WSAB: September 2006

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, September 20, 2006

Lagu panineung

Teu Honcewang Sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjoang keur lemah cai

Lali rabi tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima

Ihlas rido keur korban merdeka


Tembang eta teh keur kuring mah sok matak muringkak bulu punduk, lain ku sieun tapi ku kahudangna rasa jeung rumasa. Rasa reueus jeung nyaah ka nagara, rasa rumasa jadi urang Indonesa. Komo deui ayeuna di lembur batur, meni waraas.

Sok baraya, sok waas upami ngadangu lagu sunda naon? Mangga babagi di komen nya, tiasa diserat sakedik lirik laguna...


Wednesday, September 06, 2006

Endahna Layung Beureum di Waduk Darma*(


*( Indahnya senja di Waduk Darma

Eta teh slogan salah sahiji tempat wisata di Kuningan, kota kuring. Hiji danau endah nu dingaranan Darma. Langkung dikenal namina "Waduk Darma", margi danau eta teh mangrupi dam/bendungan/waduk anu didamel kanggo kaperyogian cai di Kabupaten Kuningan jeung sakitarna.

Waduk Darma didamel ti jaman walanda keneh. Ku sagala pasualan pisik,sosial sarta ekonomi, pangwangunan waduk darma ngeueum 425 hektar taneuh. Ayeuna unggal poena ngahasilkeun cai 39 juta kubik nu digunakeun keur nginum sarta irigasi tatanen disabagian utama daerah Kuningan.

Pernahna eta waduk aya di wewengkong Desa Jagara, Kacamatan Darma. Puguhna mah di jajalaneun Cirebon-Ciamis, jarakna sakira 12kilo ti kota Kuningan & 37kilo ti Cirebon. Pami ti Ciamis sabaraha kilo nya...(cing cung urang ciamis hehe).
Ti Kuningan mah tiasa disumpingkan nganggo angkot, elf atanapi beus antar kota. Ongkos? mangga we tawis ku anjeun, atanapi taros panumpang nu gigireun. Nya standar lah, mung sing sabar bae pami kabagean angkutan anu ngetem atanapi malih sabalikna meded dugi ka mangga nyanggakeun tatih bari nonggeng na panto elf atanapi deui tatih pasesedek kelek dina Beus (...yikes:D). Nya pami hoyong santey, nganggo kandaraan pribadi wee. Lebet ka Loket jaga tos sayogi tempat parkir nu raos. Mung peryogi waspada kumargi aya di daerah gunung, boh ti arah kuningan atanapi ti ciamis, jalan ka Waduk Darma teh bulat beulit meh ngabentuk angka 8.

Namung ulah hariwang, pangorbanan di jalan bakal kabayar ku kaendahan Waduk Darma ku anjeun. Sanaos sloganna nunjukeun kaendahan layung pasosore(Keindahan Senja), basa panonpoe surup di kulon, nembongkeun endahna kelir layung, tur kagambar dina cai ulang-ulangan, ditembalan ku angin nu ngahiliwir niup tatangkalan. Waduk Darma tetep endah disumpingan iraha bae. Tangtu wae dina jam kunjungan bukana waduk.
Malih mah dina raraga mangsa husus, misalna 17 agustusa, tepung taun Kuningan unggal tanggal 2 september, Waduk Darma jadi tempat dilaksankeun rupa-rupa lomba nu khas, diantawisna; dayung, panah, jeung rupa2 kamonesan daerah tradisional (hilap deui yeuh, punten).

Urang ge tiasa nyewa eta tempat kanggo ngayakeun acara nyalira. Misalna reuni, pesta kebon, speedboat, dayung jste. Didinya oge sayogi sababaraha bungalow kanggo disewa teu kakantun warung-warung tempat jajan (horeee...).

Teu kalangkung, sabab aya tangkal jeung cai, sok ngadatangkeun hawa romantis (siga pelm India kitu). Seueur nonoman nu dongkap ngadon bobogohan, paduduaan sisi cai handapeun tangkal, ngararasakeun kaendahanna babarengan. Tah hayooo saha nu pernah ka Kuningan atanapi urang kuningan, pasti kantos ngajak kabogohna ka Waduk Darma. hihi kalebet nu nyerat postingan yeuh:P.


Nu ngadon paduduaan teh taya kasieun, sanaos aya mitos, ti mimiti nu sararieun sapertos, sok katingali aya belut bodas meuntas di "jembatan" (naon sundana hilap deui) sisi waduk dugi ka papatah sepuh: Tong ngajak kabogoh ka Waduk Darma bisi putus.



Alah hag... saha nu nyidem dina atina hoyong putus? :P Leres heunteuna sih teu pasti nya, namina ge mitos. Tapi memang pami sepuh nyarios kedah didangu teh kitu da geuning sok aya wae leresna. Buktosna abdi ku anjeun, ngajak kabogoh kadinya...ahirna putus!!!
Eits, tong lepat, ieu mah putus nu ngabungahkeun alias putus ku alatan rubaah status janten laki rabi, malih tos aya buntutna yeuh, Kaka..:) Yeuh buktosna ge...


Sok geura saha wae anu ngalangkung ka wewengkon dinya, mangga sindang ka Waduk Darma. Dijamin nyugemakeun kana manah tur salira.


Salam
Roro di keseharian.com (versi Indonesia aya di dinya)
Poto Waduk Darma dikirim ti: gunardisaputra.fotopages.com
*Poto handap mah sanes di waduk Darma ah, punten, tos lami tisaprak putus jeung kabogoh tara kadinya, hehehe