WSAB: Wawales Jang Anu Hade Budi
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, November 17, 2005

Wawales Jang Anu Hade Budi

Terusan tina: Dongeng: Tukang Gali Kubur. Di klik weee bilih hilap deui mah :)
***

"Tepikeun kasaha ceunah, Abah?" Ambu teu sabar nyela.
Si Manis ngaganjleng ka handap. Kulantang kulinting bari uang-eong. Sakapeung eureun melong Abah, terus pahibut deui uang-eong, ayeuna ditambahan ku opat meong anu lain.

"Mana kitu Ambu, kaburu dihudangkeun ku Jang Arip (make p-red), manehna menta Abah ngaberesihan makam bapana, yeuh buruhna oge" Tembal Abah bari ngodok endong pangsi, ngaluarkeun duit sapuluh rebu, dibikeun ka Ambu.

Meong jempe ngadenge Abah neruskeun carita. Kabeh depa dina ubin. Ngan si Manis balik deui ngagajleng kana korsi. Matana teu kiceup-kiceup melong Abah. Ambu narima duit, "Syukur, terus naha bet Abah ayeuna katempo bangun hariweusweus pinuh ku kasieun?"

"Sore ieu Abah ngimpi deui" sambung Abah (si Abah teh gawe bari kasarean bae atuh :d-red) "Tadi beurang teh asa panas nyongkab, rengse ngaratakeun alas, abah diuk nyarande na jero kubur nepika kasarean"

"Harita rarasaan teh geunjleung di luar kubur. Abah nguniang ngintip. Singhoreng wadyabalad gulang2 anu papakeana sarua jeung nu kamari kaimpikeun baris tarapti sakitu lobana nuturkeun 4 gulang2 anu ngagotong pasaran. Eta pasaran sarua dipakean lawon agreng jaman karajaan. Abringan terus mangkat kabeulah kaler, kaluar ti kuburan. Sugan abah mah rek nguburkeun di kuburan urang" Abah eureun heula, ngarenghap jero "Sapaliwatna eta rombongan, abah diuk deui na jero kubur, asa teu puguh pipikiran, naha bener Abah teh ngimpi. Sieunna mah puguh sieun nitenan abringan punggawa sakitu lobana lain ti jaman kiwari."

"Eooooongngngngng, eongngng" Si Manis pupulintiran dina korsi. Ayeuna Ambu ngalieuk ka Si Manis bangun nu keuheul pedah ngaganggu kana dongeng Abah.

"Teu lila, si gulang2 anu kamari kaimpikeun ku abah geus ngabedega dina biwir kuburan, ieu jantung asa rek lesot, awak ngadegdeg, kesang juuh kana baju" Abah neruskeun dongengna "Di sagigireunna aya kana 10 gulang2 sejen anu sigana pangkatna sahandapeun si gulang2 anu hiji. Kabeh melong ka Abah bangun nu ambek. Matana sigaaaa......"
Abah eureun ngadongeng, melong ka Ambu, ret ka meong anu 4, ret ka si Manis anu ayeuna sarua keur melong Abah. "Siga mata meong"

"Eeongggg" si Manis nembalan siga anu bungah manehna asup kana dongeng.

"Hey Kisilah, kuring datang deui ka andika sabab andika tacan nepikeun beja kuring" Abah neruskeun ngadongeng "Ayeuna geura balik, bejakeun ka Ki Mengkur yen kamari raja anu sakabeh geus tilar dunya."

"Eongngng" Si Manis disada bari ngadangahkeun huluna, matana neuteup seukeut ka abah.

"Ki Mengkur? Saha atuh eta jelma teh Abah...." Ambu bangun nu rungsing. Abah seuri, terus nembalan "Ari Ambu, pangampura kanu kawasa deudeuh.... Abah teh keur ngadongeng impian ieu teh, ari ngimpi teh kembangna sare, ulah dipake pikiran"

Cikikik ambu seuri ngagebah pikiranna sorangan.
Beda jeung si Manis nu katingalina bangun teu jongjon ngadenge Ambu nyela. Manehna nguniang hudang tina korsi. Kuliat bangun nu ngeunah. Terus nangtung ajeg melong ka Abah. Meong nu opat tingkoteap ngadeukeutan korsi si Manis. Maranehna melong si Manis lain melong Abah.

"Abah teu tatanya ka maranehna teh, pikir abah, da abah mah teu boga kawajiban ngayonan nu araraheng kitu" Abah neruskeun "Poe ieu raja kami dikubur"

"Eooooongngngng" Si Manis nembalan, ayeuna katempo awakna nyurungkuy kaluhur, ngan sukuna angger napak kana korsi. Meong nu opat melong ka si Manis.

"Tepikeun ka Ki Mengkur, isukan poe katilu, poe panungtung jang karajaan kami ngejenengkeun raja anyar" Pok Abah.
Si Manis disada deui. Awakna katempo enyaan ngagedean, nikel tina ukuran memehna. 4 meong nu lain depa bari melong bangun nu ajrih ningali si Manis ngagedean.

