WSAB: Wilujeng Angkat Inong...
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, August 31, 2006

Wilujeng Angkat Inong...

Innalillahi wa Innailaihi Rajiuun. Jumaah, ping 1 september tabuh 7 waktos singapur, dulur urang sadayana, Anna Siti Herdianti, atanapi Inong ngantunkeun urang sadayana, dipundut ku nu Kagungan Alloh SWT. Hujan cisoca, gerendeng du'a nyarengkan lengkah Inong ka Alam Kubur, mugia Alloh nampi Iman Islamna, Nampi sagala kasaean sareng ibadahna, Oge Haris, Zidan, Syifa sing dipasihan kakiatan nandangan cocobi nu kalintang ageungna. Insha Alloh kasaean Teh Inong janten jalan kabagjaan lengkah palaputrana, ayeuna dugi ka jaga.

Ka baraya dulur sadayana, neda panghapunten kanggo Inong boh bilih salami anjeuna kumelendang di dunya ieu kantos ngaraheutan manah aranjeun. Hayu urang silih pupus kalepatan, kanyeri. Keun jalanna Inong ka alam kalanggengan sina lancar, beres roes taya pangbeubeurat.

*WSAB

Fifi:
Sobat …. Teu nyangka offline message hoyong tahu & endog asin teh geuning kahoyong terakhir ……… puguh we nyesek ayeuna mah da teu aya harepan tiasa nyumponan kahoyong anjeun ……
Tapi sigana eta nu dipikahoyong Gusti Allah …. Wilujeng ….. sok geura papag jalan nu caang tur endah ……. Insya Allah urang riung mungpulung deui ke dina waktosna

Lia:
Teh Inong, Bral geura miang, tong melang tong ringrang ka barudak seueur du'a, seueur kanyaah teteh nu nyesakeun tapak di alam dunya, keun janten bekel barudak.
Teteh nu geulis, bageur. Sanaos urang teu kantos tepang paadu raray tapi meni asa caket dina hate, ku alatan kasaean salira, kasabaran salira. Wilujeng angkat Teh...!

Wida:
Innalillahi wa Inna Ilaihi Rajiu'un, mugia Teh Inong ditampi Iman Islamna. Teh, hapunten wida masih keneh gaduh janji nu teu kacumponan. Teteh nu bageur, wida mah syukuran ka nu kawasa tiasa kantos kenal sareng tepang sareng Teteh... wilujeng angkat!

Tantri;
Ya Alloh, dina enjing ieu Anjeun mundut deui Pun adi, Inong dina tempat istirahat nu endah.

Teh Willa:
Ya Allaaah Inong ku teu nyangki bet ngantunkeun teteh,mung sakali papendak teh,paingan mani pageuh nangkeup basa urang bade pisah di KTS Semanggi teh
bari nyarios: Engke urang pendak deui nya Teeeh,engke Inong uih ti payun! Manawi teh uih ka Singapura Nooooong,wilujeng angkat Inong,mugia Allah maparinan jalan anu lega ka Inong sareng maparinan kasabaran,katabahan ka Haris sareng para putra nu aralit keneh duuuh Gustiiii mugia Haris sareng putra-putrina salabar, tabah.


Yanti:
Kuring ngarasa kagagas jeung reueus, Inong nu handap asor tapi luhur elmu teh ngagaduhan batur nu seueur pisan. Anjeuna masih aktip, giat, kreatip, kalebet nu teu daek cicing, someah & reuseup heureuy. Aya saleser kareueus rehna kuring kaasup salah sahiji baturna.
Insya Alloh hiji ahir nu endah, sanajan beurat kanggo Haris, Zidan& Syifa. Tabahkeun aranjeuna Ya Alloh...

Yuli:
Teh Inong.... hatur nuhun kana sagala rupi ilmu anu tos dibagi ka abdi....
mugia sagala amal ibadah teh Ioong ditampi ku Allah SWT, Aminn...

