WSAB: May 2014

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, May 21, 2014

Paheuyeuk-heuyeuk Leungeun

Haturan balarea, nyanggakeun kasono ti jisim abdi, mugi sadayana aya dina ginanjar kawilujengan. Danget ieu, abdi hoyong ngaguar carita.

Dina hiji isuk, kinten-kinten tabuh 7, abdi masih nguplek di dapur, masak bari kukumbah wadah. Barudak nu lalaki gaduh kagiatan sewang-sewangan. Sabot  kitu, kakuping aya nu gogorowokan di buruan "tangga Bu, taraje-taraje", teu aneh unggal enjing nu gogorowokan nawisan tuangeun mah,  tukang cakue, bacang, tahu jeung rupi-rupi katuangan sanesna, tapi harita naha aya tukang taraje asa teu biasa. Abdi kaluar panasaran ningali tukang taraje, ah sakalian we sauran,

 "Bapa, punten liren heula didieu. Abdi sanes bade meser taraje da kaleresan ieu mah bumi kampus, janten sagalarupi dileres kampus, abdi teu acan peryogi tarajena, mung hoyong ngahaturanan we yu kalebet, istirahat heula, eta geuning taraje satilu-tilu bari arageung dipanggul kitu pasti abot"

"Ah sawios Bu Neng, isin"

"ih teu kedah isin-isin, hayu urang ngaleueut heula geura"

Si bapa tukang taraje ngecagkeun tarajena, bus lebet ka rorompok. Ku abdi sina calik dina meja makan, sor disuguhan cai enteh haneut. 

"Mangga dileueut Pa, urang teras tuang nya. Kaleresan abdi nembe reres masak, teu acan sasarap"

"Ah entong Bu Neng, cekap ieu we cai" bari ngaregot cai entehna.
"eh ulah, sanes nu sae ieu ge nawisan teh, saaya-aya bae. Barudak, yuurang sarapan nyarengan si Bapa yeuh" abdi nyauran barudak. 

Sabot si Bapa tukang taraje sareng barudak sarapan, abdi ngabersihan kompor tilas masak.

"Hatur nuhun ieu Bu Neng, Bapa janten ngarepotkeun"

"Ih henteu pisan pisan Pa, barina ge sanes nu sae, sok sing kekengingan, dupi Bapa teh timana?" abdi ngamimitian tataros 

"Atos Bu Neng, cekap. Hatur nuhun. Bapa teh ti Cililin, tiditu mios tabuh 3 subuh kana treuk jajap nu aricalan ka Pasar Ciroyom, dugi di ciroyom teh kinten-kinten subuh, tah tidinya mah teras we mapah ngider, nembe dugi kadieu"

"euleuh geuningan lumayan lalampahan teh Pa, bakal dugi ka iraha ieu ngider teh?"

"Nya dugi ka pajengna taraje we Bu Neng, masing dugi ka enjing ge teras we diiderkeun"

"sabaraha kitu pangaosna taraje teh Pa?"

"Nu rada ageungna mah 200, nu biasana 150"

"Oh, muhun atuh mudah-mudahan pajeng sadayana dinten ieu nya Pa"

"Muhun Bu Neng, aamiin. Bu Neng kagungan 3 putera teh?"

"Opat Pa, itu nu alit tibra keneh, ari bapa gaduh putera sabaraha hiji?"

"seueur bapa mah, 7 sadayana, 2 tos narikah. Anu sarakola aya keneh 2, kelas 5 sareng kelas 3 SD. Ah teu ditareuraskeun sakolana teh, cekap dugi ka SD we, sina ngabantosan bapa usaha"

"Aeh lebar atuh Pa teu diteraskeun ka SMP mah, jabi pan ayeuna mah haratis sanes sakola SMP oge"

"Haratis mah bayaran sakolana wungkul  Bu Neng, da ari buku, seragam, sareng itu ieu mah nya angger we kedah ti sepuh, rada abot Bapa teh"

Duh bapa, kanggo nyiar 500 rebu kedah nguriling bari mamanggul taraje, teu acan tangtos kaical sadinten. Bari tina sakitu teh, kekengingan kotor, batina mung sakumaha. Nya kitu tea mah bujeng-bujeng kanggo meser buku barudak panginten, cekap kanggo tuang sakulawargi ge Alhamdulillah. Ku urang sadayana panginten kauninga, sanes mung si bapa tukang taraje ieu nu kahirupanna batan sakitu, rebuan masyarakat Indonesia nu dina kondisi nu sami sareng anjeuna.

Cag, carita si Bapa tukang taraje urang simpen dugi kadieu. 
Saatos ngobrol ngeunaan sakola sareng si bapa tukang taraje teh, rus ras emutan abdi, ngabayangkeun di jaman nu sakieu agrengna, geuning sakola teh masih keneh barang mewah kanggo sabagean jalmi teh, padahal pan dina UUD 1945 pasal 31

  1.  Setiap warga negara berhak mendapat pendidikan.
  2.  Setiap warga negara wajib mengikuti pendidikan dasar dan pemerintah wajib membiayainya
  3.  Pemerintah mengusahakan dan menyelenggarakan satu sistem pendidikan nasional, yang meningkatkan keimanan dan ketakwaan serta akhlak mulia dalam rangka mencerdaskan kehidupan bangsa, yang diatur dengan undang-undang. 
  4.  Negara memprioritaskan anggaran pendidikan sekurangkurangnya dua puluh persen dari anggaran pendapatan dan belanja negara serta dari aggaran pendapatan dan belanja daerah untuk memenuhi kebutuhan penyelenggaraan pendidikan nasional. 
  5.  Pemerintah memajukan ilmu pengetahuan dan tekhnologi
Nu disebat pendidikan dasar kiwari teh pan pendidikan dasar 9 taun tea, berarti dugi ka SMP. Tapi kanyataanna geuningan kitu, sakola masih janten beban abot. Sanaos disebatkeun di luhur biaya pendidikan dasar teh kawajiban pamarentah, tapi kanyataanna teu acan dugi ka beres roes sagala rupi kabiayaan ku pamarentah. Didieu aya tugas urang, salaku warga Indonesia, bagian ti umat beragama nu wajib tutulung ka nu butuh dina hal ieu tutulung kanu butuh pendidikan. Aya istilah urang bule nu nyebatkeun "it takes village to raise a child", nya urang nu bagean tina "village" eta. Hayu sasarengan, paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngaronjatkeun kahirupan bangsa dina widang pendidikan. WSABCare nu sababaraha taun kapengker sempet aktif masihan beasiswa ka sababaraha jalmi teh  urang hangkeutkeun deui. Kumaha carana? ke diwartosan, ayeuna mah siap-siap we heula :D