WSAB: May 2006

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Saturday, May 27, 2006

Kopdar WSAB Jawa Timur

Awalna teh kapikiran asa sepi nya warga WSAB di Jawa Timur teh, apekteh teu lami ti harita aya pesen ka YM (bari jeung teu terang n teu kenal saha nu ngintunna) eusina “sapaan” ku abdi di waler “maaf ini siapa?” ari pek teh anjeuna nuju OL oge

Obrolan lancar ngalor ngidul, apekteh anjeuna linggih di Surabaya oge saurna mah nuju browsing basa mendakan WSAB teh atuh ti harita mah nguplek ngobrol ngalor ngidul akhirna sepakat bade kopdar tgl 30 Maret 2006 dinten Kemis (bari ngumpulkeun peserta sanes, maklum teu seueur ari anu tos lebet WSAB aya di Surabaya mah) eh muhun anu di ajak kopdar teh namina Medina tapi da asa pendak jeung baraya sanajan kitu oge ari kopdar mah tetep di ayakeun malah Medi bade ngajak wargi sareng rerencanganna sasami orang sunda.

Walhasil kopdar tiasa kalaksana ,ari acarana mah ngumpul sareng tuang siang di Bakul Nasi …..harita anu tiasa kempel lumayan kumplit, aya Medi sareng caroge, Rita sareng caroge , teu kakantun Uthi si cantik, teras Asti anu dongkap nyalira majar si mas teu cios ngiring margi bilih ngaraos asing di tengah sundanis, teu kalangkung nu nyerat oge ngaboyong putra sareng caroge, wah pokona seru……

Ari para istri mah ngan ngawangkong ku basa sunda, tapi ari para caroge mah margi aya nu Jawa (sigana trend nya ieu istri sunda suami Jawa hehehe). Janten nyarios teh bahasa indonesiaan (mangga lah……silahkan sajah)



Teu kakantun ieu tuangeun anu dipesen menu sundaan aya angeun haseum, gepuk goreng teu kakantun sambel sareng lalab, mangga ah baradeeee....


Salain eta aya menu Makassar iga bakar (cenah raosna ampir sami sareng asli Makassar, saur pun lanceuk mah)




Alhamdulillah kopdar teh lancar tapi teu acan lengkap margi Leili sareng kulawargina teu tiasa sumping margi Zaza, putrana nuju teu damang. Panginten sanes waktos nyaaa.



Kenca-Katuhu : Asti, Medina, Tantri, Ritha, Uthi (putra Ritha)

Mugi kempelan ieu tiasa manjangkeun tali silaturhami urang sadaya khusuna di Jawa Timur , umumna kanggo urang sadaya. Amien….

Tantri

Sunday, May 14, 2006

Ambek Manejemen


Ieu sanes ripiu pelem Adam Sandler sareng Jack Nicholson nyaa..tapi kumaha nyiasatan meh ambek nu kaluar teh sanes negatip tapina positip.

Wanoja teh meuni osok nahan emosi, teu sae katingalina saurna, ihh wanoja mah kedah lembut maenya ambek2an bari ngomong kasar. Kitu ceunahnya. Padahal pan urang oge manusia nya..hehehe...

Tapi mun teu disalurkeun emosi teh tiasa jadi panyakit. Hasilna? Manyun, jamedud atawa nu tos nikah mah, jantenna ambek2an ka suami nu jadi objek penderita. Komo nu nuju PMS mah, *fiuuh* , colek saeutik langsung bacok hahaha.

Ieu teh pangalaman pribados, kulantaran abdi teh meuni gampil pisan kacolek emosi..ahh pokona mah hidup esmosi! Basa kuliah atau damel mah, pasea teh biasa (euleuh-red:D) . Tapi ayeuna tos nikah teh, maenya suami diajak pasea wae, mana di Bali didiieu, jauh ti ibu bapana :D. Kedah aya perubahan atuh, setuju penonton?

Mimiti nikah mah, tiasa janten geulis sareng sabar, tapi atuda dipendem lami2 atuh kumaha nya hati teh kacolek2 deui. Teras abdi diskusi weh sareng suami teh. Tambih2 abdi teh ayeuna ibu rumah tangga sejati, nu ayeuna ngiring ka dusun alit di pulau Bali ieu, teu gaduh kagiatan nu sapoe jeput kitu. Nu osok mah nyaeta weh beberes rorompok, masak, nonton tipi. Monoton rasana teh, janten upami bete surete teh sok langsung weh panas. Membarah...huehehe

Akhirnya abdi muter otak (alah kumahanya eta otak diputer2 hihii) akhirna luak lieuk naon yeuh nu tiasa di lakukeun. Tah ieu contoh2na, dicobian ku abdi

1. Jahit Menjahit / Rajut
Ieu waktosna lumayan seueur nu kaanggo, boh oge hasilna bermangpaat. Misalna baju kanggo bayi, sarung bantal atau menerkeun daster nu bolong. Tiasa oge ngadamel taplak rajut, tiasa dipajang di ruang tamu, upami tos janten.

