Harita teh abdi kedah ngadamel sipi (curriculum vitae) kanggo pun bapa.
“Pah, papah ngadamel we sipi-na, teras dikirim ka abdi kanggo perbaikan”, ceuk abdi ka pun bapa (nganggo bahasa Indonesia atuh …) “Okeh,” ceuk pun bapa.
Di sipi pun bapa nyebatkeun:
English: pluent (okeh, dicontreng OK ku abdi), Bahasa Indonesia: pluent (naon ieu teh, pan bahasa indonesia kedahna mah bahasa ibu, kunaon pluent nya … ah meureun lepat ieu pun bapa), Bataknese : netip (native).
Hahahaha, barakatak seuri abdi jadina. Jadi, keur pun bapa, Bahasa Indonesia teh sami posisina sareng Inggris, sami-sami bahasa deungeun !
Pun bapa geus sabaraha tahun nya di Bandung Jawa Barat teh, aya 35 tahun, ngan nyarios Sunda teu tiasa. Ari pun ibu, 30 tahun di Bandung, tapi pun ibu tiasa nyarios Sunda, pluent lah kitu.
“Jang, cai bodas nya!” kitu tah saur pun bapa ka pelayan restoran. Hahaha, seuri wee abdi jeung pun ibu jadina, eta air putih terjemahananna ceuk orang Walanda mah meuni “letterlijk” pisan!
Kunaon nya pun bapa janten 35 tahun di Bandung teu tiasa nyarios Sunda, ari pun ibu tiasa. Meureun pun bapa teh hoream belajar Sunda, atawa aya deui alasan nu laen? Teras, kunaon tah eta logatna teu pas nya? Padahal mah geus sakitu lamina di Bandung, kedahna mah logat mah tiasa atuh nirukeun.
Hasil obserpasi abdi, eta teh aya hubungannana sareng anatomi jeung epolusi (ieu mah keur bobodaran wae, abdi ge teu percanten teuing ka teori epolusi). Bahasa Sunda teh paling pas kanggo jelema nu suarana teh boga oktaf tinggi, siga Mariah Carey atawa Whitney Houston (emut teu di pideo klipna Bodyguard, pas teh Whitney nyinden bagian ‘and I...aaaaaaaI’).
Cobian we geura,
“Bade kamanaaaaa ?”
kadanguna beda pisan lamun diucapkeun Pranajaya sareng suara nu ‘pitch’-na tinggi (atawa cempreng hehe). Nu seusah oge teh kata-kata nu aya “eu”, contona “geuleuh”. Aya babaturan ti Klaten nu ngucapkeun “geuleuh” teh ‘geleh’ (e-na pondok pisan). Baheula mah eta babaturan kuliah teh lieur pisan nyebutkeun “Ciumbuleuit” nepi ka kaplintiran lidahna !
Nah meureun aya jelema nu boga suara bass atawa alto (anatomina geus beda), sesah nyarios Sunda sareng cengkokna tea!
Naon deui hubungannana sareng epolusi. Ceuk calon caroge teh (ayeuna mah tos caroge :D-admin), bedana Bandung jeung Medan, di Bandung mah jalan sapuluh meter geus loba nu gareulis, ari di Medan, sapuluh kilo ge teu aya nu geulis (ieu mah ceuk kabogoh, abdi mah teu teurang pastina, da saumur umur abdi ngan sakali ka Medan, jaman abdi TK!).
Kunaon nya urang Sunda gareulis ? Abdi teh ngira eta aya oge hubunganna sareng bahasa Sunda. Eta bahasa Sunda narik otot pipi pisan, contona:
“Kumahaaaaa”,
Paingan we urang Sunda teh kenceng-kenceng kulitna, da saban poe nyarios Sunda bari face lift, teu kedah nganggo Botox !
Nurutkeun teori epolusi, eta teh urang Sunda berepolusi, nyarios Sunda saban poe, kulitna singset, teras kulit nu singset tea diturunkeun ka anak incu.
Aya nu heureuy oge teh anatomi urang Walanda (ieu ge heureuy nya , sanes aya maksud ngaledek). Abdi pan di Walanda calikna teh di propinsi North Brabant, eta teh di dieu teh bahasa Walandanya “hipu” kitu. Contona, kecap “zo” kitu nyariosnya kedah “sssssssscshzo ”, jadina teh eta biwir kedah rada dimonyongkeun heula.
“Pantesan abdi teu tiasa nyarios Walanda nu pas!” ceuk babaturan, harita teh abdi sareng babaturan keur numpak kereta di Eindhoven. Aya loba eta urang Walanda oge sagerbong.
“Kunaon ?”
“Tingali we tah urang Eindhoven, biwirna teh maju, jadina teh gampil nyarios Walanda. “
“Maenya …. “ ceuk abdi teu percanten, teras abdi nyobian eta monyongkeun biwir, “ssssssscszo”. “Leres, gampil nya lamun biwir teh maju!”
Hahaha, seuri abdi jadina, kedah ati-ati atuh lamun diajar bahasa, tong persis-persis teuing sareng aslina, engke aya wee eta parobahan pisik atawa epolusi.
-Patsy