Rina:
Sanajan teu pernah paamprok jonghok sareng Teh Inong tapi ngaraos sobat dalit ku maca blogna, kalucuan zidan sareng syifa asa tos kenal caket pisan kulawarga anjeuna, nyeredet jeung asa malaweung nguping koma, da asa cikeneh maca blog ngibaran Ibuna sumping. Duh Teh Inong...abdi sakulawarga ngiring bela sungkawa, mugia Teteh kenging tempat nu lega disisiNA, oge ka kulawarga nu dikantunkeun sing dipasihan kasabaran...amin.

Ophi
Teh..akhir2 ieu jarang YM sama teteh, saya keur riweuh pisan di sakola. Asa sono...tapi teu sempet wae naros ka teteh, ngan ninggalin pesen di SB, sampe terakhir ningali teteh onlen, sapoe sateuacan teteh ka RS, meuni atoh, teteh masih jail, masih ceria...Naha atuh baca email enjingna aya kabar eta...meuni reuwas..meuni leuleus...poe ieu, saya gugah, alim muka komputer, alim mukaan internet, sieun teh sieun pisan aya kabar buruk tentang teteh...tapi pas akhirna dibuka, ternyata Allah sayang pisan sama teteh...Allah memang sayang ka nu balageur...Teteh teh meuni shalehah.... Abang Zidan dan Syifa oge seueur nu sayang teh...Insha Allah pas arageung tos ngertos...macaan blog teteh...mereka teurang kumaha bageurna Bundana, kumaha seueurna nu merasa kahibur kabantos ku bundana... Selamat Jalan teh...Innalillahi Wa Inna Illahi Rojiun...ya Allah, terimalah segala amalannya, ampunilah segala dosanya, lapangkanlah jalannya...
Roro
Sanaos teu kantos tepung paamprok jonghok, Inong, hate teh asa tos kenal mangtaun taun, ku bageurna, ku someahna...
Wilujeng Inong, urang sadaya tangtos bade nuturkeun...
Mugia zidan tur syifa dikiatkeun, kitu deui Haris
Mugia nu maha suci nempatkeun Inong disagedengeunaNa, amiiin

4 Waleran:

At 9:22 PM, Blogger Lili ngawaler ...

maaf yaa sunda saya miskin sekali, jadi postingnya pakai endonesah.

membaca semua komentar, terasa sekali eratnya persahabatan, kasih sayang dan kehilangan yg tiada tara dari teman2 teh Inong.

Alhamdulillah, saya sempat melawat sewaktu di Singapore ke Geylang Bahru, tempat teteh di mandikan dan di sholatkan.

Terlihat Zidan san Syifa serta Ayah Haris yang tabah, bahkan juga Ummi (ibunda teteh Inong)

Semoga seluruh amal ibadah teh Inong diterima di sisi Allah SWT, aamiin

 
At 10:57 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

bundaaaaa.....hiks........kamu memang orang yg luar biasa
hebat......makasih atas semua bantuan,ilmu,kenangan yg
indah dan kebaikan yg pernah bunda berikan buat
semua, mudah2an itu semua menjadi amal ditempat bunda
yg baru,semoga allah memberikan tempat yg istimewa
buat orang sebaik bunda......

bundaa....mixer merahmu menjadi kenangan, bukti atas
kebaikanmu ..hiks....

Salam,
Nana

 
At 7:04 PM, Blogger asrita ngawaler ...

Selamat jalan Nong, terima kasih atas semuanya...Innalillahi wa inna illahi Rojiun...ya Alloh, terimalah segala amalannya, ampunilah segala dosanya, lapangkanlah jalannya..kuatkan Haris, Zidan & Syifa serta keluarga yang di tinggalkan..

 
At 1:02 PM, Anonymous Skylight Contractors Carmel ngawaler ...

Love thhis

 

Post a Comment

<< Ka Payun