WSAB: Abdi oge, atuuuh....
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, November 17, 2006

Abdi oge, atuuuh....

Abdi oge... abdi oge atuuuh...
Naon ieu teh? hihihi.. abdi oge bingah tos kopdar munggaran sareng dulur WSAB. Nepangkeun abdi Roro di OFallon, MO-USA parantos kapendak sareng Teh Willa ti Saleem, MA-USA, hehehe...

Kantenan bingahna mah da nu namina O Fallon-Saleem teh langkung ti 20 jam perjalanan darat nganggo mobil. Eta oge pami mobilna teu eureun2, ngerem ge ulah, heheh... Teras, sigana mung abdi nyalira di dieu warga WSAB teh. Aya teh Nia di Batavia-OH, tebihna 6 jam langkung, nya teh? Teras Angki di Madison-WI, tebihna 8 jam langkung. Janten, kapendak sareng wargi WSAB teh kantenan langkina.

Dongengna mah teh Willa katut carogena: Dan, sareng mamahna angkat ka Colorado nangge pesawat. Mulihna nyandak mobil. Rute perjalanan mobil teh kaleresan pisan ngalangkungan rorompok. Kantun nyimpang sababaraha menit ti jalan tol. Sip lah pokona mah.

Nu diantos2 teh sumping tabuh 10 wengi dinten kemis. Teras ngobrol kaditu kadieu, tuang saaya2: acar lauk, goreng daging, sayur asem, sareng sangu haneut. Eta disayagikeun risoles sagambreng oge. Ngan henteu tiasa katuang saharita da parantos wengi.
Abdi sareng teh Willa direncangan ku mamah ngobrol dugika tabuh 2 wengi. Ladies night cenah. Eh ketah pun lanceuk ge ngiringan, hihihi...
jepret dipoto :D

gareulis teu..... hayooo ngaku :D

Anu kenca masihan tips awet ngora: seueur nuang sayur. Tah nyaaaaa....

Abdi kenging oleh2 ti Teh Willa saurang hiji. Ngan kumargi anu kangge si mas alit teuing, janten abdi kenging dua. Teras anu kangge pun anak ge ageung teuing. Tiasa dianggo ku abdi kitu? hihihi.... *sarakah :D. Gambarna Royal Gorge alias lembah Gorge di Colorado. Cenah aya sasak gantung pangageungna sadunya didinya, heheh.. *ngarang
Teu hilap si maskot kopdar WSAB ngajejegan: sakadang Gurilem :D

gareulis teu..... hayooo ngaku :D


Mung sakitu dongengna. Da teh Willa saparakanca tabuh 9 Jumat enjing tos kedah neraskeun perjalanan ka DC heula saurna teh. Euleuh euleuh si teteh kiatan. Colorado-OFallon=17 jam. OFallon-DC=24 jam. DC-Saleem=10 jam-an. Saurna teh bade mampir di Teh Nia pami teh Nia aya. Teras bade kapendak sareng Ira di Mariland. Mangga lajengkeun sapari kopdarna teh :D Kahade di jalan nya teeeh...

*kanu bade ngalangkung ngangge I-70, mangga ulah isin2 geura sindang ka abdi

Salam
-Roro anu teu kiat hoyong ngadongeng, padahal blogna nuju off :D

Labels:

10 Waleran:

At 1:24 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Gurileeeeemmmmm!!!

 
At 10:41 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Hwaaaaaaaaaaaaa asikkkkkkkkkkkk kopdar pertama nya rooooo

wilujeng ah wilujengggg

saming seng Lia
gurilemmmmmmmmmmmmmm

 
At 7:04 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Aduuhh.. tetep weh garelis... padahal ma tos bade subuh kitu..? teh willa.. mani kiat nya.. wilujeng angkat2 an nya teh... hati2.

 
At 11:03 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Aduhhhh ...sirik da...
Hapunteun ah teu tiasa ngiring kempel ....mudah2an engke kapayun aya deui nya.

 
At 5:00 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

euleuh..pantesan telpon Teh Willa teu aya wae.....
Gurilem ...kabita..yg gurih dan pelem :)

 
At 4:31 PM, Blogger Fie ngawaler ...

Wadoooow gaya euy si teteh sareng Roro eta tengah wengi sempet keneh senyuuuum .... siip lah ... wilujeng2 .... salam kanggo gurilem !!!!

 
At 5:50 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Dasar WSAB mah hebring, biar tengah malem atau siang hari, kalo pas dipoto teteeeppp poseee dengan senyum yang manis ....
gurilemmmmm ... gurillemmmm ... maskot kopdar WSAB eta mah nya hehehehe ....

 
At 7:19 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

HUAAAa.....eta teh willa,meni resep ih jalan2,teh roro....taun payun jadi kan pulkam:))awas nya kudu kopdar di jakarta hehehe...maksa.com

Hehehe....eta gurilem....jalan2na meni jauh euy:))

 
At 4:34 AM, Blogger Tantri Nugraha ngawaler ...

Hidup Teh Willa.......ku reueus ka teteh masih nyempetkeun nganjagn ka Rayi2, teh ku abdi di antos pami ka Ina....amien

 
At 10:28 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

gurilem teh naon?

 

Post a Comment

<< Ka Payun