WSAB: Stop Press
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, September 06, 2005

Stop Press

WSAB diripyu (baca:review) ku Detikinet....
(inpo ti Yanti via SB, teras abdi naros linkna ka bapak blog tea aka pun lanceukna Nita nuhun nyaaa)

Euleuhhhhh euleuhhh bangga.com swit swit....

Ibu2 sareng para mojang....tambih semangat nya posting....(pesan sponsor admin :D)

Khusus ka redaksi Detik-inet, atas nami WSAB, nuhunkeun pisan atos dimuat, mugi2 eta niat sadayana kanggo riung mungpulung tiasa teras maju sareng tambih seueur anggotana


=======================
REFERENCE - BLOG
Selasa, 06/09/2005 16:45 WIB
wsab.blogspot.com
Riung Mungpulung Lintas Benua




Jakarta, Di era globalisasi dan teknologi informasi, identitas kebangsaan dan kesukuan konon akan semakin menonjol. Salah satunya ditunjukkan oleh sekumpulan wanita sunda yang ngeblog bareng. Kumaha nya?

Blog itu bernama Wanita Sunda Antar Benua dan beralamat di wsab.blogspot.com. Blog itu disebut sebagai Tempat riung mungpulung, nyangreudkeun tali duduluran, jeung ngabewarakeun kamaslahatan. Artinya: Tempat kumpul-kumpul, mengaitkan tali persaudaraan, dan mengabarkan kamaslahatan.

Ada 25 wanita penulis blog berbahasa sunda ini. Beberapa di antara mereka adalah Ninit, penulis novel 'Kok Putusin Gue?' yang saat ini tinggal di Afrika Selatan. Selain itu ada juga Nita Yuanita, tak lain adalah istri 'Bapak Blogger Indonesia' Enda Nasution.

Meski menyebut diri sebagai blog wanita sunda, blog ini tidak melulu berisi wanita keturunan Sunda, Jawa Barat. Ada beberapa anggota blog rame-rame ini yang bukan Orang Sunda. Misalnya Patsy alias Patricia Astrid, eks-mahasiswa sebuah universitas di Bandung yang kini ada di Belanda itu adalah keturunan Batak asli.

Blog dengan tampilan warna koneng (Sunda:kuning cerah-red) ini memang melulu menampilkan tulisan dalam Bahasa Sunda. Bagi yang tidak mengerti, atau tidak terbiasa, berbahasa Sunda dijamin lieur alias pusing.

Nama Blog: Wanita Sunda Antar Benua....
Alamat Blog: http://wsab.blogspot.com/
Blurb: Mangga Wilujeng Sumping!!!!
Hosting: Blogspot.com (Blogger)(wsh)

Upami bade ningali ieu linknya
WSAB di Detik

18 Waleran:

At 9:59 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hahah ophi, abi teh nembe nyimpen dina warta peupeus, ai kitu singhoreng ophi langkung lihey, heheh...

euleuh eta postingan PIL jeung Lia sakulawadet hihii... gayaaa...

hebad lah, wilujeng kasadaya eta wsab :) hayu lajengkeun.....

*oph, apal ti mana eta si detik inet teh

 
At 10:04 PM, Blogger Wanita Sunda Antar Benua ngawaler ...

hahahhaha rorooo....abi teh saking bingahna...hihi oh enya abi nembe ningali eta di warta peupeus..hihihi...engke mah dipasang teras weh siga sideblog tea di blogna kamar cewek anu ninit..eh naha jd ngobrol didieu...

pokona ibu2 semangattt postinggg...nyaa

Ophi

 
At 11:51 PM, Blogger munir's family ngawaler ...

hidup wsab!!!!!!!!!!! .... muat euy masuk detik.net...he...Kulawarga Lia meni hebat..tiasa mejeng...he....

 
At 11:52 PM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

wah kapilem oge ieu blog teh ku detik..wilujeng atuh lah..ngiring bingah.com

mangga urang sadaya ngarayakeun didieu..eta timbelna mana atuh, lalap sareng papaisanna geura di purak..tong hilap sambel sareng cuci mulutna cau rebus hihi..

 
At 12:56 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Ah ngiring bingah nya... mugia blog ieu teh sing seueur manfaatna kanggo sarerea. amiin aminn
Sok para wanita sunda... sing rarajin postingnya... ulah telat deadline na...bisi juragan blog murka hehehehehe

Hayu ah urang makan makan......marasak naon yeuuhh?? Lia...numpeng nyaa...pan lia kapelem teh hehehehe ulah hilap dipoto tumpengna....

Nita... ah teu sawios wios Nita... naha bet Nita nu kapelem?? nya eta mah nasib Nita janten Istrina kang Enda bapak Blogger Indonesa hehehehe Selebritis kitu Nit hihihihihi
Teu kedah Isin Nit...sing rajin posting we....(phi... saya turut mengumandangkan pesan sponsormu hehehehe)

Eta ibu hamil masih komment oge?? masih betah si beibih teh dina patuangan bunda pangintennya Yanis??

