WSAB: October 2005

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, October 24, 2005

Bongan!

Waktos abdi nuju di ruangan kampus, kakuping ti luar sora brak bruk anu ngalih ruangan. Di dieu teh nuju usum ngaralih ruangan da kampusna nuju direnopasi tea. Teras abdi teh naros ka Stefan, tos ditranslate nya, maenya si bule nyarios Sunda hihihi, manehna mah terangna ngan hiji bahasa Indonesia nyaeta
Diaaaam!
Margina manehna naros naon bahasa Indonesia na Tutup mulutmu, penting saurna soalna tiasa dianggo cenah upami abdi gandeng..hihi

Dugi mana tadi nya? oh muhun obrolan kieu..
A : Eta saha nu pindahan
S : Prof B
A : ih abdi mah tara da ningali eta prof sanajan tos didieu 6 bulan teh
S : maenya sih, sok geura tingali ka luar

Abdi teh kaluar weh..pantomim tea keketeyepan, api api bolak balik di payuneun kamar eta prof teh.

Apekteh profesor eta teh teu aya, ngan aya ibu sekretaris sareng mahasiswa nu sok parkir sapedah barengan abdi.

Lapor weh ka stefan teh...
A : Teu aya ah..eta ngan aya si ibu jeung mahasiswa
S : Mahasiswa mana?
A : Eta nu leutik, kacamatana teh kacamata gaul, terus naek sepedah siga abdi

Stefan pipilueun ka luar, ningali , teras manehna langsung masihan terang ka abdi..
Apektehh etaaaaaaaaaaaa si prof teh.

Gubraghhh...reuwas atuh
Ai abdi teh mun tepang ngan halli hallo bae deui. Sok akrab, da sugan teh mahasiswa oge siga abdi, dangdanan ge teu rapi2 amat, nganggo kaos oge, da osok pendak enjing2 markir sepeda pas barengan dongkap.

Ari didieu mun sareng professor umumna kedah Guten Tag..kitu selamat siang henteu halli hallo hungkul. Tah eta nya mun salah menilai teh...

Kedahna kumaha tah ibu2 dan gadis2? Kudu rapih meh katingali yen prof atau siga manehna wae? atanapi urangna tidak menjudge? Da sesah atuh, cobi weh sering urang nyarios, ah maenya eta si bos teh, naha kitu dll dlsb..sigana mah normal meureunnya salaku manusa, ningali heula penampilan.

Di kampus abdi kapungkur mah ka murid2 osok nyarankeun kudu rapih tong make sendal ka kampus teh. Meh ngahormat diri sendiri sareng latihan upami bade damel engke panginten kedah rapi upami di kantor resmi mah.

Kadang2 barudak protes, bu teu efek kana IP ceunah.
Nanging sangem abdi mah anggap weh latian rapih engke didamel, diwawancara mah teuteup weh eta penampilan teh dinilai.

Tapi abdi ge teu strik teuing, teu kedah nganggo kameja misalna, kadang2 pami kuliah aya nu disendal diantepkeun weh, ngan pas ujian mah kedah.

Jadi upami aya nu nganggo sendal nuju ujian, ku abdi osok dipiwaran

mangga nak kasep geulis eta tunda sendalna di payuneun kelas, manehna mah ujian weh bari kukulintingan dengan kaki telanjang alias punten ..nyeker tapi bari diseungseurikeun ku nu sanes
.
Tiris nya? bongan da tos di umumkeun.

Da dasarna abdi ge teu resep make sapatu, asa hareudang jeung katutup, mun kenging mah hoyong sendal, santai weh ngajar teh. Tapi asa kumaha nya? Teu sopan kitu? Teu rapih ceuk si mamah mah, atanapi malah dilarang saur senior2 mah.. ceunah teu ngahargaan diri sendiri kitu..

