WSAB: Emang Copet & EMINEM ala Sunda
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, September 05, 2005

Emang Copet & EMINEM ala Sunda

Urang sunda teh sopan santunna, lemah lembutna ka koncara kamana-mana. Tah ieu pangalaman nyata abdi sareng kulawargi abdi di kota Bandung.

CARIOS:1
Maling sendal.

Harita teh pun lanceuk nuju calik di ruang tamu. Anjeuna teh gegeroan ka pun biang:
"Mah, itu saha nu nyadakan sendal..."
Ari ditingali teh bapa-bapa nunju nyandakan sendal-sendal anu aya di teras bumi. Teras pun biang kaluar. Pun biang nyarios:
"Mang, eta sendal kunaon di candakan? eta sendal sadayana oge gagaduhan...."
Eta si emang copet teh meuni reuwas, bari andeprok dina kekeset bari nangkeup karung isi sendal. Emang copet:
"Aduh neng, hapunteun... ulah kirang-kirang ngahapunteun *bari nyembah-nyembah* Ari manawi teh ieu bumi kosong, da unggal emang ngalangkung oge tara ningal aya jalmi di payun. Hapunteun neng.. hapunteun... Ayeuna ku emang bade di uihkeun deui ieu sandal *bari ngaluarkeun sendal tina karung*. Sakali deui neng, ulah kirang-kirang nga hapunteun. Ayeuna emang bade uih"

Pun biang: "heueuh lah di hapunteun. Mang kadenya ulah kitu-kitu deui. Untung emang aya di bumi abdi, upami nu sanes mah emang tiasa dilaporkeun ka polisi"
Emang copet:"muhun neng..." Teras teh si emang copet angkat. Tapi sababaraha lengkah ti bumi mang copet balik deui.
Emang copet: "hapunteun neng, hapunteun sakali deui..."

Eh..cageur mang...lain lumpat kitu,malah balik deui......pikaserieun wae...hehehe..!!.
Tah ieu carios nyata....di Bandung mah maling oge meuni sararopan.

-------------------------------

CARIOS 2:
Yo..yo..yo....abdi eminem ti kebon kopi.

Harita teh abdi, pun lanceuk, bun bibi nuju jalan-jalan bade milarian warnet. Nuju kabingungan milari warnet, kaleresan aya grup pamuda anu dangdosanana teu benten sareng penyayi Eminem aka si cool dude tea. Ieu pemuda teh dangdosan nana, jalanna sareng ngomong na teh meuni pangkeh pisan/siga preman. Pun bibi naros ka salah hiji pemuda eta
Pun bibi: "punten a,dupi warnet di palih mana?.."
Dina emutan abdi teh,ieu pemuda pasti galak/berengsek. Eh salah euy sayah...eta si cool dude teh meuni kacida sopana. Nunjuk ka warnet bari dodongkoan (nuduhkeunana oge meuni sopan, ngaggo jempol panangan).

Gelo euy millenium kieu, masih aya eminem anu sopan siga kitu. Tah eta gayana ucing gering di Bandung....pararangkeh tapi sararopan..!!.

Wassalam, Deasy x.

9 Waleran:

At 8:16 AM, Blogger Wanita Sunda Antar Benua ngawaler ...

huahahahahaha.... geus ngagaya ge sopan mah masih keneh nya?...

Abi ge kajadian tah.....jd pan aya geuning tkg kebon nu keliling mawa tanaman leutik2 tea...udah deal jeung kita hijina 250 an sok lah 25 rebuen,

Atos beres, apekteh manehna ngeles ceunah kata kami sesukanya aja ditanam, nanti dihitung, jadina teh 200 rebueun!...(lieur sugan maenya kita beli tanpa tau rek sabarahaeun) geus urat2 kitu ahirnya ditawar weh jd 50 rebu alimeun bari nyepeng2 golok tea, jadina 100 rebu (MB mah geus bendu weh ka dalam imah)

Abi mah da males tea ribut eta gogorowokan di depan imah...hiksss ..atosna teh kieu

*bu punten ya abi teh salah ngertos ka bapak, punten nya bu hampura pisan abi mah bu*

atuh saya teh terharu

apekteh cerita2 ka batur..eta mah geus biasa Modus Operandinya...gubraghhh

ieu abi Ophi tea

 
At 8:52 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Hahahaha ... Teh Deas, eta maling na meuni ka sopan pisan, untung bae nya anu gaduh bumi meuni bageur pisan ... :)

Eta deuih, meuni ka sopan kitu nya preman teh hihihi ....

 
At 10:05 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

haha...aya ku hade. Kadang kala memang sok teu disangka2 nya kajadian teh, urang geus siap2 dihoak, ieu kalah rengkuh kitu:)

Abi mah pernah teh ningali anu siga si cool dude kitu bari rambutna teh dicet bulao di daerah Pasar Baru, nuju areueut susu bendera dina kotak teh haha.

 
At 2:08 PM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Hehehe etanya nu dimaksad "dont judge the book by the cover" teh.

 
At 5:50 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hahaha.. eminem ucing gering bodorrr....

eta Lia hihii.. bener lucu... lain mabok kalah nyedot susu kotak deuih heeh...

eh ai patepung jeung nu mabok sopan abdi ge sering.
Eta si ucing gering teh matana geus beureum, leumpang sasampoyongan, ngan ngomongna angger sopan jeung rengkuh jiga eminem kebon kopi tea, hahaha... sieun campur hayang seuri. Eta mah meureun enyaan mabok nya.. hihii...

 
At 9:01 PM, Blogger munir's family ngawaler ...

Ha...ha...masih tiasa seuri iyeu.. di jakarta mah atos terkenal, ari preman mah teu aya nu urang sunda.."preman kok sunda" ....teu pantes, saking alusna... he........

 
At 9:12 PM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

leureus pisan, urang sunda mah sok someah dimana oge..panuju kana postingan ieu!

misalna mun abdi meser gorengan oge, sok menta ditambih, mun nyarios sunda.."mang ieu sapuluh nya pisang jeung comro, bonusna tilu nya, da bageur" teras saur si emang teh.."mangga neng" bari manehanana ngagoreng tea..meureun mikir oge *mun aya sapuluh nu kieu, gulung tikar ieu gorengan teh* hehe..

 
At 4:54 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

hiji deui Deas.... bahenol nerkom Hahahahaha,,,,,
(ujug ujug emut kana bahenol nerkom yeuh abdi)

 
At 7:00 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Alhamdulillah.....janten ikon urang sunda teh sae muhun, tuh cobi tinggali preman oge sakitu santunna, sabaraha botol etah seepna dugikeun ka kitu hehehe....

 

Post a Comment

<< Ka Payun