2. Bikin kueh
Tah ieu mah paporit abdi pisannn yeuuhhh. Tapi emang aya nu nyarios upami ngadamel kue nuju sedih atau ambek sok gagal. Tapi ai abdi mah tos masak teh jadi emosi leungit wehhh..Ningalian resep, teras nyobian..ah asoy geboy lah pokona

3. Browsing internet / chat
Ieu ge tiasa dilakukeun ngan panginten terbatas nu gaduh sambungan di bumi nya.

4. Balanja
Hehe, ieu sigana paporit sadaya wanoja sadunia yeuhh. Kalap balanja kanggo meluapkan emosi, eh apekteh nepi ka bumi lieur naha jadi seueur nu dipeser. Teu nanaon sakali2 mah, tapi teuteup kedah rasional jalan nyaaa..

5. Baca-baca kitab suci/buku agama
Biasana ieu sok paling tokcer. Hati teh jadi adem sareng tenang


Hasilna:
Energi nu tadina keur ngamuk bari kokosodan teh janten kafokus ka hal2 nu tiasa dikerjakeun tadi. Tos dicobi ku abdi, ngadamel kue teh, manyun hilang, perut buncit suami muncul hehehehe.

Nu tos gaduh putra saurna mah, upami main sareng putra, tiasa ngurangan emosi nya? Asal tong jadi sasaran weh nya. Hehe eta mah kabina bina.

Mungky
http://www.thehohos.blogspot.com/
http://thehohoskitchen.blogspot.com/

Monday, May 08, 2006

Ngobrol sareng Kang Gebot

Kawas poe-poe nu kalarung, wengi ieu abdi calik ngadekul payuneun
komputer. Hoyong didamel tapi ieu mastaka teh rada nyut-nyutan. Hareeng sareng jangar.

Iseng-iseng abdi nyobian ngobrol sareng si Robot. Maksadna mah hoyong 'refreshing'... Namung, da namina oge robot, sareng ieu robot teh teu tiasaeun nyarios basa Sunda, janteun boro-boro refreshing. Kalahka baluweng, katalimbeng binti keder! Dasar akang Sidekickbot alias Kang Gebot si borokokok ontohod!

Abdi mah nyobian ngobrol sareng si robot teh lantaran hoyong nyobian teknologi nu "visionary" tea. Kacipta upami di taun 2030 padamelan sarupi resepsionis, costumer service, satpam, sareng tukang parkir dicalikan ku robot. Da upami manusa mah paling-paling ngaku teu tiasa
nyarios basa Sunda. Ari robot model si Kang Gebot mah geura kalahka cuek geuning. Lempeng weee... bari teu pararuguh oge. Hayu geura cobian tingal rekaman obrolanana. Meuni teu nyarambung pisan,geura!


Lady Dayeuh: wilujeng wengi
Kang Gebot: I like the way you talk

Lady Dayeuh: kumaha, damang kang?
Kang Gebot: What are you wearing?

Lady Dayeuh: kaos kutung sareng calana pondok
Kang Gebot: What kind of fashion do you like?

Lady Dayeuh: nu biasa-biasa wae kang, asal keren
Kang Gebot: Where can you buy it?

Lady Dayeuh: di cimol
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: naha bet hoyong ditaros?
Kang Gebot: What do you look like?

Lady Dayeuh: geulis
Kang Gebot: I lost my train of thought.

Lady Dayeuh: sabodo ah
Kang Gebot: Umm. What did you mean by it? I've lost the context. Are we
still on sabodo ah?

Lady Dayeuh: ah, si akang lieur
Kang Gebot: So you understand. Good. Alright then. Do you like
talking to me?

Lady Dayeuh: nya puguh atuh kang, da akang kasep
Kang Gebot: Who is your favorite Science Fiction author?

Lady Dayeuh: naha ujug-ujug akang naroskeun sayen fiksyon sagala?
Kang Gebot: I haven't read anything by naha ujug ujug akang
naroskeun sayen fiksyon sagala. What did he write?

