WSAB: Ngeunaan Es E Ex
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, November 11, 2005

Ngeunaan Es E Ex

Kahirupan Es E Ex atawa SEX

Upami ditingali tina judulna, pasti ibu2 sareng bapa2 mikirna tos jorang . Tah tong waka kitu, mending we ngemutan sisi ibadah dina ngalakonanna, jabi ayeuna tos sanes sasih syaum janten siang wengi ge mangga wae :P

Ibu sareng Bapa sadayana, sex teh sae kanggo kahirupan rumah tangga. Antawisna;
1.Ibadah panginten pang2na mah
2.Ngirangan stress, panginten ibu2 sareng bapa2 ngaraosan kumaha stress langsung bubar saatos hubungan intim.
3.Saur bhs inggrisna mah “Express your love by intimacy”. Janten hubungan intim teh memang sae kanggo meningkatkan keakraban caroge sareng istri.
4.Hubungan intim anu tiasa di-enjoy ku caroge sareng istri salah sahiji faktor ngalanggengkeun hubungan.

Kahoyong

Kanggo ibu2, kantos teu kaemutan, upami pameget (anu dimaksud para caroge) hoyong raos wengi2 (terang pan anu dimaksad???), ibu2 teh kedah weh nurut. Teu siga caroge anu capek, teras ibu2 anu hoyong…biasana mah labas wae..ngegel curuk…Ayeuna patarosanna, ari eta teh leres kitu ari caroge kedah dicumponan wae, ari istri anu hoyong mah tiasa diengke keun? Leres kitu ari kahoyong istri mah teu saageung kahoyong caroge , janten tiasa disapirakeun kitu wae? Sanes kedahna mah istri oge tiasa nyarios NO, upami capek atanapi aya alesan kiat mah?

Klimaks

Jelas2 kanggo caroge mah, upami atos klimaks, langsung weh kedah ngantosan deui dugi si aceuk tiasa perform deui. Pan panginten ari si istri hoyong raos oge, caroge teh kedah ngemutkeun oge istri. Si istri kedah klimaks heula, teras diteraskeun ku caroge janten dua pihak tiasa ngararaoskeun nikmatna sesi eta . Namung biasana, si caroge teh gaduh panyawat, nyaeta tara mikirkeun raosna si istri. Teu terang atuhnya sabaraha persen di Indonesia caroge anu mikirkeun masalah ieu. Panginten angkatan2 urang mah di WSAB para carogena atos tiasa demokrasi mikirkeun partner-na oge. Mugia!:)

Make up sex

Aya paribasa nyaurkeun, sex saatos pasea nyaeta sex pangsaena margi boh caroge sareng istri ngaraos plong teras biasana sexna oge jadi raos (kesan-na emameun). Tapi…kadang2 paribasa ieu teh teu sreg sareng sababaraha caroge margi si caroge teh teu tiasa ngalakukeun hubungan sex sateuacan masalah direngsekeun. Ari saleresna mah sae, tapi kedahna mah atuh..dicobian weh heula ari hoyong mah….kan jantenna double miserable, nya…pasea plus teu hub intim…hiks2

Ganti2 lokasi sareng mood

Aya anu nyarios cenah upami sekeliling suasana menunjang, hubungan intim bakalan langkung raos. Ibu2 miwah bapa2, terang nyalira, anu sentimentil pan biasana istrina. Hoyong rapih lah kamarna atanapi ruanganana, dikembangan lah, sepre bersih, urangna geulis sareng bersih, jeung sajabana. Tapi biasana caroge mah rada2 cuek ka masalah anu kitu mah. Aya oge pameugeut anu sentimentil oge, tapi persentase-na biasana langkung alit ti istri.

Mutualisme

Tah ieu teh idena, upami biasana caroge anu seueur ngalakuken aktivitas, istri oge panginten kedah nyandak inisiatif kanggo nyenangkeun para caroge. Saur paribasana mah atuh…tong jiga lontong, cicing wae…. Istri oge tong tiba2 jadi brutal, tapi gaduh ide ngadambel surprise kanggo caroge.

Tong isin

Para caroge sareng istri entong ararisin diskusi tentang naon wae anu ngajantenkeun “session” teh raos kanggo duanana. Biasana mah para istri anu sok isinan, saurna mah “Tabu” ah nyarioskeun anu kitu. Tong waka stop: upami dipikir2 mah, supaya hubungan janten langgeng sareng tiasa diraraoskeun boh ku caroge boh ku istri, duanana kedahna masihan kontribusi.

-AngQ-
*pertarosan tiasa dikintunkeun ka Admin, hahahah... admin teu tanggungjawab ketah

10 Waleran:

At 9:06 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Waduhhh Angkiii...
Bacana jadi tersipu2..
sambil buset buset buset..hihihi

Abi teh masih wanita jaman dulu panginten nya nu nyarioskeun es e x teh masih malu2..hihi

 
At 12:58 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Teh Angki kedahna mah kitu nya, kanggo wanita jaman urang teh teu kedah isin2 deui ngobrolkeun nu kieu sareng caroge, tapi kanyataanna angger we era parada hihi. Dan sami we keukeuh istri mah dulang tinande, eh abdi ketah eta mah :P. Nuhun ah info...urang cobian hihi husshhh

 
At 2:18 PM, Blogger mwellang ngawaler ...

alaaahh... abdi nu teu acan nikah mah culang cileung weh..
huhuhuhuhu

 
At 12:29 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

sami abdi oge sareng teh Mada ( atanapi Manda?)..baruk kitu nyah, anu tos nikah teh?

 
At 8:28 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hihih... mada seng wida, catet heula wae nyaaaa...

ka ibu penulis, ieu kumaha carana bade ngadiskusikeun ieu seng pasangan? hihii isin... harrrr... ngadiskusikeunna we ge geus isin, kumaha prakna nya? :p

kumaha atuhh.. :D

 
At 3:58 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

OPhi sareng Roro: abdi oge pertamana mah isin2 ari ayeuna mah malah ngisinkeun..he..he...
Ari sugan teh artikelna bade ditolak..:)

Lia: mangga atuh geura dicobian :)

Mada sareng Wida: atuh engke saatos nikah janten atos "jagoan neon" dina komunikasi sareng partner :)

 
At 7:37 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Angki ... meni hebat kitu pangalamana, abi oge sami teteh2 osok rada isin2 keneh.

Ah engke mah moal iisinan ah da lain batur pan 'suami sendiri' ngan erek ngumpulkeun heula nyali ketang hehehe ... meni siga rek naon wae nya.

Euleuh sugan teh ari T'ro sareng Ophi mah tara isinan da tukang banyol aripekteh sami nya ???

 
At 11:52 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

aiiih aiiih anu culang cileung sing sabar nya hehehe...teu ngartos japri ka teh angki na hihi cenah biar jagoan neon ...

eh teh..abdi teh osok pabaliut ari bade nyarioskeun anu kitu teh pakiwed wae dina lambey acan2 oge ..pakojot deui..pakojot deui..hihi kumaha mimitina kitu nyarioskeunna...hihi?bari peureum terus kuram kireum heheh...bagi2 atuh teh angky..japri wae kituuu...hhihi sebab ieu abdi mah pemain baru masalahna mah hihi

 
At 7:49 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Ica, atuh bari peureum terus kuram kireum mah geus jadi eta mah... hihihi... *hush* :d

 
At 5:17 PM, Blogger Nia ngawaler ...

Abdi oge anu tos gaduh 2, masih sok isin lamun nyarios soal SEX sareng si akang .... :D, nya berani nya dalam tindakan hungkul hihihihi ...

 

Post a Comment

<< Ka Payun