WSAB: February 2006

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Sunday, February 26, 2006

Konprensi Akbar Eropa

Inta:
Dinten Jumaah enjing enjing, masih teu acan aya kepastian ti Ophi, janten henteuna para kontingen kopdar WSAB ranting Eropah teh. Dugi ka kemis wengi, statusna masih sami nyaeta :


" Urang ngadua we teh, meh janten kopdarna, rencana bade tabuh 12an ti Koln, dugi ka Dortelweil tabuh 4 an ".


Duh kumaha ieu? abdi sebagai nyonya rumah pan kedah nyayogikeun susuguh. Kedah iraha abdi ngawitan nyiapkeun susuguhna? Pami ngantosan berita kepastian heula, sieun teu kabedag. Pami bade ngawitan disiapkeun, sieun teu janten kadarieuna.
Tuntungna mah bari Bismillah, abdi ngawitan we nyiapkeun sagala susuguh.
Pami janten sarumping ya Alhamdulilah, pami teu janten nya bade dituang ku
nyalira we, mabok maboklah ku soto sapanci ageung hehehe.

Kahoyong teh nyayogikeun susuguh nu "Sunda banget gitu loh". Hmmm diemut emut nyuguhan naon nya?. Tungtungna ieu tah menuna..


Soto Bandung dipilih janten menu utama, ketan bakar
bumbu oncom sebagai menu pendamping, Asinan Bogor sebagai nu sesegerna,
ditambih "sesuatu" sebagai "kejutan" kangge para peserta kopdar.


Ngawitan teh ngaracik bumbu Asinan, mersihan sareng motongan Sawi Asin,Bonteng,toge sareng Ganas. Tos rengse Asinan diracik, teras majeng kana raracik pi soto-eun. Soto beres, ayeuna kantun ngeueum beas ketan kanggo Ketan Bakar. Sambel oncom kaleresan gaduh keneh di freezzer. Tos beres sadaya, Dug we abdi bobo. Sabtu subuh subuh (eh tabuh 6 subuh keneh pan nya?) aya Offline message di YM, eusina kieu



Nyi Ophi: teh kalo ngga jam 4 kita nyampenya jam 5 yah hihihii
Nyi Ophi: ada bonus 1, si kasep ngiring hehehehe
Nyi Ophi: *Icon malu malu Kucing*
Abdi: kasep numana??
Abdi: ngke sms nya kamu brangkatna jam braha
Nyi Ophi: iyah teh
Nyi Ophi: kasep sayah hehehehe
Nyi Ophi: berhasil membujuk soalnya pan plgnya malam pisan
Nyi Ophi: kudu aya lalaki
nyi Ophi: hihihi
Abdi: hebaaaaatttt *bari keprok, bari tatanya dina jero hate, jurus naon nu
dianggo ku Ophi dugi ka MB-na teh janten ngiring?*



Enjing enjing abdi, punlanceuk, punanak, sareng pun alo angkat heula jalan jalan
jalan. Dinten eta teh cuaca teh asa teu pararuguh, meusmeus panas, meumeus mendung. Rada hariweuweus oge kumaha pami hujan??? Ah wae ketang hujan mah da diluar, bumi abdi mah Insya Allah moal bocor hehehe. Tabuh 12.24 aya SMS ti Nyi Ophi eusina kieu:

Ummi kt brangkat jam 12.22 nyampe jam 16.01, nantikan kedatangan kamih hihihi.


Alhamdulilah...Insya Allah jadi oge euy kopdar teh.... cihuuuuyyy

Kasontenakeun hujan miripis di kampung abdi. Ayah nawisan "Mi ntar kita jemput aja temen2 kamu teh. Kursi Irsyad dicopot dulu, Irsyad tunggu dirumah aja sama Dita, atau kalau mau ikut ya dipangku aja sementara kan deket ini".Okeeyyy...nuhun Ayah....
Sing horeng pas prakna mah Irsyad asik ameng sareng Ayahna, janten Abdi sareng Dita we mapah ngajemput rombongan tagoni eh rombongan peserta konprensi :D

Dugi ka Stasiun, tepang we para peserta konferensi WSAB teh, nu ngawitana sok tepang di "dunia Maya" ayeuna mah tepang secara "live". Duh Bungah pisan. Langsung cupiki cupika. Langsung recet :P Komentar Ophi:


"Ih si teteh geuningan leutik, ribut2 hayang diet teh sugan teh gede galabak pek teh leutik kieu"


Halah si Ophi sigana lapar pisan tah dugi ka socana rada rabun hehehe atuda maenya abdi galabag kieu disebat leutik :-( Nyi Intan mah seura seuri we, sigana reuwas tah ningali saya saingan bawelna sareng Ophi heuheuheu.