 
At 2:08 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Hihi nuhun teh Inta didukung eta meh rarajin posting... Abi aya keneh yeuh oncom tiasa di ulukuteuk seng tumpeng huhuy..

Abi mah paling resep eta disebut Patsy anu batak asli..hihihi..jadi pan WSAB teh menusantara nya asal bisa bsa sunda hayuh jreng kitu

oeh enya ieu berikutna siap2 nya ibu2 dan dara2 penulis..euh gaya euy penulis

9 sept Yanti
13 sept Nurul
17 sept Ika
21 sept Cia (ieu nuju pindahan kantor tah duka tiasa teu nya?)

 
At 2:10 AM, Blogger Patricia Astrid ngawaler ...

Waduuh meuni numpang beken euy, cihuy caruhuy. Mun kuduna mah si "pemrakarsa" teh Ophi, teh Roro dekaka atuh diwawancara ka detik-net nyaa .... :)

 
At 2:14 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

eh saya teh can kenal da sareng urang batak aseli nu tiasa basa sunda teh... Neng Patsy...nepangkeun nya...
jagoan euy basa sunda na... eta letah teu balelol basa diajar basa sunda? hehehehe

 
At 4:17 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

keren..keren

 
At 4:48 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Ngaraos bangga sareng bingah pisan maosna, sakali WSAB...., tetep WSAB....,hiduuup WSAB....!!!
Wilujeng kanu tos ngaluluguan sareng ngabidanan lahirna blog WSAB. Sakali deui wilujeeeeng...kangge sadaya juragan blog...Teh Ophi, Teh Roro, Teh Lia oge sadaya warga WSAB.

 
At 5:33 AM, Blogger Lia ngawaler ...

aiihhh...alhamdulillah ning WSAB teh sanes ukur hawar tapi geus jadi beja hehe...

Tadi subuh2 bapana hariweuesweus..."ibu WSAB kana detik, jaba foto urang nu katingalina" cenah Hahaha. Hade lah!!!

Nuhun kasadayana...ke numpeng lah dina Raraga.

 
At 6:41 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Hebat euy .... ngiringan bangga :thumb:
nuhun Ophi, teh Roro & Lia khusus na .... :)

 
At 7:01 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

euh... ieu rekor acan 24 jam komen meni tos seueur kieu, cingggg atuh kanu komen sanes ge kieu nya ibu ibuuuuu....

nurul, eta susuguh teh meni lengkap, matak ngacay kieu atuh... sok geura mulai...

hihihi.. eta abi mah kabayang Ayah Bara kariweusweus kapelm hihi...

bangga... bangga... eh kade ulah luhur teuing hiberna ahhh...

perkawis si para founder teu kapelm mah biasaaaa di belakang layar lah, teu nanaonnnn...

 
At 8:12 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hahaha irma mah hayang seuri eta ngabayangkeun nu bararingah. Heuheuuyy deuuhh.. kuatka jadi ngakhayal bade mararasak kitu atuh!? hihi :P

Aya nu bade nimbel, aya nu bade ngadamel ulukutek leunca, aya nu ngadamel tumpeng.. hihi abdi mah kabagian nyeepkeun bae lahh 'nya!?

Tapi nu panghebatna mah angger wee eta si ibu admin.. hihi meuni ku keukeuh kitu ngemutan nu posting dina komen didieu. hehuhe..

Wilujeng 'nya! Kantun diemutan we yeuh ku urang-urang sadayana.. what next gitu lohhh!? hehe.. leres teu T'Ophi, T'Roro, T'Inta & Lia?! :D

 
At 8:28 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

aduh..jadi ngiring bingah...jadi tenar euy..bisi we jadi aya jajaka sunda ganteng anu mampir ka wsab...
hihihi. Aduh abi teh sok isin umpami bade nyerat kommen teh, kusabab basa sundana amburadul dul dul...
sesah sih...baheula diajarna babarengan jeung neng OPhi, jadi we tambah buyatak :P
Tapi si mba emang TOP begete lah jreng... bisi we si mba nanti diwawancara ku TPRI Jawa Barat Banten..huhuy
tong hilap ka abdi nya??!! :>

 
At 10:17 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

UHUIIIIIII; swit swit euy....... TOP lah!!!

 
At 10:24 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

aduuuh.. ngiring bingah... kapilem oge :D

 
At 9:38 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Tadi wengi abdi ceting sareng wapemred detik nu kaleresan rerencangan.

Abdi : Pak...sudah lihat foto kami masuk detik pan? jadi isin sayah teh (api2 na :P)

Beliau: Oh yang blog wsab itu yah? iya tuh bagus blognya. Tapi kalau soal foto Lia yang terpampang saya tidak intervensi ya...itu kebetulan ajah

Abdi teh ngahaja we tatanya sakalian ngantos pujian ko WSAB :P, da ari soal fotona mah da teu jelas ieuh.

 

Post a Comment

<< Ka Payun