WSAB: June 2006

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Sunday, June 25, 2006

PANDANGAN HIRUP URANG SUNDA

Pandangan hirup urang Sunda dipilah jadi 5 bagian yaeta :

1.Urang Sunda sabage pribadi

Kudu hade gogog hade tagog
Urang Sunda diharepkeun sajabaning ngabogaan rupa jeung awak nu tegep, pantes, oge ngabogaan budi jeung sikep nu hade.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu diungang
Urang Sunda kudu bisa ngandalikeun lisan, ngomong kudu aya maksud jeung tujuan nu bener, cumarita kudu diatur sangkan teu nganyeurikeun batur.

Sacanggreud pageuh sagolek pangkek
Urang Sunda mah kudu ngabogaan sikep nu tandes, konsisten, henteu jalir jangji. Pengkuh dina bebeneran

Ulah lali ka purwadaksina
Urang Sunda kudu tetep sederhan , teu meunang kaleuleuwihan dina enggoning ngalakonan kahuripan, kudu inget ka asal. Asal jelema mah teu boga nanaon, euwueh nu kudu dipikareueus kabeh ge milik nu maha suci Tuhan YME

2.Hubungan jeung nu nyiptakeunnana

Mulih ka jati mulang ka asal
Urang Sunda kudu inget yen jelema mah diciptekeun ku Tuhan YME, oge bakal maot balik deui ka nu bogana

Dihin pinasti anyar pinanggih
Urang Sunda kudu percaya sagala rupa kajadian teh kabeh lantaran ijin ti Tuhan YME

Nimu luang tina burang
Urang Sunda kudu yakin yen sagala kasusah tangtu aya hikmahna, nu kudu di teang hikmah tina sagala kajadian eta.

3.Hubungan jeung lingkungan social

Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh
Urang Sunda kudu hirup rukun silih pikanyaah, silih simbeuh ku kadeudeuh.

Pondok jodo panjang baraya
Urang Sunda kudu boga kayakinan sanajan lain jodo tapi babarayaan/ duduluran mah teu meunang pegat

Ulah ngaliarkeun tales ateul
Urang Sunda teu meunang nyebarkeun isu/ berita, nu can tangtu benerna komo deui nu teu bener.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Sanajan susah, kudu tetep babarengan

Nyuhunkeun bobot pangayun timbang taraju
Kaadilan nyaeta milik sakabeh jelema, kitu oge urang sunda kudu miharep diperlakukeun adil, oge kudu nagbogaan rasa kadilan ka sasama

Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang
Urang Sunda mah lamun dating kahiji tempat kudu boga pamaksudan nu puguh, jadi unggal rek indit-inditan kamana wae, rek hadir dimana wae oge tinangtu boga tujuan

Taraje nanggeuh dulang tinande
Urang Sunda mah lamun dibere pancen naon wae kudu ngajalankeun kawajiban nu bener.

4.Hubungan jeung lingkungan alam

Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna
Urang Sunda ngabogaan kayakinan yen tiap-tiap mahluk boga carana sorangan dina kajalankeun kahirupannana

Jawadah tutung biritna, sacara-carana
Urang Sunda mah kudu ngahargaan kana kabiasaan batur sanajan beda jeung urang sorangan

5.Kamajuan lahiriah ku jalan taat kana norma-norma

Ulah pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian
Urang Sunda teu menang parebut kakawasaan atawa jabatan

Ulah ngukur baju sasereg awak
Urang Sunda teu meunang ningali masalah tina kapentingan pribadi

Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Urang Sunda mah teu meunang meres ka jelema leutik (rahayat)

Ulah ngeok memeh dipacok
Urang Sunda mah teu meunang mundur samemeh ihtiar

Kudu bisa kabula kabale
Urang Sunda mah kudu bisa hirup dimana wae, wawuh/gaul jeung saha wae (fleksibel)

Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih
Urang Sunda mah kudu bisa usaha satekah polah (maksimal) keur nedunan pangabutuh.


* ku Rina M. Taufik

Wednesday, June 14, 2006

Bandung oh Bandung



Bandung heurin ku tangtung..
boh jelema boh runtah tos sagunung

Bandung heurin ku tangtung
Nyeri hate ningali nepi ka pundung




Bandung heurin ku tangtung
Kamana citra Bandung nu agung?

Bandung heurin ku tangtung
Kumaha meh teu leuwih buntung?

-sabada maos Bandung janten kota terkotor

Foto : PR

Friday, June 09, 2006

Ngintip

Bedul, Kedul jeng Ohod keur ngalagedai di pos ronda. Jol Neng Kesih, putrana Pak Imron naek sapedah. Eta nu tiluan langsung ngorejat ningalina.

"Nu geulis sarena kumahanya?" ceuk Bedul.
"Peureum atuuuhh maenya nyengir siga kuda tah siga maneh!"tembal Ohod.
"Enyaa maksudna make baju teu"ceuk Bedul deui.
"Kumaha urang intip weh lah ngke yuk?" usul Kedul.
"Hayuklah" Bedul jeung Ohod sarerea.

Peuting tiluan geus sariap di handapan jandela si Neng Kesih.

"Euhh imahna tingkat kieu, geuslah Ohod maneh di handap da jangkung badag terus Kedul luhurna ngke urang pangluhurna" atur si Bedul.
"Siaplah" tembal nu duaan

"Keur sisiran" lapor si Bedul.
"Keur sisiran Hod " Kedul neruskeun ka Ohod.
"Euleuhhh" tembal Ohod bari ngahayalkeun.

"Keur ganti baju ayeuna mahh" Bedul sorak.
"Hihihi.. keur ganti baju ceunah" Kedul gantian mere nyaho deui Ohod.
"Maenya?."si Ohod panasaran jeung kakina tos nyut2an.

Apekteh Ohod ningali aya satpam
"Buruuu lumpaaat eta aya satpammmm"

Si satpam, teu manggihan nanaon ngan aya 3 karung didinya.

Nu hiji si Kedul, ditajong, aya sora "Meeoong."
"Oooh Ucing geningan . bae lah" pikir satpam.

Kadua, Bedul, ditajong aya deui sora "Guk guk!."
"Oooh gugug geuningan ieu mah"

Nu katilu si Ohod bingung, sora naonya nya? akhirna manehna aya ide

Pas ditajong, manehna ngagorowok :" Kentaaaanggggggggggggg"

Sumber : Humor ti LJ