Sabot rarecet teh para wanita sunda, dipengkereun aya nu Kasep nuju seura
seuri imut. Eta teh MB-na Ophi. Seserengehan panginten ngabatin kieu nya


"hmmm penderitaan saya sudah dimulai"


hehehehe Dasarnya ari mantan fotomodel mah, di stasiun keneh urang teh difoto heula, teu paduli hujan teu paduli batur nu molongo teu ngartieun obrolan urang hihihi. Saha deui nu motret, tangtos MB atuh. Nuhunnya MB.


Teras mapah we urang sadaya menuju Pondok Dortelweil Indah. Ari mapah teh, Abdi sareng Dita, teras Intan sareng Ophi dipengkereun Abdi, teras MB dipangpengkerna (Asa ngangon pangintennya MB teh? heuheuheu). Bari ngobrol kaditu kadieu, bari tungtungna kakara sadar mun Urang teh meni siga PGII pisan, Petruk Gareng Iring iringan :D.

Ophi

Enjing2 abdi atos sumanget pisan, soalna tos aya kabar ti Intan, tiasa Sabtu ieu ka Kopdar WSAB. Saatosna ngedalkeun sagala jurus rayuan, akhirna abdi tiasa ngagandol MB hihihi. Angkat ti Bonn tabuh 10, tos siap babawaan nyandak buah (mangga teh basa sunda buah pan nya?) kanggo asinan.

MB tos siap sareng camilan kanggo di kareta, saya ngadamel mie goreng weh kanggo emam. Singkat carita tabuh 12.22, tos tepang sareng Intan di Stasiun. Perjalanan 3 jam teu karaos dan seep ku ngobrol sareng kulem hihihi.



Sampai Friedberg, Intan naros Ophi ..

kaambeu bau2 naon teu? Ceuk saya teh alah Intaann, tos kacium eta soto bandung hihihi.


Dugi ka Dortelweil disambut ku hujan. Teu lami, dongkap teh Inta sareng alo-na , aduhh asa anehhhh tepang live kieu...hihihi. Ningali teh Inta asa tos lami kenalna, pdhl nembe pok didieunya. Ti dinya urang mapah ka bumi teh Inta, ngobrol bari gogorowokan da teh Inta di payun teras kadua abdi sama Intan, katilu MB di pengker. Teh Inta teh pas di jalan, ujug ujug meper ka pipir sugan teh tos dugi, atuh urang sadaya ngiring mipir oge . Teh Inta ngagorowok..

ehhh naha pipilueun hihihi. Apekteh maksud teh Inta meh ngajajar jadi ngobrolna enak..hahahhaha.


Alhamdulillah, akhirna dugi ka bumi teh Inta setelah melewati lima bukit dan lima sungai ..(hiperbola hihihi). Asikkk......

Intan
Enjing2 tepang jeung profesor2 heula.. duh abdi teh geus males pisan 'sabtu gitu lohh' sebenerna ieu teh kirang komunikasi, abdi pan ngunjungi prof S di Koln sareng hoyong tepang prof A ti Aachen.

S ngaayakeun gathering di kantorna sabtu2, S teu terang yen abdi teh tos tepang sareng A poe sateuacana dugi ka wengi. A tos hayang uih ka bumina, abdi ge tos ateul hoyong ka Dortelweil. Janten baraued we eta duaan teh abdi sareng profesor A nu aya..

Tabuh 11.35 akhirna A nyarios yen anjeunna bade angkat ka Aachen ayeuna. S ngajakan makan siang heula, tapi A hayang uih wae… Abdi langsung sorak dina jero hate..

Euleuh janten oge ka Dortelweil teh!

Tabuh 12-an nepi ka stasiun, langsung nelpon Ophi
*Ophi kamu dimana? Saya udah di stasiun*
Wahh langsung eta mah Ophi jeung MB lumpat gancang ti Neuemarkt da tinggal 7 menit deui dugi ka karetana angkat…

Alhamdulillah kakejar oge ... abdi langsung reuwas ningali perbekalanna Ophi..lengkap pisan geuning.. beh akrab sa-tupperware tiluan emam mie goreng hihihi

Carita perjalanana sareng carita ka pondok dortelweil indah mah kirang leuwih sami jeung caritana Ophi..