Tah upami damel kumaha? Pernah nya abdi ka notaris, eta teh kantor sekalian bumi, tah pas ngantosan, torojol teh anjeuna sumping nganggo raksukan anu asli rapih pisan, blazer, sapatu lengkep sareng tas tangan, padahal sumping ti bumina.. Ari Irma..tah pan kantor di bumi. Nganggo blazer teu ma? hehehe

Jadi hoyong teurang ari Intan, Nita, Nurul, Patsy sareng saha deui nya? upami ngajar, ka murid2 aya peraturan nganggo sapatu teu nya upami kuliah? Ari praktikum mah jelas sih kedah sapatu demi alasan keamanan. Kumaha tah pengalaman ibu2 miwah gadis2, osok nganggo sendal atanapi sapatu basa sakola kapungkur? atanapi kumaha tah di kampus saena pami kuliah teh, nganggo sapatu atanapi sendal?

Mangga ah babagi nya, eusi komennya tong hilap (admin mode on :D)..
Owkehhhh...Diantosnyaaaaa.....

*)Ophi tea

Wednesday, October 19, 2005

Dina Hujan Cisoca

Pasosonten dinten kamari hujan ngaririncik, angin tiis ngagelebung,panon poe jiga nu hoream....ngaleungit na tungtung awan. Clak..keclak….sora cai hujan nyakclak ngagebah–gebah lamunan. Ras kasawang sababaraha taun kapengker, hiji sonten nu sami tiis tur nyereset kana manah.

Kriiing…kriiing…..kriiing….sora telepon kokoceakan disada, patembalan jeung sora adzan ashar ti mushalla di ujung gang. Abdi tuturubut turun ti lantai 2 muru telepon anu masih keneh nyalukan.

Assalamualaikum….ceuk abdi, waalaikumsallam….sora na telepon bangun nu rusuh campur gugup, sorana asa kakuping henteu kakuping…

Ngadadak sakujur awak lungse taya tangan pangawasa, sabudereun alam poek, clak…keclak…cisoca nyakclak henteu katahan.

Mobil kijang nu disupiran ku raka ipar asa teu maju-maju padahal kecepatana tos kirang langkung 100km/jam, perjalanan Bekasi-Kuningan harita asa mangtaun-taun karaosna.

Tabuh sawelas wengi rombongan (abdi sareng kulawargi teteh) dugi ka rumah sakit Gunung Jati Cirebon, nanging nu dipilari tos henteu aya tos dicandak uih deui ka Kuningan saurna.

Cisoca asa caah kaluar henteu eureun-eureun, abdi ngarumpuyuk di tengah bumi nu tos sepi, nu aya di bumi jempling mung suanten nu nangis sakali-sakali kakuping. Raka pameget nu dipika meumeut parantos dipundut kunu kagungan ba’da maghrib tadi. Layon na tos rapih ditutup ku sinjang batik.


Wilujeng angkat….mugi-mugi Alloh swt nyayogikeun tempat anu endah tur merenah, mugia hiji waktos kapayun Alloh baris mendakeun deui urang dina Jannah-Na. amiin…

Innalillahi wainnaillaihiroji’un….dina hujan cisoca aya pelajaran keur urang sadaya, sadaya makhluk nu nyawaan baris ngalaman maot.

Alhamdulillah urang sadaya masih dipasihan kesempatan kangge ngabenahan diri, ngahapus lepat, lengkah nu tisoledat tur cariosan nu henteu mangfaat.

Kangge wargi-wargi muslimah WSAB, kudongkapna sasih ramadhan ieu hayu urang jantenkeun kasempetan ladang amal. Hayu urang sami-sami pelakan ku mangrebu-rebu kasaean.
Sapertos kapongpong nudijantenkeun wadah , hiji waktos kaluar janten kukupu nu endah.

Henteu aya maksad mamatahan ngojay ke meri, mung palay ngemutkeun diri nu tos laput ku alpa. Oge ngenang hiji sonten nu dihujanan cisoca.

--Eva--

Friday, October 14, 2005

Dongeng: Tukang Gali Kubur

Peuting geus turun ngaharudung lembur Cikulah. Beda jeung peuting anu sejen, harita simpe siga taya kahirupan. Jangkring katincak taya soraan. Angin oge teu karasa liwatna. Rumingkang kalangkang hideung dina jalan satapak sisi kuburan matak maruringkak bulu punduk. Ngan sabab ku jempling, taya kahirupan anu nitenan. Ngan saukur kalangkang hideung, mawa linggis jeung pacul, ngagidig muru imah bilik sisi lembur.

