WSAB: February 2007

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, February 15, 2007

Kopdar Amerika

*Kopdar Amerika Tengah

Hapunten sateuacanna, ieu kopdar amerika tengah teh nembe majeng ayeuna, kumargi.. kumargi.. ah seueur alesan pisan ah.. :)

Kieu dongengna teh. Emut kana paribasa: uyah di sagara, asem di gunung, patepung dina panci? Heheh.. sanes paribasa sunda sigana muhun. Nanging teu nanaon lah urang angge wae kumargi, enyaan pami diemut-emut mah, masha alloh, iraha teuing bade pependak.

Teh Keukeu anu tebihna 7 jam ti O Fallon, teras Teh Lintang anu tebihna 25 jam sarumping ka St Louis, wewengkon abdi, si panci, pun roro, hihihi...
Janten we 3-an wanita sunda anu rumaos gareulis (ulah protes) teh papendak di dieu. Kaleresan aya acara pertemuan akbar muslim saamerika anu disumpingan ku abdi 3-an. Ngawitan teh si panci calik di ruang makan, nitenan jalmi hiji2 bari ngabayangkeun nu mana Teh Keukeu teh, nu mana Teh Lintang teh. Teras aya istri geulis nyarios Endonesa tapi lentongna lekoh sunda. Ahhh ieu meureun Teh Keukeu teh. Teu isin2 abdi naros:
"Teh Keukeu... roro"
"Aeeeh hihih hahah.. hehe.. hihi..." tos tiasa diteguh kadituna mah nya :P
Teras ku anjeunna dituduhkeun ka teteh geulis hijina: Teh Lintang, sami ieu ge, tatangkeupan bari
"Hihi hehhe heuheue.. hahah..." saromeah wanita sunda teh nya :P

4 dinten ngiringan acara teh resep dan amprok deui amprok deui. Dinten panungtung, sateuacan mulih ka Idaho, teh Lintang sakulawargi sindang ka rorompok, aeh apapartemen :P. Ngobrol kaditu kadieu. 3 jagoan Teh Lintang akur pisan ngasuh pun anak. Abangna anu pituin Aceh teh singhoreng jago pisan nyarios sundana. Majarkeun teh, kapungkur disaratan ku ninina Teh Lintang kedah tiasa maos Majalah Mangle pami keresa ka Teh Lintang, hihi. Kitu Teh? Hidup WSAB :P

Sakitu carita pondok asem, uyah, tur panci, hihihi. Nu puguhma janten sayur haseum anu raos pisan :) Poto di handap, abi sareng teh Keukeu, teras abdi ngais Sajid, bungsu Teh lintang di poto sareng teh Lintang. Naha abdi deui abdi deui? da resep kapelm abdi mah ;)





Salam
-Roro,USA


* Kopdar Amerika Wetan



T'Rina, T'Juju, T'Elly, Lia, T'Yanti


Di wewengkon Amerika Tengah, kaetang seueur anggota WSAB teh, kirang langkung aya 7-an, sanaos benten2 state, tapi teu patos tarebih paling tebih sakinten 5 jam-an lah, ti urang Boston dugi ka New York pinten. Mung kaleresan Kopdar nu bade didongengkeun ayeuna teu sadayana tiasa ngiringan.

Tilu wanoja (wios tos ibu2 ge ah, meungpeung di wsab yeuh tiasa keneh disebat wanoja:P) ti Connecticut; Teh Juju, Teh Rina sareng Teh Yanti. Dua wanoja ti Massachusetts, sim kuring, Lia sareng Teh Elly .

Rencana dikawitan ti ayana rencana Teh Elly nu bade mulih ka Indonesia akhir Januari 2007 kamari ieu. Ditambih deui anjeuna teu acan kantos ngiringan Kopdar WSAB saurna teh janten teu acan kantos tepang sareng WSAB sanesna iwal ti abdi sareng Teh Juju nu kantos tepang sateuacan gabung di WSAB kirang langkung 2 thn kapengker. Kukituna direncanakeun kopdar WSAB wewengkon Amerika Wetan, nu waktosna ping 14 Januari 2007 di bumina Teh Juju di West Haven Connecticut tabuh 12-an siang.

Dinten minggon harita teh, abdi sakulawarga tos mios ti rorompok tabuh 9 dugi diditu 10.30 enjing2, maksad teh bade nyambel heula kitu janten rada tangian hehe. Salajengna Teh Rina sumping, anjeuna mah mung 10 menit ti bumi Teh Juju teh. Sanaos harita Teh Rina kenging cocobi katunggara ku kajantenan karuron kakandunganna, anjeuna tiasa sumping kalayan ku kaageungan manahna, katawis janglar, mugia Alloh maparin gegentos nu langkung sae.

Teu lami Teh Yanti anu 15 menit tebihna, disusul Teh Elly nu pangtebihna 2,5 jam-an ti Bostonna teh, sarumping alhamdulillah lengkap. Atuh der weh balakecrakan, ngabudalkeun kasono, ngabudalkeun sagala carita, teu hilap tuangeun ge tos sayogi ku lengkapna, duh aya mie ayam sareng basona, aya gule kikil *abdi dugi ka kalap neda-na ge bakat ku nyiraaammmm haha alesan padahal mah kabeuki we*, aya itu aya ieu, pokokna mah teu eleh lah ku nu kalopdar dilembur ge, bentenna ari urang lembur mah kantun Am ari didieu mah sagala kedah ngesang heula didapur, eh abdi mah kantun Am oge ketang hihi.

Istimewana kopdar di West haven, aya katambihan Fitri nu saurna dahuanna urang sunda, janten masih kaitan hehe anjeuna nu mekel Baso. Aya Ibu Tika nu tos dibatis janten urang sunda oge da bakat ku tos dalit atuh sareng Teh Juju teh Rina mah janten sanes batur anjeuna teh, malih Tika nu ngadambel gule kikil teh kanggo nu nyiram cenah judulna mah hehe, meni kudeudeuhna geura. Alhamdulillah silaturahmi teh nya, lintas daerah, lintas sagara nyaleksek kana ati sanubari. Moal aya bosenna, moal aya kapokna sili patepang, nyebor silaturahmi dugi kapetik buahna. Insya Alloh.


T'Elly, Tika, Fitri, Lia, T'Rina, T'Juju, Rafi (bungsuna T'Juju)



Wassalam

Lia Massachusetts USA

Labels: