WSAB: Pangalaman pindahan
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Sunday, March 19, 2006

Pangalaman pindahan

Taun 2004 abdi sarimbit aya maksad ngalih ka Makassar. Salami ieu abdi dumuk di Jakarta. Kunaon kedah ngalih ka Makassar, margi tos salama dua satengah taun abdi kedah hirup di dua dapur, caroge di Makassar sedeng abdi sareng pun anak (Kakang) di Jakarta. Ari satadina mah caroge mung sakedap tugas di Makassarna teh, katambih-tambih kagok deuih ari bade langsung ngalih ka Makassar jalaran pun anak nembe lebet sakola dasar kelas hiji. Antukna, abdi sareng pun anak ngapelan caroge unggal tilu sasih sakali (cobi emut, abot pisan nete kahirupan sapertos kitu teh nya ibu-ibu nu gareulis).

Kumargi caroge tos dua satengah taun di Makassar, aya maksad abdi sareng pun anak nyusul, palingna oge saatosna pun anak naek ka kelas tilu. Namung caroge malih dialihtugaskeun deui ka Surabaya. Tah ti dinya muasal carita abdi janten ngalih ka Surabaya, padahal harita kedah nyiapkeun mental Kakang sareng abdi nyalira ka Makasar mung gaduh waktos dua minggu ti jadwal awal ka Makassar. Memang, harita rada shock oge (namung kitu tah resiko gaduh caroge wartawan, kedah siap ngalih kamana wae, iraha wae—sapertos iklan coca-cola nya!)

Ping 10 Juli 2004 abdi ngalih ka kota Buaya ieu, (padahal abdi lebet damel ping 16 Juli 2004) emutan teh meh tiasa ngalalanyahan tempat enggal sareng ningali kaayaan kanggo pun anak sakola oge (malah si Kasep lebet sakola ping 21 Juli 2004, harita lebet taun ajaran enggal kelas tilu SD).

Nu karaos ku abdi, nyiapkeun mental Kakang sareng lingkungan enggal rada sesah oge, kumargi adab-biadabna rada benten (cenah di sakola guruna garalak, padahal mah pedah intonasina rada beladag-beledug sapertos merecon, pedah nganggo basa jawa gaya surabayaan, hiiiiii… benten jeung waktos di Jakarta, eh Tangerang ketang ari Bintaro mah). Nya tos janten tugas abdi nu kedah pinuh ku kasabaran, katambih caroge rada stres oge ngalih ka Surabaya teh jalaran tos ngaraos betah dumuk di Makassar anu lalu lintas na teu semraut, kaetang tenang, kamana-mana enggal sinareng lancar. Atuh tugas abdi nambihan keda kedah nyadarkeun (naha pingsan kitu??) bapana pun anak anu kedah tiasa mayunan kondisi ayeuna di Surabaya, anu tangtos benten sareng Makassar.

Alhamdulillah ari abdi gaduh prinsip “gampangan”, hartosna hirup dimana wae mangga teh teuing nu penting masih aya keneh di kolong langit, janten mun ceuk basa gaul tea mah “enjoy aja” waelah! “No problem”, cenah mah, janten teu aya masalah kanggo abdi nyalira, abdi ngaraos enjoy .

Tangtos abot kanggo abdi nu kedah masihan caroge kajelasan yen hirup di Surabaya teu kedah janten stres, ongkohna mah kedah tiasa ngondisikeun Kakang . Harita bapana si Kakang leres-leres ngaraos teu betah di Surabaya malah cenah mending uih wae ka Jakarta sakalian macet tapi nya lumayan disiplin nyupirna dibanding di dieu, nu aduuh amburadul, saradak suruduk……. matak jadi stres lamun diemutkeun mah, teu acan persoalan Kakang anu rada sesah oge mayunan lingkungan di sakola, nya bahasa rerencangana oge gaya pitutur guruna……(ya Rabb mugi abdi di pasihan kakiatan sareng teguh mayunan sadayana)

Sakali waktos akhirna abdi nyarios ka caroge kumargi tos teu kiat ieu hate lantaran anjeunna sering ngarahuh, anu tangtos bakal mangaruhan oge ka mental si Kakang (janten teu betah oge)… aya laguna kondisi ieu….

Tantri juga manusia…punya rasa punya hati
Jangan samakan dengan hati yang beku…(es panginten nya!)


“Aa… punten ulah ngeluh soal kamacetan sareng kaayaan di kota Surabaya(di bandingkeun sareng kota Makassar), ulah nyarios teu betah kumargi bakal mangaruhan mental si Kakang, please deh……!” saur abdi . Ari dicariosan kitu teh, si Aa (kitu biasa abde nyebat caroge), malih jamedud siga nu teu malire kana kasauran. Namung lami-lami mah si Aa oge rupina juga manusia, punya rasa punya hati seperti abdi hahaha… Ari ku sering jalan-jalan, mios tiluan ka puseur dayeuh, ka café, nya lami-lami mah teu aya masalah deui. Si Kakang oge tos tiasa nampi kana kaayaan lingkungan, katambih-tambih ayeuna mah tos gaduh rerencangan, bahkan unggal dinten minggu atanapi sabtu rerencanganana ngadon arameng di rorompok.

Tah kitu pangalaman sim kuring waktos enggalan ngalih ka Kota Surabaya , kedah nyiapkeun mental anu teteg kanggo si Aa, utamina Kakang pangpangna mah paralun ulah ningalikeun kateubetahan payuneun budak (tapi teu ningalikeun oge da aya pangaruh ku tingkah laku sadidinten, tah abot geuning tanggung waler nu jadi istri palawargi………..)

Cag, ach……