WSAB: Logo WSAB
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, January 31, 2006

Logo WSAB

Para wargi sadaya, sinareng hate nu pinuh ku kabungah jeung kareueus, urang tepangkeun Logo WSAB :surak, heot sareng keprok teu eureun-eureun:

WANITA SUNDA
Sundana ditarjamahkeun kana motip batik cirebonan gambar kembang anu tos dimodipikasi meh janten peminin.

ANTAR BENUA
Seratan WSAB anu nyambung ti luar ka lebet bola dunia, hartosna wanita ti parahyangan anu tos nyebar dimana-mana, boh di luar atawa di jero nagara, tapi tetep dihijikeun dina wadah WSAB, mangrupa


Tempat riung mungpulung, nyangreudkeun tali duduluran, jeung ngabewarakeun kamaslahatan...


Warna hejo nyirikeun kasuburan alam parahyangan, hejo ngemploh, seger, tur endah

Hurup S anu nyeni nawiskeun yen urang sunda teh resep kana kasenian,sarupaning nembang, jaipong jeung sajabana.

Logo teh damelan Kang Jejen (ehh naha sanes wanita), ngagambarkeun yen wanita sunda teh kedah oge wawuh jeung akur sarta gawe babarengan, teu saukur jeung sami wanita tapi oge ka pameget nu oge ciptaan Tuhan YME (nyambung teu nya?nyambung lah, hihi)

Nuhun nya Kang Jejen!...Oge ka si bos na. Saha tah?
Khusus kanggo anggota WSAB, mangga upami bade masang ieu logo di blogna. Hayu urang mumule wadah duduluran urang ieu ku kasaean.Piisss Ah.

Hidup WSAB

Admins

Code kanggo logo, kantun di copy teras dipasang di blog sewang2, bilih bade ieu ge.. ih meni geer, heuheue:
<a href="http://wsab.blogspot.com" alt="Nganjang ka WSAB"><img src="http://i9.photobucket.com/albums/a79/opnurwicaksono/WSAB1.jpg"</a>

15 Waleran:

At 7:41 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

wow keyeeeeeeeen abis logo na,ngiring bingah kana medalna logo WSAB.Mugia nyangreudkeun duduluran ti saluruh benua.Amiin sukses WSAB.

 
At 7:54 AM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

WSAB... horeeeeeeeeey!!

 
At 11:39 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

switttt swiiiwwww...heot nu teu eureun-eureun nepi ka manyun yeuh hihi...

Siiippp lah WSAB urang teaaaaa atuh huhuy. (meni narsis, wios ah...:P)

 
At 12:46 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Swit swiwwwwwwwwwwwww ehem clenggg

yippiieee sipiriliiii

click katuhu, sep imej...
pasang di blog abi..hihihi

 
At 2:44 PM, Blogger mwellang ngawaler ...

edun euy, meni gareulis kiyeu logona oge..
asa bersih pisannya..
ah, bogoh kanu logona ah..

 
At 5:01 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hihi maca komenna Mada.. sanes bogoh kanu ngadamelna kan Mad?!? hihi *mun enya, engke diwartoskeun! :P

suiiittt suuiiiwwwww!! :keprok:

Ngiring bingah kangge wsab!
*bari jeung eneg saya mah.. hahaha soalna asa tos unggal dinten molotan logo ieu dugi ka rengse (plus molototan nu ngadamelna nu pasti mah.. hihi revisi deui, revisi deui ceunah si teh ima mah, saur si kang jejen teh! hehe.. Piss ahh, thx Bro!)

Teh inong, ngadamel kaos sareng sticker? hehe sok atuh geura kintun dollar-na kangge modal awal! haha :P

 
At 6:36 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

pokokna mah eduuuuuuun weh ninggali logo WSAB, geulis pisan seperti anggotana ... gareulis!!!

 
At 7:55 PM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

haduh, tos lami teu kadieu ternyata aya surprise..huhuy..eta meni hejo surejo kitu jiga nasi timbel :), resep ah riung mumpulung didieu..

 
At 2:28 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

waahh akhirnyaa...janten oge gening sang logo teh..hidup WSAB :)

 
At 6:05 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Hebring pisan ... meuni hebat logo nya .... :bogoh:

Setuju pisan, urang ngadamel kaos apa sticker yuuuuuuuuk, hehehehe ...

 
At 7:51 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Heuheuy....gaya lah... hebat alhamdulilah. Sing mangpaat nya...

tapi eta tempat riung mungpulung... naha tempat? sanes wadah nya?

iya hayu bikin kaos yuuukkk saya mah hayang Mug. heu heuy...loba kahayang ah...

 
At 10:55 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

kanggo Teh Inta...

Naha tempat sanes wadah...
Wadah dina hartos kieu mah basa Indonesia sanes? da wadah dina basa sunda mah wadah sangu, wadah cai, alias tempat nyimpen sesuatu atanapi alat. Ari tempat mah nya da tos basa sunda, sareng deui urang gaduh "padumukan" ieu WSAB nu disebat tempat-na...heuheuh...eta pangemut sim uing nu ngadambel slogan baheula teh...mugi katampi! tapi pami abdi lepat nampi dilereskeun da. Pisss ah...

 
At 3:33 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

alah meni nyeri hate euy tinggaleun ari basa pertama t molly nyebatkeun mah apal tp pas dibuka error tah logo teh teu katinggali hihi ayeuna mah katinggal herang bolenang asa bersih kanu soca (eh naha aya bolenangan hihi )

t Ophi eta naon nu ngacleng?hihihi dasar kaseurieun t Ophi mah

 
At 8:01 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Ooh kitu maksadna tempat teh.
Nuhun li..sugan teh tiasa digentos ku wadah :D

 
At 7:44 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Irma mah meni togmol kitu ngomentaran Mada. Keun we atuh rada ngeceng saalit nya Mad (maksudna Mada, sanes Ahmad).
Heni di Surabaya

 

Post a Comment

<< Ka Payun