WSAB: Odading
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, August 23, 2005

Odading

Abdi resep pisan odading. Panginten, seueur oge urang Sunda anu resep tuang odading. Basa di SD, odading teh jajanan karesep abdi. Ayeuna oge, resep keneh ngaraosan odading.

Pun Nini kantos ngadongeng ka abdi, asal usulna kueh eta disebat odading.
Saurna teh kieu.

Kapungkur, basa VOC masih ngajajah urang… seueur urang Belanda anu netep di Bandung.
Kasebat aya nu ngicalan kueh…
“Kueh… kueh…”

Hiji Noni Belanda nyauran si emang nu ngicalan kueh.
“Naon ieu teh, Mang?” si Noni naros.
“Hmm…” si Mang bingungeun, da teu kapikiran naon nami kueh anu didamelna.
“Ooo… Dat ding*…” saur si Noni sabari nunjuk ka kueh.
“Oh! Muhun… ieu teh odading!”
*Ooo… dat ding = Oh! That thing

Janten eta asalna timana nami odading teh.

--
regards/ Ninit www.istribawel.com www.kamarcewek.com

13 Waleran:

At 9:28 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Huauauauuauauuahahhahaa.... aduhhh abi teu liren2 seuri yeuuuhh... jadi sono ka o that thing euy secara saya dulu teh montok dipanggil odading.. Ninit aya2 wae...hiahahahiahaia

 
At 11:21 PM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

hahah..oh kitu nya asal muasalna? meni kreatif nya eta nini na ninit ngadongeng na kapungkur :))

 
At 2:22 AM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

hahahhaa. Ninit.. eh di dieu aya odading meuni raooos pisan.. seueur wijen na...

 
At 4:22 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Ninit... nyaan ieu teh??? asal muasalna odading??

 
At 6:13 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

rikuest nittt ai cakwe na tina naon cenah.. pan pasangan sejati eta teh...

jadi inget di kos2an di bandung yeuh tukang odading beredar subuh keneh bari jojorowokan:

Ooooooo dading cakweeee....

 
At 12:03 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

alus pisaaaan...
*thumbsup*

intan

 
At 1:21 PM, Blogger Lia ngawaler ...

Teh Inong naha odading singapur nganggo wijen kitu??...
ari Odading teh abdi mah emut jaman ospek dipiwarang nyandak bantal guling. Sugan teh enyaan bantal seng guguling horeng teh cakwe seng odading. Untung ngintip batur mun henteu bantal jeung guling dipanggul ka kampus haha

 
At 11:59 PM, Blogger Eva Priyani ngawaler ...

Sok isin abdimah ah pami emut odading teh.., kapungkur kantos aya pangalaman. Naros kieu ka si emang teh " mang eta sabaraha sakilona..? Naon ibu make dikilo saga.. ieumah hijian diicalna oge..tembalna teh. Ari emang sanes icalan daging kitu..? saur abdi teh.
"sanes ibu ieu mah oooodaaading..."
ih...kasebelan tah si emang.
kutanteh odading, ari tadi kapireng na dagiiiing...dagiiing...
atos ah isin..

 
At 12:30 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

huahahaha kabaynag Lia mamanggul guling jeung bantal hahhaha..eta deuih Eva meuni dadanguen teh daging..hihihihi......ah pagi2 tos seuseurian yeuh

 
At 8:50 AM, Blogger Nia ngawaler ...

hihihi .... leres ieu teh asal muasal na odading ... si teteh biasaan euy .... :)

 
At 12:40 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hahahhaahha irma mah keur seuseurian nyalira yeuh, maca eta pangalaman Lia ospek! hihihi :D Untung we pinter "nyontek".. jadi teu kaisinan nyandak bantal guling. hehe.. teu sakantenan simbut na, Ya? :P

Teras eta neng Eva, meuni hebat pisan bade meser odading kiloan?? hahaha kabayang mun meser 10 kilo teh.. kenging sabumieun panginten, Va! hahaha..

Teh Roro, hihi meuni asa kabayang keneh yeuh si emang-emang nu sok ngalangkung dipayuneun bumi.. hehehe dgn logat seragam tukang odading tea geuningan nya.. :D

 
At 8:05 PM, Blogger Lia ngawaler ...

niniiiittt kamana nya? ieu ninggalkeun tapak didieu batur jadi seuseurian jaba aya nu naros ari nu gaduh polahna teu jol wae, kadieu geura nyai urang paadu catur, pan hidep nu ngamimitian odading teh lin?? :)

 
At 11:21 PM, Blogger tyasjune ngawaler ...

hehehehehe...pas lebet ka WSAB aya odading, tuangeun nuju jaman kapungkur nu masih aya dugi ka ayeuna...abdi ge paling resep, kaleresan raka ge ahlina kada odading mah....

 

Post a Comment

<< Ka Payun