Nambihan saeutik, nuju di stasiun (duh naonnya namina? Giessen tan -op hihihi red) aya nu siga urang indonesia tapi siga india oge. Ceuk Ophi teh sanes ah, india ieu mah… Ari MB ngadangukeun aranjeuna nyarios..

lahh itu mah bukan indonesia lagi.. jawa ! ceuk MB teh.. naha kitu ? da nyarios (dengan medoknya) gleiss (jalur) piro ? lol
MB sigana atoh aya baladna hihihi.

Sampai Dortelweil disambut hujan rintik2… sarasa di Bogor euy, aya hujan panon ceuk abdi teh.. eh naha hujan poyan jadi hujan panon hihihi..sieun atuh hujan panon mah..

Kompleks perumahanna teh Inta oge sarasa di Taman Jasmine di Bogor kitu.. apalagi dugi ka bumi tos aya Asinan adeuhhh Bogor pisaaaan, abdi asa di bumi nyalira. Teras ketan bakar oncom & soto bandung (nyeratna ge bari ngacay deui yeuh) duh nuhun pisan t'Inta *hugs*

Ophi, Inta, Intan

Saatos kumpul sadayana mulai weh eta konferensi teh, nyaeta emam hihihi. Sateuacana uplek heula didapur, mesekan mangga. Teras urang ngobrol2 sareng emam tangtuna hihihi meni receeeetttt

Mulai ti ketan bakar, asinan soto bandung. Irsyad meuni atoh seueur tamu, boh MB satreng MT tos ngobrol deui. MB sareng MT ngobrolna meni karaleum...anteng... rada benten sareng para wanita nu rada recet ;)

Nuju nekul2 emam, jol teh Inta nyarios, ieu aya kejutan kanggo ibu2 konprensi.Euhhh apekteh Kodasari maskot kopdar sebagai makanan kejutan nu ku Teh inta disebat diluhur.. abdi langsung terharu, bagja seung reuwas hihihihihi. Lagsung foto momen pertemuan kembali sareng kodasari huhuyyyyy . Ai Intan mah apekteh pertama kali da terang kodasari geuning pedes pisan saurna..tapi meuni raos.. sesah distop tos ceurik seuhah oge hihihi..




Tos beres emam, ngobrol2 deui. Irsyad meuni lucu sareng pinter, karesepna Thomas nu kareta api biru tea. Intan ngabaturan ameng di computer dugi ka Thomasna bobo *saurIrsyad ieu teh*
Ngobrol meuni ngalur ngidul gandeng seng recet, teu karaos waktu meuni nyerelek.

Inta

Waktos 3 jam teh meni asa hiber. Teu karaos Rombongan teh tos kedah siap2 mulih deui. Akibat salah maos jadwal kareta, janten rada gura giru da kedah ngudag kareta. Untung MT tiasa ngajajapkeun. Tapi panginten sanes milik rombongan mulih nganggo kareta nu angkat jam eta. Dugi ka stasiun kareta teh pas ngageuleuyeung..... hiks.... Tapi teu kenging lami lami kuciwana. sapertos judul pilem...
"Arini masih ada kereta yang akan lewat" rombongan masih tiasa nganggo kareta nu jam berikutna, tapiiii kedah ti Frankfurt angkatna.

Briiing atuh rombongan teh ka Frankfurt. taaahh geuning aya hikmah sanesna.... rombongan janten tiasa ningali frankfurt diwaktu wengi sanajan ngan sakedap tapi lumayan lah, mun saur urang sonoh mah Better than nothing alias tamba henteu kitu tah hehehehe. Wengi jam 1, rombongan ti Bonn tos dongkap di bumi. Abdi meuni haneut hate, tos kopdar ranting eropa. Mugia dipaparin panjang yuswa...panjang rizkina.... Insya Allah urang tepang deui sanes waktos.

Terakhir, ieu foto gaya nu gareulis sareng alona teh Inta : Dita.


Carita persi sanes seng foto2 sanes tiasa ditingali di Inta, Ophi sareng Intan

Monday, February 20, 2006

Kopdar Bandung

Alim eleh sareng WSAB anu di Jakarta, WSAB Bandung oge ngayakeun Kopdar.

