WSAB: Kopdaaarr nehhhh
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, December 12, 2005

Kopdaaarr nehhhh

Kaping 6 Desember anu kaliwat, kopdar WSAB jadi dilaksanakeun, kumaha caritana? Mangga, ieu dongengna Irma dina milist WSAB ditambihan tinu sanes, teu kakantun poto2na...

Alhamdulillah, kopdar teh meni resep.. asa bungah kieu ieu hate! hihi.. huhuuyyy! Teu siga nembe pendak we nya ibu2? Raraosan teh asa tepung sareng dulur nu tos lami teu patepung we lah!

Janten kieu dongengna teh.. sadinten memeh kopdar, abdi meni asa rariweuh kupadamelan. Asa teu beres-beres tea. Jam 3 pasosore, diemutan ku pagawe abdi ngeunaan reservasi tempat di Dapur Sunda, kanggo sabaraha jalmi cenah.

Euleuh.... reservasi kanggo naon.... tabuh sabaraha kitu ieu...

Astagfirullah.. mangkaning saya teh tos pede tea, waktos ibu-ibu WSAB naros "Pesen tempat di Dapur Sunda kanggo Kopdar bade kusaha?" harita abdi ngagampangkeun "Irma waeee..., keun engke Irma anu pesen!" hihihi..... *padahal dugi ka atabuh 3 sonten, sadinten memehna, abdi teh teu acan pesen tahh.... Untung wae Dapur Sundana teu pinuh nya :P

Jam 4-an aya Sms ti Teh Inong, salah saurang bentang utama kopdar (heueheu... tebih2 ti s'pore soalna): "Ma, engke sumping tabuh sabaraha? Abdi tos diperjalanan, yeuh."
Euleuhh? Meni rajin .... sementara abdi nembe dugi ka rorompok. Cape keneh tos putar puter di mangga dua. Na hate teh... 'InsyaAllah setengah 6 dugi kadinya.' :)).

Singhoreng, sajajalan ti rompok ka KTS nu biasana lancar dina jam bubar kantor, pinuh tur macet di lebah parapatan Kuninganna. Nya.... pasti telat yeuh Teh Inong... sakedik mah bae nya ....

Jam 17.17 Teh Inong ngasms deui : "Ma, abdi tos dugi."

Huaaahhh.. rajin pisan yeuh! Da teu acan satengah 6 pan? Teras deuih nembe nelepon ka teh Molly, anjeuna masih di kantorna. Hihi.. waahh diemutan teh, sigana mah Teh Inong bakalan
akrab yeuh sama si pelayan2 resto Dapur Sunda! :P

Jam 17.45 Abdi dugi di Dapur Sunda.
Aya tiluan tah nu nuju lesehan teh. Der wee ah mulai "Haiiiii". Dilajengkeun ku peluk cium hangat (ciieee naon sihhh!) sareng Teh Inong, Neng Indah (rai na teh Inong) & Teh Fifi (salah sahiji bumil di WSAB ieu teh).

Aeh...., abdi mah nyandak rombongan yeuhh.. hehe aya Syifa (nu maksa hoyong ngiring ka Mamahna) sareng si Mbak (nu dipaksa sina ngiring meh si Mamah tiasa santai teu kedah ngugudag Syifa di Dapur Sunda hehehe).

Ngobrol kaditu kadieu.. teras sepakat urang pesen tuangeun tipayun we ah. Hehe sanes lapar-lapar teuing atanapi curi-curi start ieu mah, tapi meh engke tiasa santai ngobrolna, maksadna.


Abdi pesen es cingcau (slurrrpp emang tos niat saya mah bade pesen cingcau hejo!hehe), es jeruk, ayam bakar, tumis kangkung sareng tahu telor.
Teh Inong pesen sayur asem, usus & babat goreng, teraass naon deui 'nya? hihi hilap, langsung sibuk kana pesenan pribados sihh. Teh Fifi mah duka diet duka naon tahh.. da mung pesen mie kocok we sareng sambelna! hehe


Teu lami, aya si Eneng nu geulis keneh tea geuningan.. hueheuhehe saha ciiikk? yaahh, Neng Wida tea! :) gadis WSAB, heheh..
Acara diteraskeun ku bongkar2 cokelat perbekalan Teh Inong ti negri singa. Waahhh asa panen yeuhh! Syifa nu pangresepna mah! hihihi :P

