang sunda ngga di kantor sekarang?

nuruldi: hebring ya neng ophi teh..kuliah bari didamel

Ophi: ehh kuliah teh sama dengan kerja maksudnya kan peneitian bukan kuliah2 deui...begituh....tanya satu pertanyaan aja yah
Ophi: buat WSAB, hehe, kalo bisa mah yag bukan orang sunda, Ikon wanita sunda saurna mah nu someah, kulit hade (bodas), meles, tapina matre...bagaimana pendapat anda...atau punya pendapat lain? dijawab disini aja..., plus ciri2nya..umur, asal dan nama kalo boleh..mau ditampilkan gituh, bilangin keren lah..masuk WSAB hihihi,

nuruldi: kumaha kumaha, ada sih cowo sunda tp hideung, hehehhe
nuruldi: eh tapi kakak iparku orang sunda asli pisan ti pamengpeuk bodas, jiga ari wibowo
nuruldi: kl yang hideung itu mah temenku sekarang kerja di bandung, nyunda abis lah

Ophi: hahhaha...bukaaan itu nanya sama temen kantormuh, lagi di kantor bukan? pendapatnya tentang wanita sunda yang katanya halus dan matre..jawabnya mah sekalimat ajah..boleh...buat WSAB gt...nama dan umur dicantumkan..ditulis langsung disini aja

nuruldi: ohhhhhhhhh, hehehhe
nuruldi: ini ada namanya Hardian, 29 tahun, katanya wanita sunda: fisik: seger, dan adem
nuruldi: hati: penurut, tapi jeleknya gampang dipengaruhin ceunah

Ophi: oke dehh nuhun nya, ieu bade dicopy paste percakapan YMna..salam nya ka ipar nu siga Ari Wibowo tea..hihi...sekalian pamit nya bade siap2 ka jalan2 tea, selamat cutii...

nuruldi: hahahah, aya di FS abdi da namina ari oge, manggaaaaa

Ophi: oke deh ngke dikeceng...daaahhhhh

nuruldi: nuhunnnnnnnnn
nuruldi: met jalan jalan

*****
Para wargi....Sakitu heula ti abdinya...neng Ophi iteung tea...nuhun ka nu atos diwawancara...upami aya nu nambahan hasil wawancara tiasa nulis di komen...okehhh...manggaaaaa

Tuesday, August 02, 2005

Ngeunaan Basa Sunda

Wewengkon
Parantos kauninga yen Basa Sunda anu diangge di wewengkon Jawa Barat sareng Banten dibagi deui kana sababaraha wewengkon leutik, nyeta:
- Priangan: Bandung, Ciamis, Tasik, Sumedang, Subang, Garut, Bogor, Purwakarta, sabudereunana
- Banten: Banten sabudereunana
- Kacirebonan: Kuningan, Cirebon, Majalengka, Indramayu, sabudereunana
(LBAL=lereskeun bilih abdi lepat=CMIIW)

Pangkakoncarana sunda priangan, sigana pedah diangge di Bandung, Paris van Java tea. Sagedengeun ti eta, wewengkon priangan teh baheula ditempatan ku para pangagung anu kawentar anu ngenalkeun basa sunda ka luar sunda. Janten, urang priangan sok radi imut pami ngadangu basa sundana Banten atanapi sunda pasisir kaler anu kapangaruhan ku basa jawa (dicandak ku para nelayan ti wetan).

Undak Usuk Basa
Aya 3 undak basa dina basa sunda, dibentenkeun palebah nerapkeunana. Biasa disebat: undak usuk basa.
- Kahiji, anu lemes. Diangge pami ngobrol sareng anu saluhureun (yuswa atanapi harkat sosial) atanapi ngobrol sopan sareng anu sapantar.
- Kadua, basa loma. Diangge dina obrolan sapopoe sareng anu sapantar (umur boh harkat sosial). Tingkatan basa ieu oge diangge dina surat kabar, karangan, atanapi seratan2 kanggo dibaca ku umum.
- Katilu basa garihal. Diangge ka anu sahandapeun, saleutikeun atawa jang sato. Basa garihal disebat oge basa kasar.
Aya budak nyarita ka ibuna, mana anu ceceg:
1. Ibu, gogog nuju tuang
2. Ibu, si tumang keur nyatu

Ah, pastina oge parantos kauningan kusadaya WSAB. Ngan kumaha tah prak-prakanna? Ieu mah sakedik umpama, diangge dina kalimah ngarah kahartos.
Bapa nuju tuang
Abdi alim neda
Embe keur nyatu

Bapa angkat ka pasar (ih, ka kantor biasana oge bapa mah :))
Abdi mios ka sakola
Si Juha mangkat ka kebon deuk ngangon embe
Bumi anu kiwa kagungan Ibu Entin (kanggo ka batur mah nyebatna bumi)
Anu palih katuhu mah rorompok (nuduhkeun imah sorangan, rorompok=rompok nu abdi)
Imah si kardun tina hinis (jang batur sahandapeun atawa loma)
Kandang maung (ieu mah jelas jang sato, leres?)