Abah Maja ngaran eta jelma. Umurna leuwih ti 50. Disebut abah pedah manehna anu pangsabarna jadi tukang gali kubur tingongora. Teu aya nu daekeun ngagantian boh ngabaturan. Iwal manehna. Mmmmhh..... ku hade budi, lain ukur ngagali kubur, manehna oge ngaberesihan kuburan nepika teu pati pikasieuneun siga kuburan2 lain di lembur sejen. Pagawean ngagali kubur tara dilakonan saukur aya anu maot. Manehna biasana nyiapkeun hiji kuburan kosong sanggeus kuburan kosong memehna dipake ngurebkeun. Nya kitu tea tara aya nu ngabantuan, jadi ngagali hiji kubur teh ngabutuhkeun waktu anu teu saeutik.
Pakasaban di kuburan dilakokan pasosore unggal poe. Da ari isuk-isuk na mah, manehna dipercaya ngamandoran tur molah lemah wetaneun lembur. Lemah lega tur subur bogana Juragan Kirdun. Duda pang kayana di lembur, bru di juru bro dipanto, ngalayah di tengah imah. Hirup nyorangan, anak incuna geus ngencar ka kota, boga kahirupan sewang-sewang, teu paduli ka kolot anu tunggara.

Kulutrak muka panto, Ambu Warsi, pamajikan Abah Maja ngorejat tina korsi. Meong patingkuniang tina sarena. Uang-eong ngabageakeun dunungan. Aya kana 5 meong di eta imah. Kabeh inguan Abah jeung Ambu, ngubaran kasono kana miboga turunan nu teu embol-embol.

"Abah bet kapeutingan kieu" pek Ambu bangun hariwang ningali salaki datang peuting, renung ku kesang tiis, ambekan haruhah-harehoh siga nu di udag anjing.

Ambu nguniang kana meja, nyicikeun cai herang tina kendi. Sor diasorkeun ka salakina. Kot kana pacul jeung linggis, dijingjing dibawa ka dapur. Balik ti dapur mawa piring seng eusi cai. Sok di tunda dihandap. Meong anu 4 teu ngaengkekeun deui eta cai, diletakan teu sesaan. Meong hideung anu kalima, si Manis ngaranna, ngan ukur aluman alimen ngaletakan sukuna, teu ngiluan nginum.

Abah ngarahuh terus nginum. Ambu diuk gigireun Abah bangun nu sigep rek ngadengekeun dongeng Abah. Si Manis eureun ngaletakan sukuna, jat hanjat kana korsi hareupun Ambu jeung Abah. Angkohna rek milu ngadengekeun dongeng Abah. Meong nu lain pating koloyong kaditu kadieu.

Sanggeus nginum abah melong Ambu. Pek manehna ngomong:

"Ieu teh kajadian kamari Mbu. Basa kuring kasarean handapeun tangkal samoja sanggeus salat ashar. Kuring ngimpi didatangan gulang-gulang make pakean jaman pajajaran. Lengkep make tameng jeung tumbak sagala. Malahmah manehna teh naek kuda anu sarua papakean karajaan"

"Eoooonggg" Si Manis sada ngahaminkeun. Huluna ditikelkeun, disesebkeun kana suku hareupna.
"Hey Kisilah, tepikeun beja yen kaula datang ka andika ayeuna. Ulah nepika henteu. Isuk kuring nepungan deui andika lamun beja ieu henteu ditepikeun"

"Tepikeun kasaha ceunah, Abah?" Ambu teu sabar nyela.
Si Manis ngaganjleng ka handap. Kulantang kulinting bari uang-eong. Sakapeung eureun melong Abah, terus pahibut deui uang-eong, ayeuna ditambahan ku opat meong anu lain.