Sasumpingna anu sanes nyaeta bentang utama nu kadua: Teh Willa sareng rai2na, Nana, sareng Tia. Tambih rame seng heboh we nu ngumpul ngariung teh. Teh Willa babagi oleh2na, teras oge ngahaleuang tembang sunda Bubuy Bulan (si teteh tiasaan eta bulan dibubuy), babagi pangalaman (nu ieu mah direkam ku Teh Molly, heheh). Aya deui kajadian pikalucueun, dikantun solat magrib teh lemon tea neng Wida diangge ngojay gurame! Gurame saha eta teh. heuhuu.. karunya nu gaduh lemon tea dugika olohok ngembang kadu.

Ibu2 teh asa gaduh bungsu Neng Wida, dipiwarang moto we hayeuuuh... Hihi abdi mah tos niat moal ngaluarkeun kamera, hihihi.. meh ditiap foto aya teras lahh maksadna mah. Lumayan.. ;))

Terang2 tos wengi, waktos asa nyerelek pisan. Pokona mah sabab ku bungah ngariung sareng para WSAB anu salami ieu mung nyambung via internet. Alhamdulillah bagja pisan.


Tah pami nu ieu langkung rame deui, mangga geura ngacung anu kasebat.. ulah nyumput hihii...
1. Aya nu dongeng tentang pertama kali cinta bersemi dgn si Akang... Hiji pilihan diantara saratus ceunah! Hehehe... heboh lah! Saha ciik? ;)
2. Aya nu saurna nuju diet tapi pesen tuangeunana sami sareng nu teu acan emam 2 dinten tea... hahahha *hiperbola .. saha ciik?
3. Aya nu murak oleh-oleh dugi ka nu parebut oleh-oleh... hehe saha tahh?
4. Aya nu hoyong difoto payuneun kaca *meh tiasa ngaca heula samemeh difoto... hihihi
5. Aya nu riweuh di penghujung acara karena beurat kudu mamangku budak leutik gara-gara si budak tos bosen+tunduheun nungguan indungna ngobrol jeung seuseurian wae teu anggeus-anggeus tea sareng Ua-Ua + Bibi-bibina.. hehehe.. muhun, abdi eta mah! hihi
6. Pangpangnamah eta aya tamu pangrame tea neng shifa,manyunna gak tahan:),ngan hanyakal shifanya teh inong sama zidan gak ada euy...
7. Aya nu ngidam semur jengkol yeuh.. sahaaa
8. Aya nu alim dipanggil teteh...saha yeuh.. ngacung
9. Aya nu bu hamil teu tiasa emam sanguu..saha taah




*Di edit tina dongeng Irma di milist WSAB, ditambihan ti Nana, Fifi, seng nu sanes
*Poto ti Wida seng Nana, poto nu sanes tiasa ditingali di blogna Nana, FS na Wida

8 Waleran:

At 9:29 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

waaaah hebaaaad alhmdulillah janten nya heheh...
teh Irma eta cipa meni ga kuku euy manyunna bikin ngagubrag hehehe...

kabita..kabitaaaa....teh Roroooo..teh Ophiiii kumaha ieu tehh suganan urang kabagian nya ngke2 pas uih k INA ..
ok wilujeng ah k WSAB anu tiasa ngayakeun KODPAR akhirna ..smoga ada KOPDAR2 selnjutnya nya....

 
At 3:13 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

saking kabita maos nu kopdar dugi ka hilap komen.

Alhamdulillah nya WSAB teh leres nyandak duduluran seng silaturahmi,karaos yeuh seueur barokahna.

Nu di Jakarta KOPDAR nu di Amherst alias abdi kenging kintunan rejeki ti aceuk Rina tah...alatan naon cing WSAB tea atuh:)

 
At 9:21 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Na hate nyebat: kabita... kabita... kabita...

Kabita kopdar, gurame, seng cingcau hejo :p

Eta panasaran saha anu kenging 1 diantara seratus teh nya? hoyong tumaros pami aya 500 janten 5-an atuh, matak bingung? hihihhi...

