WSAB: <strike>Kukumpul</strike> Ngarumpul di Jalan Layang
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, September 13, 2005

Kukumpul Ngarumpul di Jalan Layang

Kawitna, Bandung kasohor disebatna sister city, teras dirobih janten flower city, teras janten factory outlet city, teras reklame city (saking pinuhna ku reklame), nu terakhir teh janten macet city, crowded city istilahna mah. Utamina pas wiken. Meni pabelit. Tiwas-tiwas seeur anu sajalur ayeuna teh jalana.. Panunjuk jalan oge ngan saukur nerangkeun nu teu puguh henteu inpormatip misalna nerangkeung Rumah Mode (factory outlet) aya dimana. Sanes nerangkeun jalan-jalanna. Anu penting deui slogan na tos robih, nu kapungkur

Bersih Hijau Berbunga - Berhiber
,

ayeuna janten

Bersih, Makmur dan Bermartabat – Bermakber :)


duka tah disebat Bermartabat, terinspirasi ka na martabat (martabak) san fransisco panginten :p

Tah, kanggo ngantisipasi eta kamacetan, tos aya 2 (dua) jalan layang, nyaeta, Kahiji, jalan layang Kiaracondong (Kircon). Kadua, jalan layang paspati atanapi pasteur-surapati. Duanana disambut ‘gegap-gempita’ ku warga, kumargi di Bandung mah teu aya pisan jalan-jalan di luhur. Teu kawas di Jakarta. Janten asa aneh. Di kircon, jalan layangna ngalangkungan jalan kareta api anu super-duper-macet tea. Teras mun bubaran buruh pabrik, sok seeur angkot anu ngetem. Warna na angkotna rupi-rupi, ti warna hejo (cicaheum-kalapa), warna bodas (riungbandung-dago), warna coklat (cicaheum-ciwastra), warna biru (ledeng-margahayu), pokokna sagala aya lah. Janten katingalina ti na luhur jembatan layang teh jiga ”pelangi-pelangi, alangkah indahmu, merah-kuning-hijau” :) Ngan, tingkat kadisiplinan urang-urang teh saleresna jauh keneh. Jalan layang di kircon sok dianggo pamutaran mobil-mobil nu bade ka bumina sapertos anu gaduh bumi di kawasan jalan kampus sekitarna. Alhasil, jalan layang teh anggeur wae macet.

Di paspati oge sabelas-duabelas tingkat kadisiplinana. Paspati teh ti ngawitan jalan surapati (dipayunan bank mandiri) lurus ka arah cikapayang, teras balubur, pelesiran, cihampelas, ngalewatan RSHS, nepika ka arah pasteur. Tah didieu mah nu dimasalahkeun sanes mobil anu resep muter, tapina seeur anu narongkrong! Mun tos sore ka wengi sok ngajejer motor-motor di luhureun pelesiran-balubur. Aya anu pasang-pasangan. Atanapi nu nyandak kaluwarga. Tujuanna ningali city light panginten. Padahal pan aturana mah teu kenging ’nongkrong’ di jalan layang teh. Soalna, kendaraan sok ngarebut. Tapi da bade kumaha deui, resep meureun ningalian bandung di na luhur jalan, bari angin sepoy-sepoy tea. Abdi sareng pun lanceuk sok berandai-andai, aya pasangan anu ngalamar di na luhureun jalan layang, romantis meureun nya! Abdi mah sok palaur, mun teu aya larangan nongkrong, eta jalan layang janten tempat kukumpul anu jualan. Panginten bari ngaleeut bandrek atanapi bajigur, sareng ngopi kulub kacang atanapi murak timbel. Benten pisan sareng di Jakarta. Mun katingali aya nu nongkrong di jembatan semanggi panginten langsung dipiriwitan ku polisi :)

Mugi-mugi kapayun, Bandung nambihan jalan layang kanggo jalan-jalan anu macet. Tapi nya kitu tea, disiplin keudah ditambih!