Abah jeung Ambu teu malire, da sapopoena ge lima meong teh kitu gawena. Aehhh meong teh sarua teu sabar ngadenge dongeng Abah sigana.

Kumaha dongeng abah saterasna? Hanca saurna teh, dilajengkeun saparantos postingan anu sanes.... Hapunten ka para wargi anu teu sabar ngadangukeun dongeng Abah, heheh...

Hanca.

*Ngagidig=bergegas
*Tunggara=merana sendiri
*Gulang2=tentara jaman kerajaan
*Hariwang=khawatir
*Kisilah=anda sbg orang asing
*Andika=kamu
*Hanca=belum selesai

Monday, October 10, 2005

Ciri orang Sunda

Postingan kamari nu ngabahas ve janten pe, salah sahiji ciri urang Sunda...aya deui ciri urang Sunda nu sanes, malah pasti mendak dimana wae.

Pangalaman ti taun 1997 di negara batur, sawios ngalih keditu kadieu, tapi aya pangalaman nu tara tiasa hilap tentang urang Sunda. Pami kapendak sareng urang sunda nu sanes, asa kapendak sareng raka atanapi ade nyalira. Langsung sok asa tos kapendak lamiiii pisan.
1. Logat sunda

Pami kapendak jalmi, kadang awalna sok nebak-nebak, sunda sanes nya? sok asa kos detektif wae kitu pami ningali jalmi nu gaduh paras urang sunda...bade negor,sieun salah, tapi teu negor oge da asa teu raos...saatos diperhatikeun, leres geuning urang sunda... terang timana coba...?

Atanapi pernah nuju di singapore, pas abdi naroskeun dimana sakolaan kanggo murangkalih, abdi teh naros ka ibu-ibu, putrina nuju ameng, ningali putrinamah kawas Cina, janten abdi teh naros nganggo bahasa Inggris... Pas anjeuna ngajawab, sawios ku bahsa Inggris, langsung abdi teh nyarios ..."teteh asalna ti Sunda sanes ?" Alhamdulillah teu lepat...malah janten sobatan, da anjeuna ge tadinamah nyangka abdi teh urang Melayu.

Urang sunda, dimana-mana asa aya wae. Tos janten picariosan dimana-mana pami urang Sunda teh gaduh ciri khusus. Pami nyarios tara hilap kana legokna...pasti kos ngadangukeun lagu saurna.

Malah aya picarioseun..pami aya preman ti Sunda, moal aya nu sieuneun, soalna preman sunda mah moal tiasa ngabentak, da nyariosna angkleung-angkleungan... Karunya pisan nya?
2. Nami urang sunda

Atanapi pami teu kapendak jalmina, ngan saukur ngadangu namina,atau maos namina di blog, pasti kaciri pami urang sunda. Rata-rata urang sunda mah sok resep ngaulang-ulang namina. Dimana-mana, henteu di Bandung, di Bogor, di Garut, pokonamah di daerah Sunda, pasti namina salarami... urang sunda pisan. Salah sahijina nya abdi, Ina Inayah...sunda pan ? Hayo saha deui nu ngaraos sunda asli ?

Janten urang sunda sareng cirina moal tiasa dipisahkeun. Emang aya oge sih nu tos ical legok sundana, aya oge nu tiasa nyarios ef atau ve nu leres. Atau aya oge urang sunda nu namina teu diulang dua kali, tetep gaduh arti pan ? di doa'keu nuju dipasihan namina kapungkur nuju orok. Mangkana urang teh kedah bangga oge, ternyata urang sunda teh aya dimana-mana, di sadaya benua, henteu di jawa barat hungkul, henteu di Indonesia hungkul... Bangga pan ?

Di benua mana oge, rata-rata pami urang sunda mah sok gaduh kumpulan khusus, sanes nga-Gank...tapi urang sunda teh sok resep ngariung, resep ngumpul. minimal, janten ngobatan pikasonoeun ka lembur nu tebih tea.

Punten ieu postingan bahasa sunda-na teu sae.
Nyungkeun dimaklum...
Hatur nuhun...

