WSAB: Dongeng 17-an
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, August 22, 2006

Dongeng 17-an

Dina raraga ngareuah-reuah 17 Agustusan, kantor abdi ngayakeun sababaraha kagiatan. Kagiatan eta tos dikawitan ti pertengahan Juli..tepatna dilaksanakeun saatos rengse jam damel sekitaran tabuh 5 sonten.

Kagiatan naon wae tah? sapertos di tempat sanes lomba2 anu diayakeun teu patos benten aya volley, basket, futsal, 3 point shoot, bilyard, bowling anu ditandingkeun ku antar divisi (departemen). Olahraga-olahraga anu ditandingkeun dina acara agustusan eta saleresna teu bireuk deui kanggo warga kantor abdi margi tos mangrupakeun kagiatan ekstra kurikuler mingguan (siga sakola wae nya aya ekskul :D). Kaleresan sim abdi ngiringan ekskul basket janten dina agustusan ieu abdi teh gabung kana tim basket anu hasilna alhamdulillah juara 1.

Salian ti kegiatan olahraga, anu ditandingkeun teh aya anu mangrupi fun games/outbond games sapertos triathlon, stiker tag, bridge of life, balikeun karpet, sumpit sukro dimana eta permainan sadayana meryogikeun kakompakan tim. Panasaran kumaha bentuk games-na? mangga di tampi ieu gambar2na :d ( siga tuangeun wae nya, meni ditampi ;)) )





Lomba sukro sareng nuang sangu koneng, sanes lomba anu nuang sangu koneng mah, heheheh






oh aya anu kakantun dina acara puncakna (ping 16 agustus, margi 17 agustus kabujeng liburan) aya lomba yel2, kuis seputar kantor, idol, sareng kebersihan. Saleresna kebersihan ieu oge tos dikawitan di pertengahan juli, saminggu sakali diayakeun penilaian, hal anu dinilaina selain bersih oge kedah endah di pandang sareng aya faktor lain tapi abdi kirang patos terang margi anu karaos kuabdi ruangan tempat abdi didamel di rias jadi suasana minang, ruangan sabeulah abdi dirias gaya sunda,betawi, jawa, batak, bali..pokokna jadi rame weh siga di bumi anu bade ngayakeun hajatan pangantenan/sunatan :d saurna mah lantai tempat abdi damel nyandak tema nusantara (oh pantesan ruanganana dipinuhan ku benda2 ti daerah2/suku di indonesia :d).

Alhamdulillah sadaya kagiatan agustusan tiasa lancar dugi ka akhir, mudah2an nikmat kamerdekaan ieu tiasa dikecap ku sadaya umat manusia di dunia Amiiien.



*Wida

4 Waleran:

At 10:49 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

punten, sakedik koreksi keterangan foto, eta sangu anu di tuang sanes sangu koneng tapi "nasi bogana", sanguna warna bodas campur daging rendang,sambel goreng ati, serundeng, sambel tomat sareng kulub endog :d..nikmaat

 
At 8:19 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Hah aya lomba makan nasi? paheula heula eta teh?

hihihii

cobi aya didinya pasti nambah! hahahaha

 
At 5:57 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

alah wida eta nu lomba meni sarumanget nepi ka pakeukeup2 kitu hihi...kantenan nu tuang mah nikmeh pisan.

 
At 5:27 PM, Blogger Ica Dimyati ngawaler ...

aih kade eta nanaonan neng wida pakeukeup2 ih kade ah dariwang hihihi

 

Post a Comment

<< Ka Payun