"Bejakeun ka Ki Mengkur, geura balik ka karajaan, kabeh rakyat sanagara ngentenan rek ngajenengkeun manehna jadi raja kami nu anyar"
"Eooongnggngng" Si Manis nungtungan dongeng Abah. Unggal disada, awakna ngagedean. Disada deui, ngagedean deui nepika sagede maung. Meong anu 4 tingareong lalauan. Huluna tarungkul awakna darepa, jelas keur nyembah si Manis. Teu lila Si Manis balik deui kana ujud memehna. Gajleng tina korsi, terus lumpat giras ngaburu panto anu melengek keneh. Meong nu 4 lalumpatan nuturkeun si Manis, laleungit dina poekna peuting lembur Cikulah.

Abah jeung Ambu teu boga kamampuan nyaksenan eta kajadian. Maranehna kalahka ngarojengkang asup kadapur bari angger uplek ngobrol ngomentaran impian anu aheng. Ayeuna mah teu siga anu sieun ngadongengna teh, kadenge ditabeuhan ku seuseurian tur heureuy sagala.

Tisaprak peuting harita kahirupan Abah jeung Ambu teu aya nu obah. Abah oge teu didatangan deui ku impian aheng. Malah mah dina hiji sore imah Abah jeung Ambu kadatangan Pak Ulis, Juru Tulis Desa. Mawa beja anu teu pernah kaimpikeun ku Ambu jeung Abah.
"Juragan Kirdun pupus tadi isuk, manehna ninggalkeun sakabeh hartana diwariskeun ka Abah jeung Ambu"

Lekasan
***

Disadur jeung di terjemahkeun tina: Tom Tildrum, dimuat di majalah Bobo jaman baheula, taun 85-an.
Pulunganeun tina ieu dongeng:
- Kajadian aheng bisa kaalaman kusaha bae, boh anu nyata boh dina impian, tinggal kumaha carana urang nyanghareupanana
- Kuburan lain tempat anu kudu dijauhan, komo dianggap tempat pikasieuneun, kabeh jalma bakal cicing didinya
- Jadi jelma kudu iklas ngalakonan hirup, usaha sahade-hadena, percaya ka nu kawasa anu bakal ngawales
- Abah jeung ambu teu daek wae boga turunan, boa2 pedah tokso? :p

Panuju para wargiiiiii?

7 Waleran:

At 1:20 AM, Blogger mwellang ngawaler ...

oh gening.. tina BOBO. taun 85 mah abdi nembe sataun-eun.. teu acan tiasa maca..
huhuhu
nuhun ah.. meni seru nunggua terusan caritanya yeuh
*bari bulak balik ningalian kamus sunda online tea ning.. seu-eur pisan nu teu kaharti..huhuhu*

 
At 1:40 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Madaaa masya Allaoh eta 85 meuni baru sataun..abi mah tos sapuluh taun...boa2 Mada pernah abi asuh baheula..hihi dimana jeung dimana nya?

tah eta mun di Indonesah teh, kuburan teh identik dengan sieun nya (da seueur tayangan sieun tea di TV, henteu ningali seueur extrana jadi weh katingali wae), didieu jadi berani, mudah2an ngke uih tetep berani

 
At 8:00 PM, Blogger Lia ngawaler ...

panujuuuuu...jadi ulah ngingu ucing bisi tokso kitu? :P

Madaaa...enya boa pernah di asuh teh ophi tah hihihi.

Teh ophi...enya ih didieu mah da nu poek jeung hieum teh teu sieun naha ari di Indo muringkak?

 
At 6:32 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

oh ... teu sieun ari di lembur urang bule mah masing dinu paroek oge teh????

Sigana moal aya kunti sareng tuyul didinya mah T'Lia anu pika sieuneun rupi na, paling oge jurigna urang bule deui pan karasep gareulis nya jadi moal sieun, sugan weh aya jurig anu siga brad pitt langsung weh ukeun tandatangan hehehe ...

 
At 7:14 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Heheheh.. gagayaan.. yeuh abdi
Leres Lia, naha didieu mah mun ngadongeng anu araraheng teh teu sieun. Asa insap, jadi wanian. Nepi ka niat, mun wangsul ka Indo ge bakal moal borangan... hihi...

Padahal dipikir2 angger weee sieun, hihii :d

 
At 8:40 PM, Blogger Eva Priyani ngawaler ...

Hehehe...leres pisan tah, di lembur mah pami hoyong kahampangan ti wengi teh sok nungkeun di jajap ku pun lanceuk didieu mah sanaos jandela muka tengah wengi oge cuek beybeh...kunaon nya...?

Hihihi...hoyong seuri ku pulunganeunna enya panginten si ambu teh keuna tokso nya da mani gaduh ucing teh salima-lima :d

 
At 11:13 PM, Blogger nergis ngawaler ...

Türk porno

 

Post a Comment

<< Ka Payun