Ina

Thursday, October 06, 2005

Tips Cara Ngatur Keuangan Saderek..

Aya papatah nyebatkeun: Micinta artos teh akar sagala kajahatan!

Upami saderek hoyong hirup aman sejahtera bari jeung teu diudag-udag ku rasa kuatir perkawis kauangan, di handap ieu aya sababaraha saran nu tiasa dilakukeun ku saderek


1. UJI UKURAN KALAYAN NILAI ARTOS NU DICEPENG KU SADEREK SALAMI IEU


Balanjakeun artos nu aya kangge hal-hal anu penting kalayan berharga(bernilai), kumargi kitu teu berlebihan upami aya jalmi nu nyarios kieu; upami urang hoyong terang hal-hal naon wae anu berharga dina pandangan jalmi, tingalikeun cara anjeunna ngabalanjakeun artosna.

2. ATUR ANGGARAN BALANJA:


Utamikeun bayar anu parenting sapertos; rekening-rekening... nyaeta: listrik, runtah, cai, artos bayaran sakola barudak, ongkos kendaraan ka padamelan, telepon, PBB.(naon deui nya?) tambihan we nyalira....HP?

3. JAUHKEUN MESER KU DORONGAN...MARGI HOYONG ATANAPI RESEP(BOGOH)


Balanja kumargi dorongan parasaan hoyong atanapi resep(bogoh) tantos nyered urang kana daerah bahaya. Hiji-hijina jalan ka luar tina daerah bahaya ieu nyaeta angkat tebih-tebih ti Departemen Store(Swalayan).
Catet hal-hal anu bade dipeser sateuacanna angkat ti bumi.

4. ATI-ATI NGAGALEUH BARANG ANU AWIS


Urang kedah extra ati-ati ngagaleuh barang awis sapertos: bumi, mobil, barang elektronik, mebel, sareng sajabina. Tong nyicil barang-barang, katingalina mah mirah tapi eta teh nyered urang kana kasangsaraan mangtahun-tahun, kumargi sabagian ageung artos dianggo mayar cicilan.

5. MASIHAN KA BATUR(BERAMAL)


Hiji hal penting nu kedah ditambihkeun kana daftar pangaluaran urang nyaeta "MASIHAN KA BATUR" Aya parasaan sukacita upami urang tiasa barang pasihan teh boh ka wargi atanapi ka batur. Hartosna sakedik, atanapi seueur saleresna mah relatif, margi upami urang ngabandingkeun kaayaan urang sareng kaayaan batur anu kaayaan ekonomina lemah, tantos urang ngaraos beunghar, tapi upami urang ngabandingkeun diri nyalira
sareng anu beunghar tangtos urang teh ngaraos miskin (teu gaduh).

6. DIAJAR NYUKUPKEUN DIRI


Ibadah teh upami disarengan ku rasa cekap....masihan kauntungan nu ageung saurna, margi urang teh teu nyandak nanaon ka dunya, sareng urang oge moal nyandak nanaon ka luar ti dunya ieu, asal aya katuangan sareng anggoan cekap we.... tapi jalmi anu hayang beunghar geubis kana cobaan, kana jerat sareng kana sagala hawa nafsu anu hampa nu matak nyilakakeun, nu neuleumkeun jalmi kana karuntuhan sareng kabinasaan. Sakali deui margiiiii...."MICINTA ARTOS TEH NYAETA AKAR SAGALA KAJAHATAN"

7. AJAR MURANGKALIH NGABALANJAKEUN ARTOS JAJAN(UANG SAKU)


Murangkalih mung tiasa ngatur artos upami anjeunna nyepeng artos. Artos jajan(uang saku) tiasa dipasihkeun ti ngawitan murangkalih di kelas O, saatos yuswa 10-11, urang tiasa masihan langkung,ajarkeun cara ngabalanjakeun artos, bentenkeun antawis nu peryogi sareng nu teu peryogi. Utamana ajarkeun cara ngabalanjakeun mana nu peryogi pisan, mana nu dipikahoyong, upami aya sesa balanjakeun nu nuju janten tren jaman ayeuna!