Salira keresa nyandak buku sakieu seueurna? (kanggo batur)
Abdi ngabantun piring salosin (kanggo nyalira)
Si Emod mawa bedog

Nyerat basa sunda
Tah kumaha pami diserat? Sanes nyerat ha na ca ra ka da ta sa wa la, leres...
Anu kawentar kakoncara kajanapria saalam dunya yen ciciren basa sunda teh aya "EU". Sing saha jalma anu bisa nyebut "EU" kalayan bener, hartina geus bisa basa sunda, hihihi... *karunya ka si Mas di rorompok...

Tah mun nyebat tos jago, kumaha mun dipiwarang nulis. Ceuk teori, aya 3 jenis "E" dina basa sunda.
Kahiji: "é" taling siga dina: émbér (aya curek diluhureunna)
kadua: "e" pepet, siga dina: gemes (ih ieu mah sanes sunda), jiga dina... nya dina kecap pepet wee. Matak kitu disebat e pepet oge.
Katilu: "eu", siga nida peuyeum

Tah, pami radi sesah nyerat hiji kecap, ulah gurung gusuh, emutan heula. Sebatkeun eta kecap, naha si sakadang "e" teh siga dina émbér, atanapi siga dina pepet, atanapi siga dina peuyeum.
Umpama,
Aya budak nakal, nu mana anu ceceg:
1. Budak teh teu bener (bener=bageur, leres, sae)
2. Budak teh teu beuneur (beuneur=ngeusi, munel, aya eusian, biasana kanggo pare)Kabayang budak dianggap beuneur... hihihi...

Kuring cicing di Amerika, numana anu ceceg:
1. Kuring tumeuteup di Amerika (tumeuteup=memandang)
2. Kuring tumetep di Amerika (tumetep=menetap)
Ih nu kahiji mah hartosna janten: Sayah memandang di amerika (naon ieu teh)

Kuring dangdan di kamber, mana anu ceceg:
1. Kuring ngeunteung di kamber (ngeunteung= bercermin, ngaca)
2. Kuring ngenteng di kamber (ngenteng= ngentengkeung, enteng=ringan, meringankan)

Aya budak mani geulis, mana anu ceceg:
1. Euleuh si eneng mani geulis (euleuh=ekspresi kagum)
2. Eleh si eneng meni geulis (eleh=kalah)


Tah kitu para wsab, kumargi ieu teh mulungan tina emutan 17 taun kalangkung (jaman SMP) teras rumaos sanes urang priangan, umpami bade aya anu nambihan sareng ngelereskeun, mangga email ka wsab2005@yahoo.com, engke di tambihkeun kana handapeun ieu postingan

Istilah sunda

Pamiarsa sadaya hayu ayeuna urang ngumpulkeun istilah istilah Sunda anu unik nu teu jarang eta teh matak pikaseurieun, ditambih upami aya pengalaman dibalik eta... mangga urang bagikeun ka WSAB sadaya....

conto yeuh nya
"Aih eta boneka meni lucu siga laci lalocotan"
"Itu budak geus gede sakeudeung brak nangkarak keudeung bluk nangkuban"
"Nyaiii geura hudang!! Sare wae siga kumbakarna"
"Tatangga anyar teh loba kaboga, tuh tingali bru dijuru bro dipanto ngalayah di tengah imah"
"Geura ka cai kadituh tong murukusunu wae"

pangalaman bodor
Abdi (ophi) chat sareng anggota WSAB Lia..nuju nyarioskeun ttg WSAB sareng postingan berikutnya, Lissy rencang saruangan abdi lebet ka ruangan
Lissy : Have you meet our Boss, what did he say?
Ophi : *sibuk ngetik* ...oh nu eta..enya eta
Lissy : Whaaaaaat? what are you talking about?
Ophi : *teu acan nyadar, masih ngetik * kela atuhhh kelaaaa
Lissy : Sophiii...whaaattt I dont understand you at all...what do you mean?
Ophi : *gubraghh* ooppsss sorry sorry....I was talking with my friend...

Pangalaman abdi, Lia nuju ngobrol sareng Irma dina YM
Irma : Lia sono teu ngadangu istilah-istilah sunda nu lucu
Lia : Puguh ge sono
Irma : Didinya sok ngadangu "teu uyahan"?
Lia : Tara da caroge abdi mah uyahan malah mah pangset

Mangga atuh nu sanes urang babagi!!