Asalna Irma, si ratu kopdar hihihi, wakil WSAB Jakarta, tapi tiasa oge mengkol ka Bandung da bade mudik ka Bandung, teras nelepon ka abdi. Jadi weh kopdardak alias kopdar dadakan. Teras weh kirim email ondangan dikirim ka milis.


ehmmmm.....
ibu2 bandung, atawa nu nuju di bdg
biasa nih dadakan tadi dpt sms ti irma, irma otw ka bdg trus kaidean kopdardak
:D. kumaha klo enjing sonten urang pependak di Kafe Halaman (jl Tamansari-pengkolan
siliwangi) tabuh 16 ?
Dinny, Ika, Yanti saha deui nu diBdg ?
Kabar2 yaah blh sms ka sy atawa ka irma
diantos pisan yaah



Saatosna kontak, nu tos nyanggeman : Yanti, Dinny, Ika, Molly sareng Irma.

Kafe Halaman teu janten da di teras teh sieun hujan, bisi kageulisanna luntur hihihi. Janten ngalih ka Kapulaga nu di Dago.

Ika tos pangpayuna sumping, apekteh eta Kapulaga ge tos tutup. Euleuh euleuh....Akhirna
ngalih we ka Potluck. Teras sumping hiji hiji nu sanesna.

Lain WSAB mun teu seuseurian sareng gandeng surandeng. Hihihi...Teras weh barakatak sadayana.


Aya nu ratu chatting? saha tah?
Aya nu nuju ngandeg, emam wae saha tah?
Aya nu langsing, siga gadis saha tah?
Aya nu kalem saha tah? hihihi
Aya nu nu kualat moyok tetehnya yg dpt orang jawa tauna soranganana dpt orang jawa
Aya oge nu pas ke palembang bebelaan emam 1 minggu di r.m sunda da teu cocok ma makanan palembang, eh tauna naha jodohna orang palembang, saha tahhh?


Sok ngaracuuunggg tah!. Ah resep pokona mah, asa tos kenal lami. Pokona nyangredkeun tali duduluran teh karaos pisan. Kopdar teu rame tanpa mejeng heula atuh ah...Tuhh gareulis nya??? swit wiwwww...


Kenca-Katuhu : Ika, Irma, Molly, Trixie (WSAB alit), Dinny sareng Yanti



Molly

Monday, February 13, 2006

Kaulinan Budak

Nineung ka jaman budak, nineung kana suka seuri nu tara kendat, nineung kabebasan hate jeung pikiran...endah jaman budak ilang ku jaman, tapi moal ilang na ingetan. Ahhh...

Salah sahiji nu matak nineung nyeta rupa kaulinan nu kajamanan ku sim kuring di sisi lembur Pameungpeuk Garut, yu urang pedar, itung-itung ngubaran kasono sareng nuliskeun tapak geusan turunkeuneun ka barudak... heuheuh sugan...

Seueur rupana kaulinan nu sok dilakonan ku sim kuring jeung babaturan. Tapi samemeh ngamimitian kaulinan eta, sok dimimitian heula ku nu disebut Cingciripit , keur nangtukeun saha nu jadi ucing.

Cingciripit nyaeta; unggal budak nu rek miluan kaulinan teh kudu ngantelkeun curukna kana tapak leungeun budak sejen nu geus ditunjuk, bari sarerea nembang;

cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare raranggeuyan
kacapit ucing...

Dina kecap ucing, aturanna curuk2 kudu ngejat, sing saha nu katewak ku tapak leungeun tadi, bakal jadi ucing.

Tah ieu rupa kaulinan na

1. Babancakan atawa ucing sumput

Ucing kudu cicing dina hiji tanda nu geus ditangtukeun bari meungpeung ngitung nepi ka 10. Nu sejen lalumpatan nyumput. Si ucing kudu neangan pamaen lain bari ngajagaan tanda ulah nepi ka ditijek ku nu sejen. Lamun nu nyumput kapanggih ucing bakal nyebut Hong . Lamun pamaen lain nijek tanda, ngabongohan si ucing, kudu nyebut bancak.