*Nurul*

8 Waleran:

At 10:23 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Hahhaa nuju di lamar teh pas mau bilang I do..langsung piriwittt...polisi..hehehe

intina mah penegak hukum kedah tegas..nya..ceuk saya mah upami suatu negara aparat penegak hukumna sae, jadi ka lapisan masyarakat oge patuh..jadi nu pertama adalah tingkatkan gaji polisi jadi kerjana oge konsen

 
At 5:28 AM, Blogger mwellang ngawaler ...

setuju teh ophi. karunya teuing eta pa pulisi. damelanana teh seu-eur sareng bareurat tapi gajina meni pikarunyaun.

ah abdi mah sakumaha kumaha na bandung, saurna ayeuna mah panas pisan, macet, seueur pisan jakartan nu ameng ka bandung ngamacetan.. blah blah blah.. tetep there's no place like home..
hidup bandung ah!!

 
At 1:46 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Antik sumuhun di Bandung mah jembatan layang janten alternatip *ngangge p* tujuan wisata hehehe..
aya-aya wae

 
At 7:23 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

aihhh...meni kabayang eta balakecrakan di jalan layang. Boa lami2 gasibu manjangan dugi kadinya tah...mugia teu dugi ka kitu.

 
At 10:16 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

haha liaaa.. kabayang mun gasibu manjangan teh, aya nu icalan susu murni sareng rotibakar tea diluhur jalan layang.. :P

Irma mah pangreuwasna teh kamari ieu, basa bade 17 agustusan!
Eta sepanjang jalan layang tehh meuni ngaderet kitu umbul-umbul si merk rokok nu merah putih tea geuningan.. euuhh eta mah nya, meuni jiga bade pemilu wae atuh. hihi..

Ah kumaha wee panginten 'nya carana si pemda kangge milarian tambihan penghasilan.. hehe.. Kirang keneh sigana mah pami mung ngandelkeun tina biaya izin muka factory outlet teh.. :P :P

 
At 8:16 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

duh ieu pikawatireun abi teh, dugika teu kiat nulis komen, hahahah...

eta angernya Bandung mah kitu... nya ngamaklum kurang lahan kanggo senang2. Giliran aya lahan lega sakedik, komo pikaresepeun kanggo mejeng, nya teras weee dipinuhan :)

kedah kumaha atuh nya... beurat teuing tangtangan teh...
pamarentah butuh duit
rakyat butuh kasenangan
kota butuh karapihan

ngan eta duit beubeunanagan teh dikamana keun pa wali? sugan weee pa wali nganjang ka wsab yeuh... hihihi...

*punten ka sadaya, pikasebeleun abi teu tiasa nulis SB Myshoutbox, si cookies kedah dioprek heula :(

 
At 11:59 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

neng Liena.... janten tanya jawab didieu :)

mangga bade ngiringan mah. Kanggo blog: kintunkeun propil sapertos dina "propil warga" sapanjangna. Teras poto teras link blog. Kanggo langkung jelas, mangga aos dina "bewara keur warga" bagean ulu-biung wsab... aya milist oge, teu eleh ramena :)

hayuuuuuu...

 
At 5:42 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Dasar orang Bandung teh (abdi oge)si kabayan, piraku we aya jalan layang diangge nangkring? Haaar ...
Saleresna mah urang ge teu tiasa nyalahkeun rakyat nya? Tapi sistim sareng aturan di urang teh teu aya nu puguh. Sareng ra'yat teh masih awam panginten kana pungsi jalan layang teh kulantaran teu aya aturan anu pageh (strict)lajeng teu aya kasadaran sareng informasi anu cekap ti pamarentah. Tah pamrentah teh nanahaon wae atuh padamelan teh nya?
Eh, Neng Roro abdi ge sami gaduh emutan ka pa wali, naha dikamanakeun atuh?
Punten ah ... abdi langkung pikasebeleun

 

Post a Comment

<< Ka Payun