WSAB: August 2006

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, August 31, 2006

Wilujeng Angkat Inong...

Innalillahi wa Innailaihi Rajiuun. Jumaah, ping 1 september tabuh 7 waktos singapur, dulur urang sadayana, Anna Siti Herdianti, atanapi Inong ngantunkeun urang sadayana, dipundut ku nu Kagungan Alloh SWT. Hujan cisoca, gerendeng du'a nyarengkan lengkah Inong ka Alam Kubur, mugia Alloh nampi Iman Islamna, Nampi sagala kasaean sareng ibadahna, Oge Haris, Zidan, Syifa sing dipasihan kakiatan nandangan cocobi nu kalintang ageungna. Insha Alloh kasaean Teh Inong janten jalan kabagjaan lengkah palaputrana, ayeuna dugi ka jaga.

Ka baraya dulur sadayana, neda panghapunten kanggo Inong boh bilih salami anjeuna kumelendang di dunya ieu kantos ngaraheutan manah aranjeun. Hayu urang silih pupus kalepatan, kanyeri. Keun jalanna Inong ka alam kalanggengan sina lancar, beres roes taya pangbeubeurat.

*WSAB

Fifi:
Sobat …. Teu nyangka offline message hoyong tahu & endog asin teh geuning kahoyong terakhir ……… puguh we nyesek ayeuna mah da teu aya harepan tiasa nyumponan kahoyong anjeun ……
Tapi sigana eta nu dipikahoyong Gusti Allah …. Wilujeng ….. sok geura papag jalan nu caang tur endah ……. Insya Allah urang riung mungpulung deui ke dina waktosna

Lia:
Teh Inong, Bral geura miang, tong melang tong ringrang ka barudak seueur du'a, seueur kanyaah teteh nu nyesakeun tapak di alam dunya, keun janten bekel barudak.
Teteh nu geulis, bageur. Sanaos urang teu kantos tepang paadu raray tapi meni asa caket dina hate, ku alatan kasaean salira, kasabaran salira. Wilujeng angkat Teh...!

Wida:
Innalillahi wa Inna Ilaihi Rajiu'un, mugia Teh Inong ditampi Iman Islamna. Teh, hapunten wida masih keneh gaduh janji nu teu kacumponan. Teteh nu bageur, wida mah syukuran ka nu kawasa tiasa kantos kenal sareng tepang sareng Teteh... wilujeng angkat!

Tantri;
Ya Alloh, dina enjing ieu Anjeun mundut deui Pun adi, Inong dina tempat istirahat nu endah.

Teh Willa:
Ya Allaaah Inong ku teu nyangki bet ngantunkeun teteh,mung sakali papendak teh,paingan mani pageuh nangkeup basa urang bade pisah di KTS Semanggi teh
bari nyarios: Engke urang pendak deui nya Teeeh,engke Inong uih ti payun! Manawi teh uih ka Singapura Nooooong,wilujeng angkat Inong,mugia Allah maparinan jalan anu lega ka Inong sareng maparinan kasabaran,katabahan ka Haris sareng para putra nu aralit keneh duuuh Gustiiii mugia Haris sareng putra-putrina salabar, tabah.


Yanti:
Kuring ngarasa kagagas jeung reueus, Inong nu handap asor tapi luhur elmu teh ngagaduhan batur nu seueur pisan. Anjeuna masih aktip, giat, kreatip, kalebet nu teu daek cicing, someah & reuseup heureuy. Aya saleser kareueus rehna kuring kaasup salah sahiji baturna.
Insya Alloh hiji ahir nu endah, sanajan beurat kanggo Haris, Zidan& Syifa. Tabahkeun aranjeuna Ya Alloh...

Yuli:
Teh Inong.... hatur nuhun kana sagala rupi ilmu anu tos dibagi ka abdi....
mugia sagala amal ibadah teh Ioong ditampi ku Allah SWT, Aminn...

Rina:
Sanajan teu pernah paamprok jonghok sareng Teh Inong tapi ngaraos sobat dalit ku maca blogna, kalucuan zidan sareng syifa asa tos kenal caket pisan kulawarga anjeuna, nyeredet jeung asa malaweung nguping koma, da asa cikeneh maca blog ngibaran Ibuna sumping. Duh Teh Inong...abdi sakulawarga ngiring bela sungkawa, mugia Teteh kenging tempat nu lega disisiNA, oge ka kulawarga nu dikantunkeun sing dipasihan kasabaran...amin.

Ophi
Teh..akhir2 ieu jarang YM sama teteh, saya keur riweuh pisan di sakola. Asa sono...tapi teu sempet wae naros ka teteh, ngan ninggalin pesen di SB, sampe terakhir ningali teteh onlen, sapoe sateuacan teteh ka RS, meuni atoh, teteh masih jail, masih ceria...Naha atuh baca email enjingna aya kabar eta...meuni reuwas..meuni leuleus...poe ieu, saya gugah, alim muka komputer, alim mukaan internet, sieun teh sieun pisan aya kabar buruk tentang teteh...tapi pas akhirna dibuka, ternyata Allah sayang pisan sama teteh...Allah memang sayang ka nu balageur...Teteh teh meuni shalehah.... Abang Zidan dan Syifa oge seueur nu sayang teh...Insha Allah pas arageung tos ngertos...macaan blog teteh...mereka teurang kumaha bageurna Bundana, kumaha seueurna nu merasa kahibur kabantos ku bundana... Selamat Jalan teh...Innalillahi Wa Inna Illahi Rojiun...ya Allah, terimalah segala amalannya, ampunilah segala dosanya, lapangkanlah jalannya...
Roro
Sanaos teu kantos tepung paamprok jonghok, Inong, hate teh asa tos kenal mangtaun taun, ku bageurna, ku someahna...
Wilujeng Inong, urang sadaya tangtos bade nuturkeun...
Mugia zidan tur syifa dikiatkeun, kitu deui Haris
Mugia nu maha suci nempatkeun Inong disagedengeunaNa, amiiin