2. Sorodot gaplok

Alat; kenteng laleutik jeung Bal Kasti (biasana palastik digulung2 terus ditalian)

Kenteng sababaraha siki disusun kaluhur, terus dibaledog ku bal kasti, waktu kenteng acak-acakan, pamaen lalumpatan ngajauhan, sedengkeun si ucing nyusun deui eta kenteng. Tah saterusna si Ucing ngupayakeun maledog pamaen lain ku bal kasti lamun keuna, pamaen tadi teu bisa maen deui. Si Ucing kudu maledogkeun deui balna ka pamaen2 sejen nepi ka beresna, bari ngajagaan si kenteng ulah nepi ka acak-acakan deui. Tah pamaen sejen bisa ngabongohan si ucing najong eta kenteng nepi ka acak-acakan deui, nu hartina si ucing bakal terus jadi ucing nu disebut dikere.

3. Engkle

Nyieun gambar husus dina taneuh mangrupa dua jajar pasagi opat atawa nu bentukna iimahan, aya nu disebut gunung, dimana dieta tempat pameun bisa ninceukeun dua sukuna. Di tempat lain mah acleng2an ku hiji suku (hopscotch mun basa inggris mah, mun dina basa indonesia naon nya?)
Engkle ieu, pamaenna dibagi 2 grup. Maenna dimimitian ku nunda kenteng dina tempat nu mimiti diliwatan (duh naon nya istilahna? hilap deui tuluuuungggg), tah terus tempat eta diajlengan.

4. Cacaburange

Nu jadi ucing, kudu tapak deku (sujud) tonggongna dipake tempat ku pamaen sejen keur ngalaksanakeun kaulinanna. Carana, batu leutik dikurilingkeun bari nembang, laguna kieu

caca burange burange tali gobang,
gobang pancarange anak gajah tulalean
Jing gojing lewe lewe
jing gojing lewe lewe


Tah pas dina kecap lewe lewe batu geus aya dina keupeulan salah sahiji pamaen. Si ucing kudu neguh dimana ayana eta batu. Lamun kateguh berarti nu nyepeng batu jadi ucing, lamun teu kateguh si ucing tetep jadi ucing.

5. Pangpring

Pamaen ngajajar bari nangunjar. Terus ngalagu, bari masing2 suku pamaen ditepakan giliran. Ieu tembangna;

Pangpring pangpring sabulu bulu gading
gadingna semu peurah tikukur diadu
semplak gadona dikurungan ku si kica
si kica gede hutangna
dugel mintel hiji...


Suku nu katepak pas dina kecap mintel hiji, kudu mintel...terus kitu nepi ka kabeh suku nu ditepakan mintel...

Eta diantarana kaulinan sim kuring jaman budak...teu kakumpulkeun sadayana dina implengan teh ning. Nuhun saupami saderek tiasa nambihan. Biasana masing2 daerah di taneuh sunda ngabogaan rupa kaulinan nu mirip, ngan sesebutan jeung tembangna nu beda.

Hapunten *abdi nganggo kecap basa loma sanes jenis basa lemes (sono atuh da hihi)

*Lia, nu pernah jadi mojang leutik di sisi basisir laut kidul :)*

Tuesday, February 07, 2006

Tetelephonan Jepang vs Jerman

Hoyong babagi ieu yeuhhhh carita kanggo poe ieu.
Aya pesen di YM ti Icha di Japan


ica dimyati (07.02.2006 09:32:03): t Ophi
ica dimyati (07.02.2006 09:32:27): pami onlen abdi bagi no tlp t ophi nya tlp rumah aya teu? heheh bade nyobian software baru eyuh
ica dimyati (07.02.2006 09:32:41): yg bisa tlp ke luar negeri k 36 negara gratis
Ophi (07.02.2006 10:09:58): ica eta voip buster sanes?
Ophi (07.02.2006 10:10:06): ieu ca cobian telp kantor weh
Ophi (07.02.2006 10:10:17): 004922873****


Tos weh eta tilipun teh kring kringan..ku sabab nu pangcakeutna Stefan, janten anjeunna nu ngangkat

Stefan siga nu bingung, abdi langsung ngacung, für mich für mich..hihihihi..kanggo abdi kanggo abdi..

Terus diangkat weh...eh apekteh Ica nuju seuserian oge, huahahaha ternyata percakapannya kieu :

S : S L (nyebat nama lengkap) Guten Tag?
I : Ophi D imasuka? (Ophi D ada?)
S : Err...Can I Help you?

Ophi & Ica