WSAB: Mimiti Wawuh Jeung Op
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, May 01, 2006

Mimiti Wawuh Jeung Op


Harita mimiti terang blog Ica, wah meni betah loba pisan regepeunana, oge loba carita nu pikaseurieun, jadi sok katagihan panasaran lamun teu jalan-jalan ka blogna Ica unggal isuk-isuk samemeh ngagawean pagawean kantor. Harita kuring teu nyaho Ica urang Sunda jadi chatting teh make bahasa Indonesia we, beuki lila asa deket jeung Ica teh pedah eta sigana mah sarua ‘jilbaber’ oge sarua pada-pada aktivis salah sahiji milis muslim.

Dina hiji waktu kuring maca pesen tina shout box na blog Ica nu kieu eusina teh

“ Ica eta make angkot 05, kijang kotak coklat anu jandelana tina triplek tea ?”

(duka naon atuh mimitana mah, aya pesen siga kitu) nu ngirim pesen id na ’Op’. Waktu maca pesen kitu meni ngehkey hayang seuri, malah ceuk babaturan di kantor nanya

” Bu Rina seuri sorangan aya naon...? "cenah.

Atuda rek teu hayang seuri kumaha, meni kabayang pisan ku kuring mah eta mobil kijang kotak warna coklat anu jandelana triplek teh, da kuring mah ngalaman pisan rumasa jadi pelanggan setia angkot 09 jurusan Cicaheum-Ciwastra karasa pisan caritaan si ’Op’ teh, karasa kumaha diukna dina angkot eta mah, nu sok ngetemna tara kurang ti 30 menit unggal pengkelon deuih.

Dina shout box eta kuring ngabalesan tulisan si ’Op’ kieu

” Kang Op salam kenal nya, henteu ayeuna mah angkot 05 teh geus ganti lain kijang kotak coklat tapi kijang capsule th 2000 he...he...”

Salian tina shout box Ica kuring oge nulis pesen deui tina shout box blog ’Op’ anu eusina hayang kenal deket jeung Kang Op

Sababaraha poe ti harita kuring maca deui pesen ti Op ayeuna mah tina shout box blog kuring sorangan kieu eusina teh

” Eta teh Rina, saya mah masih awewe tulen, Teh Rina mah nyebut wae Kang wae saya mah Ophi ”

Na...da eta mah kadua kalina meni meledak rarasaan teh nyakakak seseurian terus-terusan hese eureunna di ruangan kantor sorangan. Rarasaan teh meni ku bodo kuring teh nulis pesen dina shout box teh Kang Op deui kang Op deui, harita reuwas oge sok sieun Ophi kasinggung, mangkana kuring pupuntenan ampun paralun, tiharita mah kuring, Ica jeung Ophi sok silih anjangan sok sanajan jauh Ophi di Jerman, Ica Jepang jeung kuring ti Rancaekek tapi meni asa jeung jiga tatangga nupadeukeut golodog imahna, komo deui ayeuna mah kuring geus ngagabung di milis WSAB loba dulur salembur.

Ah bungah pisan lah kuring teh, bisa ngagabung di milis jeung di blog ieu, hatur nuhun pisan nya Neng Inong anu tos nga invite simkuring, sok sanaos tebih ti Singapur Neng Inong ngersakeun rurumpaheun nganjang ka saung kuring di www.muhasabahrintaufik.blogspot.com ngan keur ngajakan kuring gabung di WSAB. Cag ah...engke disambung deui ku pangalaman nu lianna