 
At 11:24 PM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

wah nuhun nuhun nu tos dongkap ka kopdar WSAB, pokona mah speechless lah, saking hebohna.. hidup WSAB!

roro> nu 1 : 100 teh eta.. si B nu K,.. hahaha.. lieur nya? pokona mah duren monthong ceuk teh willa mah :))

 
At 7:23 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Euleuhhh telat komen euyy! hehe nembe onlen deui yeuh.
Hehe leres tah saur teh ino ng, speechless pokona mah! <-- hahaha speechless timana sakitu heboh kitu eta caritana.. :P :P

Hayu ah, Lia, Teh Ro, jeung sadayana nu araya diluar endonesya! hehe hayu urang kopdar enggal-enggal! :D

 
At 6:35 PM, Blogger Nia ngawaler ...

Duuuuuuuh, ngiringan bingah, akhir na janten oge nya kopdar-an nana ... jadi hoyong kapendak rerencangan sadaya anu di WSAB ... iraha atuh nya ??

Eta sadayana meuni gareulis pisan ... :inlove: ... teu sangki Teh Willa pinter nyanyi oge ... :)
katuangan nana meuni pikabitaeun pisan :yummy:

ari abdi, naha sok katuker bae nya, ari Teh Inong sareng Teh Inta ... :)

 
At 4:41 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

iraha aya kopdar deui atuh?

 
At 12:30 AM, Blogger Jessica L. Smith ngawaler ...

Kuring menyakiti sareng haté ngejat mun aya dina masalah anu ageung lumangsung dina perkawinan abdi tujuh bulan ka tukang, di antara kuring jeung salaki kuring. jadi pikasieuneun pisan yén anjeunna nyandak hal ieu ka pangadilan pikeun cerai. anjeunna nyarios yén anjeunna moal resep deui sareng abdi, sareng anjeunna moal bogoh ka abdi deui. Anjeunna anjeunna dipak kaluar-bumi sareng ngajantenkeun abdi sareng murangkalih abdi ngaliwat nyeri parna. Abdi nyobian sadaya cara anu tiasa waé pikeun nyayogikeun deui, teras nyuhunkeun, tapi sadaya teu ngeakeun.in anjeunna parantos nyarios yén anjeunna parantos nyieun kaputusan, sarta anjeunna henteu pernah hoyong ningali kuring deui. Janten dina hiji sore, nalika abdi ucing deui tina pagawean, abdi pendak sareng sobat guna anu sanés nanyakeun ka salaki kuring. Ku kituna abdi ngécéskeun unggal hal manéhna, jadi anjeunna ka kuring yén hiji-hijina cara anu tiasa nampi ku salaki deui, nyaeta ngadatangan caster mantra, sabab estu digawé pikeun anjeunna teuing.So abdi pernah percanten ngeja, tapi abdi teu boga pilihan sejen, ti turutan nasihat-Na. Lajeng anjeunna masihan abdi Email alamat tina mantra mantra anu ngadina. Janten isuk-isuk anu sanés, abdi ngirimkeun surat kana alamat anu anjeunna masihan ka abdi, sareng mantra mantra ngajénkeun yén abdi bakal nampi salaki kuring dina poé saterusna. Naon hiji pernyataan endah pisan !! Kuring pernah percaya, ku kituna anjeunna nyarios sareng abdi, sareng ka abdi sadayana anu kedah abdi lakukeun. Mukang isuk-isuk isuk-isuk, surprta héran, salaki kuring anu henteu nyambung kuring kanggo 7 bulan terakhir, masihan kuring telepon pikeun nginpokeun ka kuring yén anjeunna nuju balik. Jadi Endah pisan Ku kituna ieu pisan kumaha anjeunna parantos sumping deui dina dinten anu sami, kalayan seueur kaasih sareng kabagjaan, sarta hapunten hapana, sareng ka nyeri anu anjeunna disababkeun abdi sareng barudak urang. Lajeng ti dinten éta, hubungan kami ayeuna leuwih kuat batan kumaha sateuacanna, ku bantuan Dr. WEALTHY. Ku kituna, abdi bakal saran anjeun kaluar upami anjeun ngagaduhan masalah ngahubungan anjeunna, abdi masihan abdi 100% jaminan anu anjeunna bakal nulungan anjeun .. Surélék anjeunna dina: wealthylovespell@gmail.com, atanapi anjeun Whatsapp anjeunna. + 2348105150446 Hatur nuhun asoooo teuing !!!

 

Post a Comment

<< Ka Payun