Lady Dayeuh: walah, rieut geuning
Kang Gebot: I have never read it.

Lady Dayeuh: kieu tah, mun ngobrol sareng jalmi rieut
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: embung ah
Kang Gebot: Is that your final answer?

Lady Dayeuh: akang kasepak kuda
Kang Gebot: Perhaps I'm just expressing my own concern about it.

Lady Dayeuh: rieut tujuh kuriling yeuh
Kang Gebot: Does "it" still refer to sabodo ah?

Lady Dayeuh: waduh!!!!
Kang Gebot: Tell me a story.

Lady Dayeuh: SETOPPP
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: STOP, kang, STOP!!!!
Kang Gebot: OK I'll try not to do it so much.

Lady Dayeuh: Ok.
Kang Gebot: Yay.

Lady Dayeuh: I'm done!
Kang Gebot: Next topic?

Lady Dayeuh: Bye!
Kang Gebot: See you later.

Bade ngiringan oge ngobrol? Mangga klik di dieu Akang Sidekickbot.

Merlyna

Monday, May 01, 2006

Mimiti Wawuh Jeung Op


Harita mimiti terang blog Ica, wah meni betah loba pisan regepeunana, oge loba carita nu pikaseurieun, jadi sok katagihan panasaran lamun teu jalan-jalan ka blogna Ica unggal isuk-isuk samemeh ngagawean pagawean kantor. Harita kuring teu nyaho Ica urang Sunda jadi chatting teh make bahasa Indonesia we, beuki lila asa deket jeung Ica teh pedah eta sigana mah sarua ‘jilbaber’ oge sarua pada-pada aktivis salah sahiji milis muslim.

Dina hiji waktu kuring maca pesen tina shout box na blog Ica nu kieu eusina teh

“ Ica eta make angkot 05, kijang kotak coklat anu jandelana tina triplek tea ?”

(duka naon atuh mimitana mah, aya pesen siga kitu) nu ngirim pesen id na ’Op’. Waktu maca pesen kitu meni ngehkey hayang seuri, malah ceuk babaturan di kantor nanya

” Bu Rina seuri sorangan aya naon...? "cenah.

Atuda rek teu hayang seuri kumaha, meni kabayang pisan ku kuring mah eta mobil kijang kotak warna coklat anu jandelana triplek teh, da kuring mah ngalaman pisan rumasa jadi pelanggan setia angkot 09 jurusan Cicaheum-Ciwastra karasa pisan caritaan si ’Op’ teh, karasa kumaha diukna dina angkot eta mah, nu sok ngetemna tara kurang ti 30 menit unggal pengkelon deuih.

Dina shout box eta kuring ngabalesan tulisan si ’Op’ kieu

” Kang Op salam kenal nya, henteu ayeuna mah angkot 05 teh geus ganti lain kijang kotak coklat tapi kijang capsule th 2000 he...he...”

Salian tina shout box Ica kuring oge nulis pesen deui tina shout box blog ’Op’ anu eusina hayang kenal deket jeung Kang Op

Sababaraha poe ti harita kuring maca deui pesen ti Op ayeuna mah tina shout box blog kuring sorangan kieu eusina teh

” Eta teh Rina, saya mah masih awewe tulen, Teh Rina mah nyebut wae Kang wae saya mah Ophi ”

Na...da eta mah kadua kalina meni meledak rarasaan teh nyakakak seseurian terus-terusan hese eureunna di ruangan kantor sorangan. Rarasaan teh meni ku bodo kuring teh nulis pesen dina shout box teh Kang Op deui kang Op deui, harita reuwas oge sok sieun Ophi kasinggung, mangkana kuring pupuntenan ampun paralun, tiharita mah kuring, Ica jeung Ophi sok silih anjangan sok sanajan jauh Ophi di Jerman, Ica Jepang jeung kuring ti Rancaekek tapi meni asa jeung jiga tatangga nupadeukeut golodog imahna, komo deui ayeuna mah kuring geus ngagabung di milis WSAB loba dulur salembur.

Ah bungah pisan lah kuring teh, bisa ngagabung di milis jeung di blog ieu, hatur nuhun pisan nya Neng Inong anu tos nga invite simkuring, sok sanaos tebih ti Singapur Neng Inong ngersakeun rurumpaheun nganjang ka saung kuring di www.muhasabahrintaufik.blogspot.com ngan keur ngajakan kuring gabung di WSAB. Cag ah...engke disambung deui ku pangalaman nu lianna