Saduran tina buku: "PARENTS : CHILDREN HOW TO MANAGE YOUR FINANCES"
BY: Gary R Collins

Disundakeun ku teh Willa dina milist WSAB.

Bilih aya tambihan sareng pertarosan mangga urang obrolkeun sasarengan.

Sunday, October 02, 2005

P(pe) atanapi V(pe)?

Urang sunda teh gaduh lentong anu has pisan. Salah sahijina teh dina nyebatkeun hurup 'F' tanapi 'V'. F jadi 'Ep', V jadi 'pe'.
Fanta jadi Panta
Vitacimin jadi 'pitacimin'
Favorit jadi paporit
Film jadi pilem

Sanes kitu wae, sakapeung kabalik oge Pe jadi V atanapi eP jadi F. Biasana dina kecap2 anu sanes basa sunda. Contona:
Pipi (nami rerencangan) sok jadi disebut 'fifi'
Paviliun jadi 'Fapiliun' --hehe.. saha tah nu sok kabalik2 kieu teh.
Reparasi jadi 'refarasi' --aya tah di bandung tukang
reparasi jok dina reklamena "Refarasi Jok" hehe...

Jeng sajabana (janten hilap kieu abdi teh).

Tapi upami photo jadi foto atanapi foto jadi poto mah teu nanaon, duanana leres :)

Aya carita rerencangan abdi nu nuju sakola di luar nagri nu jelemana teu tiasa nyarios Indonesia, komo deui sunda, pokona mah kedah was wes wos weh. Anjeunna teh ASGAR tea, alias Asli Garut. Ilat na teh sakapeung sok henteu kompak kitu tah, sok hilap upami bade nyebat 'F' atau 'V' anu leres. Panginten da tos ti dituna kitu (abdi oge ding.. hihihihi).

Cepil na teh oge sok sadenge-dengeeun bae. Sok sangeunahna we nyariosna, "what se meneh, what semeneh" (What's a matter gitu locch..) kitu mun papanggih jeung rerencangan bangsa urang oge.

Hiji mangsa, manehna teh jangjian sareng rerencangannana nu beda bangsa. Kudu sepik inglish atuh. Rerencanganna (si X kitu we nya) teh bade nganjang ka teun rerencangan abdi tea.
Asgar: "You can come to my place this afternoon, right?"
X: "Sure, sure.. Where's your room?"
Asgar: "My room is in V dorm, room number V-15"
X: "OK I know that, I will come around 2 o'clock"

Ku rerencangan abdi teh diantosan we si X teh, tos disiapkeun beuleum cau sagala.
Tabuh 2, teu acan aya si X teh "Ah panginten, nuju di jalan keneh".
Tabuh 3, naha teu acan aya oge wae. Nepi ka tabuh 6.. keukeuh we teu acan datang oge, bendu we rerencangan abdi teh. "Euh, sangeunahna wae jangji teh! Tingali we ku urang mun kapanggih di pengkolan, rek disetut" (euleuh, naon disetut teh kang?)

Enjingna, papanggih si X di kelasna. Naha, si X bet katingalina bendu oge ka rerencangan abdi.
Asgar: "Hey, what happened? Why you didn't come yesterday?"
X: "I Did! But seemed you were not there!"
Asgar: "Whaaaat? I was in my room whole daaaayyyy.."
X: "Nope. I knocked your door many times and call your name also, but you didn't came out. When your neighbour in P-14 told me to shut up, then I went home :("
Asgar: "Whaat... my neighbour? room P-14? P dorm? Why you went there, I said my room is in pi..ups..eeuuhh.. V(vvvhhi) Dorm, room V(vvvhi)-15"
X: "Oh, V-15 huh? I thought P-15, I thoght you said it so.." (katingali bingung)
Asgar: "I said V-15" (embung eleh pisan). "No problem, this time let me come to your place, OK?"
X: "Hmm... OK"

Tah kanggo sadayana, kade nya.. nyebat V(vi) kade jadi P(pi)! :)


-nita-