Wednesday, August 30, 2006

Nyuhungkeun doana

Salah sahiji wargi WSAB nyaeta Inong ayeuna nuju koma di Rumah Sakit di Singapura. Ka wargi sadaya dipahapunten pisan doana, meh Inong enggal sehat, enggal jag jag..supados tiasa deui sasarengan sareng kulawargana oge sareng urang sadaya...

Apdet kabarna di dieu



Tuesday, August 22, 2006

Dongeng 17-an

Dina raraga ngareuah-reuah 17 Agustusan, kantor abdi ngayakeun sababaraha kagiatan. Kagiatan eta tos dikawitan ti pertengahan Juli..tepatna dilaksanakeun saatos rengse jam damel sekitaran tabuh 5 sonten.

Kagiatan naon wae tah? sapertos di tempat sanes lomba2 anu diayakeun teu patos benten aya volley, basket, futsal, 3 point shoot, bilyard, bowling anu ditandingkeun ku antar divisi (departemen). Olahraga-olahraga anu ditandingkeun dina acara agustusan eta saleresna teu bireuk deui kanggo warga kantor abdi margi tos mangrupakeun kagiatan ekstra kurikuler mingguan (siga sakola wae nya aya ekskul :D). Kaleresan sim abdi ngiringan ekskul basket janten dina agustusan ieu abdi teh gabung kana tim basket anu hasilna alhamdulillah juara 1.

Salian ti kegiatan olahraga, anu ditandingkeun teh aya anu mangrupi fun games/outbond games sapertos triathlon, stiker tag, bridge of life, balikeun karpet, sumpit sukro dimana eta permainan sadayana meryogikeun kakompakan tim. Panasaran kumaha bentuk games-na? mangga di tampi ieu gambar2na :d ( siga tuangeun wae nya, meni ditampi ;)) )





Lomba sukro sareng nuang sangu koneng, sanes lomba anu nuang sangu koneng mah, heheheh






oh aya anu kakantun dina acara puncakna (ping 16 agustus, margi 17 agustus kabujeng liburan) aya lomba yel2, kuis seputar kantor, idol, sareng kebersihan. Saleresna kebersihan ieu oge tos dikawitan di pertengahan juli, saminggu sakali diayakeun penilaian, hal anu dinilaina selain bersih oge kedah endah di pandang sareng aya faktor lain tapi abdi kirang patos terang margi anu karaos kuabdi ruangan tempat abdi didamel di rias jadi suasana minang, ruangan sabeulah abdi dirias gaya sunda,betawi, jawa, batak, bali..pokokna jadi rame weh siga di bumi anu bade ngayakeun hajatan pangantenan/sunatan :d saurna mah lantai tempat abdi damel nyandak tema nusantara (oh pantesan ruanganana dipinuhan ku benda2 ti daerah2/suku di indonesia :d).

Alhamdulillah sadaya kagiatan agustusan tiasa lancar dugi ka akhir, mudah2an nikmat kamerdekaan ieu tiasa dikecap ku sadaya umat manusia di dunia Amiiien.



*Wida

Sunday, August 13, 2006

Nyalurkeun Bantuan

Syukur ka Tuhan YME, sampai ditutupna loket WSAB terkumpul dana Rp. 1.100.000,-

Dana atos dipasihkeun ke Paguyuban Silih Asuh (Istri Pensiunan Batan Bandung) kanggo nambahan paket nyaeta susu, biskuit, acuk daleman, atk kanggo barudak sakola sareng sajabana.

Kamari, 12 Agustus 2006, ibu2 ti Paguyuban Silih Asuh atos nyalurkeun langsung ka lokasi bencana nyaeta cipatujah sareng cikalong tasikmalaya, mangga tiasa ditingal foto2 terlampir :).

Rincian anu nyumbang

1. Carita Bunda Rp. 78.000
2. Bunda InBiz Rp. 2oo.000
3. Ibu Oasis Rp.100.000
4. Ummi Kenangan Rp. 150.000
5. Ibu Wartawan Rp. 100.000
6. Tukang Kantong Rp. 121.993
7. Ibu Geol Rp. 150.007
8. Mama (x)Penyiar Rp. 200.000

Laporan rincina pengeluaran artos sadaya dikirim japri ka para donatur.















Abdi atas nama WSAB, ngaturan nuhun sa ageung ageungna, semoga Tuhan YME ngabales sadaya amal2 an wargi sadaya. Insha Allah di waktos sanes tiasa leuwih seueur deui, nu nyarumbangna ;)

-molly-