WSAB: Kisah Nami
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, November 30, 2005

Kisah Nami

Unggal nami jalmi pasti ngagaduhan harti nu mandiri, kantenan pami eta nami teh sae, unik sarta taya deui nu ngagaduhan, pasti anu ngagaduhanna teh reueus pisan. Aya oge anu reueus pami namina teh nurutan nami jalmi terkenal atanapi artis misalna, puguh ari artis anu gaduh imej sae mah, misalna Paramitha atanapi Tamara, kumaha pami Inul, hihihi... *punten ah ka neng Inul...

Tapi pami aya nu ujug2 nganamian putrana nurutan nami urang kalayan ngahaja, kumaha raraosan urang? Bingah atanapi sedih?

Kajantenan ieu teh kaalaman pisan ku abdi waktos calik di pun Uwa Istri di Boyolali, kota alit di Jawa Tengah. Saleresna mah teu sikluk teuing eta kota teh, namung disisi jalan raya Solo-Jakarta. Harita pun Uwa propesina teh bidan.

Cariosna teh abdi kelas 6 SD, unggal wengi osok diajar sasarengan di bumi rerencangan. Kaleresan ibuna rerencangan teh nembe ngalahirkeun teras bade salametan nganamian orok. Abdi teh reuwas pisan, margi eta orok teh dinamian sami sareng nami abdi: YANIS SORAYA. Kedahna mah bingah panginten nya aya anu ngefans ka abdi, hehehe.... Maklum jaman harita nami budak di daerah teh kurang pariatip, seuseueurna teh Sri, Endang, Joko, jst (punten pami aya anu kasebat namina :d), Janten abdi teh sok reueus ku ngaran sorangan, pedah benten tinu sanes. Mung eta nu matak sedih teh, geuning mani sami... miiii.... Mana kitu bumina oge ngan kahalangan ku 4 bumi deuih.

Salajengna, duka pedah kunaon, teu pupuguh eta nami orok teh digentos, jadi YANIS MASITHOH, dugika salametan deui nanggap wayang kulit sapeuting jeput sagala. Saurna mah pedah eta budak teh sok udur deui udur deui. Atawa pedah abdi teu ridho namina sami, hihii...

Anu pikalucueun deui, pas YANIS duplikat teh udur panas, kaleresan abdi nuju diajar sasarengan tea di bumina, si ibuna teh dongkap ka Uwa nyungkeun tulung

"Tolong bu bidan, yanis sakit panas"
Pun Uwa bingung, "Lho, sakit apa, tadi berangkatnya gag apa2 kok"
"Bukan Yanis ibu, yanis saya"
"Oooo... saya lupa kalo ada 2 yanis sekarang"


Mugi2 eta Yanis nu kadua teh tara uduran deui, sehat salawasna siga "superbunda" ieu. heheh...

-yanis, diterjemahkeun ku Admin

6 Waleran:

At 6:23 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Asiiik abi pertama euy, jarang-jarang.

Ari ayeuna YANIS MASITOH teh atos saageung kumaha teh??? panasaran ...

Aya-aya wae nya pikaseurieun teh.

 
At 10:50 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Boa2 Yanis Masitoh ayeuna tos 3 oge tah batina hihi...

 
At 1:53 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Huahahahha Yanis Masitoh...dimana dirimuuu

Ai Yanis nu ieu tah Nuju Ulang Tahun 30 November 2005 selamat yahhhhh

Ophi

 
At 11:37 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Selamat Ulang Tahun Teh Yanis.

Hihihi .... meuni katuker nya, tapi emang rada kumaha kitu, ari aya nami anu sami ... :)

 
At 10:08 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

eh ieu postingan yanis teh mani pas seng ultahna, wilujeng ah bun... :)

eta fans beratnya sampe namina hoyong sami. hartosna nami teteh teh sae dugika batur oge hoyong gaduh nami sami :d

ngan matak bingung oge sih nya, heheh...

 
At 1:10 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

heheh kaseurieun nya ...ngke mun panas keneh digentos deui moal nya namina? hihi tinu Yanis Mashitoh jadi naon? boa balik deui jadi YAnis Soraya pas tos ninggali jadi SUPER BUNDA hehehe..nanggap naon nya ngke teh? wayang kulit deui kituh hihi

 

Post a Comment

<< Ka Payun