WSAB: Lagu panineung
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, September 20, 2006

Lagu panineung

Teu Honcewang Sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjoang keur lemah cai

Lali rabi tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima

Ihlas rido keur korban merdeka


Tembang eta teh keur kuring mah sok matak muringkak bulu punduk, lain ku sieun tapi ku kahudangna rasa jeung rumasa. Rasa reueus jeung nyaah ka nagara, rasa rumasa jadi urang Indonesa. Komo deui ayeuna di lembur batur, meni waraas.

Sok baraya, sok waas upami ngadangu lagu sunda naon? Mangga babagi di komen nya, tiasa diserat sakedik lirik laguna...


8 Waleran:

At 12:54 PM, Blogger Wanita Sunda Antar Benua ngawaler ...

Abdi mah lagu ieu tah :

Abdi teh ayeuna gaduh hiji boneka
teu kintun saena sareng lucuna
ku abdi dierokan
erokna sae pisan
cing mangga tingali boneka abdi

waas nuju alit abdi lucu siga boneka :cabok!:

hihiiihihi...nu pangwaas sigana lagu pileuleuyan..hikssss

 
At 7:15 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Wah muhun, si kuring ge sok (ngawa)waas (karep) ari nguping lagu ieu teh. Ieu pisan lagu nu nganteurkeun sakola kuring jadi juara pasanggiri rampak sekar sakabupaten. Hehe. Nembangkeunana teh aya sora kahiji sora kadua sagala, pasusul-susul: teu honcewang (teu ringrang), sumoreang (haringrang), tekadna pahlawan bangsa (pahlawan), cadu mundur (takabur), pantrang mulang (honcewang), mun maksud tacan laksana, jst.

Aya terasna tateh:

sinatria danalaga
bela bangsa jeung nagara
dibarengan tekad suci
berjoang keur lemah cai
teu ngingetkeun ka dirina
asal nagri bangsa waluya
kadar jembar raharja mukti wibawa
gembleng tujuan pahlawan bangsa


Nuhun ah. :)

 
At 8:03 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

abdi mah Kalangkang sareng Anjeun, anu Nining Meida tea..
basa nuju kuliah di 'ditu' mah, sok waas hoyong ceurik ngadanguna :D

 
At 11:07 PM, Blogger Syanti Dewi ngawaler ...

anaking... jimat awaking
basa ema mulung tangjung rebun-rebun
ku heuteu sangka aya nu datang..
tigunung rek ngabejakeun bapa hidep......

abdimah meni waas ku tembang eta teh sok janten sedih.. komo nguping suanten kacapina... aduh.. mini resep, janten sono..

 
At 12:51 AM, Blogger Nia Boy Hadi ngawaler ...

ari abi mah lagu ieu
"Neng.. neleng neng kung.. geura gede geura jangkung... geura sakola ka bandung, geura... ngabagjakeun indung....dst" basa Al masih orok mah sering nyanyi lagu eta, teu kunanaon ah budakna lalaki oge, da bisana lagu eta wae..... ~nyengir~

 
At 6:45 AM, Blogger Yanti Wyant ngawaler ...

waduh wararaas....eta lagu lagu kapungkur...

Sok atuh teh Willa nyanyi Bubuy Bulan....bubuy bulan sangray bentang....

 
At 8:42 PM, Blogger Ica Dimyati ngawaler ...

teh lagu anu ieu gening lagu
jampe jampe harupat geura gede geura lumpat hehe meni enakeun nya teh 'D

 
At 6:00 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Ieu geuning, pami resep lagu sunda mah, tiasa nga-download lagu-lagu Detty Kurnia, Nining Meida, Hetty Koes Endang sareng Doel Sumbang di die:

-http://rapidshare.com/users/PLPR3Z

Mangga cobian :)

 

Post a Comment

<< Ka Payun